Pindah kana eusi

PANANYA BUDAK NGORA

Naon Mangpaatna Maca Alkitab?​—Bagian 1: Aya Naon Waé dina Alkitab téh?

Naon Mangpaatna Maca Alkitab?​—Bagian 1: Aya Naon Waé dina Alkitab téh?

 ”Abdi geus nyoba maca Alkitab, tapi ningali sakitu kandelna gé geus horéam!”​—Briana, 15.

 Anjeun gé ngarasa kitu? Artikel ieu bisa ngabantu anjeun.

 Keur naon maca Alkitab?

 Anjeun asa horéam maca Alkitab? Nya, éta téh wajar. Bisa jadi, anjeun leuwih resep nongton TV jeung film tibatan maca Alkitab. Mémang Alkitab téh eusina ngan tulisan hungkul, jaba deui kandelna gé rébuan kaca.

 Tapi, cik bayangkeun: Mun anjeun manggihan peti harta, anjeun pasti panasaran pan kana eusina?

 Alkitab téh jiga peti harta. Eusina aya loba pisan hikmat jeung naséhat nu bisa ngabantu anjeun pikeun

  •   Nyieun putusan nu hadé

  •   Akrab jeung kolot

  •   Boga sobat sajati

  •   Nyanghareupan strés

 Pan Alkitab téh geus heubeul, maenya masih kapaké kénéh nepi ka ayeuna? Tangtu, ku sabab ”eusi Kitab Suci, sagemblengna wahyu ti Allah.” (2 Timoteus 3:​16) Éta hartina naséhat-naséhat dina Alkitab téh asalna ti Sumber nu panghadéna.

Alkitab téh jiga peti harta nu eusina loba naséhat-naséhat nu luar biasa alusna

 Kumaha carana maca Alkitab?

 Cara nu kahiji nyaéta maca bukuna hiji-hiji. Ku cara ieu, urang bisa nyaho inti tina eusi Alkitab. Urang bisa milih rék maca buku nu mana heula. Pék pikirkeun dua conto ieu:

  •    Aya 66 buku dina Alkitab, anjeun bisa maca hiji-hiji ti Kajadian nepi ka Wahyu.

  •    Anjeun bisa maca kisah-kisah dina Alkitab nu disusun nuturkeun waktuna.

 Saran: Dina Lampiran A7 Alkitab Terjemahan Dunia Baru, anjeun bisa ningali palayanan Yésus di bumi nu disusun nuturkeun waktu kajadianana.

 Cara nu kadua nyaéta pilih carita dina Alkitab nu cocog jeung masalah anjeun. Contona:

 Saran: Waktu maca Alkitab, pastikeun euweuh nu ngaganggu konséntrasi anjeun.

 Cara nu katilu nyaéta pilih hiji kisah atawa jabur, tuluy pikirkeun naon mangpaatna keur anjeun. Sanggeus maca, pék pikirkeun ieu:

  •    Ku naon Yéhuwa ngasupkeun carita ieu ka Alkitab?

  •    Sipat-sipat Yéhuwa naon nu katingali ti carita ieu?

  •    Naon nu bisa ku abdi dilarapkeun?

 Saran: Jieun rencana. Catet iraha anjeun rék mulai maca Alkitab nuturkeun Jadwal Maca Alkitab.