Pindah kana eusi

PANANYA BUDAK NGORA

Na Nyumpahan Batur téh Mémang Goréng?

Na Nyumpahan Batur téh Mémang Goréng?

”Saking seringna ngadéngé batur ngomong kasar, abdi nepi ka ngarasa éta téh teu salah.”​—Christopher, 17.

”Pas keur rumaja, abdi sering pisan ngomong kasar. Mun geus kabiasaan, bakal hésé rék eureun ngomong kasar téh.”​—Rebecca, 19.

 Kuis

  •   Kumaha parasaan anjeun mun ngadéngé batur ngomong kasar?

    •  Ceuk abdi mah éta téh wajar, abdi teu kaganggu.

    •  Kadang abdi sok kaganggu, tapi teu nanaon lah.

    •  Abdi kaganggu pisan, asa teu ngeunah kadéngéna.

  •   Sakumaha sering anjeun ngomong kasar?

    •  Teu pernah

    •  Kadang-kadang

    •  Sering

  •   Ceuk anjeun, ngomong kasar téh salah teu?

    •  Henteu

    •  Enya

 Ku naon urang kudu ngajaga omongan?

 Ceuk anjeun, nyumpahan batur atawa ngomong kasar téh salah teu? Meureun anjeun mikir, ’Teu ah, da masih aya nu leuwih parah tibatan ngomong kasar. Kabéh jalma gé ngomong kasar!’ Tapi, éta téh bener kitu?

 Percaya teu percaya, aya loba jalma nu embung ngomong kasar. Aya alesan nu kuat ku naon maranéhna teu ngomong kasar. Misalna:

  •  Ucapan urang téh nyingkabkeun urang jalma nu jiga kumaha. Lamun anjeun ngomong kasar, éta nunjukkeun anjeun teu paduli kana parasaan batur. Naha enya anjeun téh mémang jalma nu jiga kitu?

     Ceuk Alkitab, ”Nu kaluar tina baham asalna tina haté.”​—Matius 15:18.

    Omongan nu kasar téh ibarat polusi, bisa ngarugikeun batur jeung diri sorangan. Jadi, ulah ngomong kasar

  •  Mun omongan urang kasar, batur bisa boga pandangan nu goréng ka urang. Buku Cuss Control nyebutkeun, ”Omongan urang bisa nangtukeun urang bakal boga babaturan jiga kumaha, bakal dihargaan ku kulawarga jeung babaturan atawa henteu, bakal boga pagawéan jeung jabatan nu luhur atawa henteu, sarta nangtukeun kumaha pandangan batur nu can kenal ka urang . . . Pék pikirkeun, hubungan anjeun jeung batur bakal leuwih hadé teu mun anjeun teu ngomong kasar?”

     Ceuk Alkitab, ”Hinaan . . . kudu disingkirkeun.”​—Éfésus 4:31.

  •  Ngomong kasar téh teu nyieun anjeun katingali gaya. Dina buku How Rude! Dr. Alex Packer nyebutkeun, ”Jalma nu teterusan ngomong kasar téh nyieun batur keuheul. Nu omonganana kasar mah teu resep heureuy, teu bijaksana, jeung teu rasrasan. Mun urang terus ngomong kasar, urang moal katingali pinter.”

     Ceuk Alkitab, ”Omongan nu goréng ulah kaluar tina biwir aranjeun.”​—Éfésus 4:​29.

 Nu bisa anjeun lakukeun

  •  Tetepkeun tujuan. Salila sabulan, pék cobaan teu ngomong kasar. Unggal poéna, anjeun bisa nandaan dina kalénder atawa kertas, anjeun ngomong kasar atawa henteu. Tapi supaya bisa bener-bener eureun ngomong kasar, anjeun kudu ngalakukeun hal séjénna. Misalna:

  •  Jauhan hiburan nu goréng. Ceuk Alkitab, ”Pergaulan nu goréng ngaruksak ahlak nu hadé.” (1 Korintus 15:33, catetan handap) ”Pergaulan” téh teu ngan jeung jalma-jalma hungkul, tapi ogé jeung hiburan, misalna film, video game, jeung lagu. Kenneth nu umurna 17 taun ngomong kieu, ”Mun laguna ngeunaheun, abdi sok milu nyanyi. Abdi teu paduli sanajan eusi lirikna kasar.”

  •  Kudu déwasa. Sababaraha jalma ngomong kasar lantaran hayang dianggap déwasa. Tapi, sabenerna jalma déwasa mah teu kitu. Alkitab nyebutkeun, jalma nu déwasa téh ”ngagunakeun pikiranana, jadi manéhna kalatih pikeun ngabédakeun nu bener jeung nu salah”. (Ibrani 5:​14) Maranéhna moal ngomong kasar pédah hayang dihargaan ku batur.

 Omongan nu kasar téh sarua jiga polusi. Polusi bisa ngotoran udara, ari omongan nu kasar bisa ngaruksak pikiran. Di dunya ieu, geus loba pisan jalma nu pikiranana ruksak. Jadi ceuk buku Cuss Control, ”Ulah ditambahan deui. Justru, urang kudu sabisa-bisa ngajaga omongan tetep sopan. Ku kituna, urang bakal bagja. Terus, batur gé bakal leuwih resep ngobrol jeung urang.”