Pindah kana eusi

PANANYA BUDAK NGORA

Naon nu Kudu Dilakukeun ku Abdi Sanggeus Dibaptis?​—Bagian 1: Terus Lakukeun Kagiatan Rohani

Naon nu Kudu Dilakukeun ku Abdi Sanggeus Dibaptis?​—Bagian 1: Terus Lakukeun Kagiatan Rohani

 Harta banda téh, jiga imah atawa mobil, kudu dijaga jeung dirawat. Nah, sosobatan anjeun jeung Allah gé jiga kitu. Kumaha carana ngajaga sosobatan anjeun jeung Allah sanggeus anjeun dibaptis?

Dina artikel ieu

 Terus diajar Firman Allah

 Ayat konci: ”Terus nyieun kahadéan jeung boga leuwih loba pangaweruh nu bener ngeunaan Allah.”​—Kolose 1:10.

 Maksudna: Sanggeus dibaptis, anjeun kudu terus maca Alkitab jeung ngalenyepanana.​—Jabur 25:4; 119:97.

 Tangtanganana: Bisa jadi anjeun téh sok ngarasa haroréam. Anjeun ngarasa, anjeun mah lain jalma nu resep diajar.

 Nu bisa dilakukeun: Baca topik Alkitab nu dipikaresep ku anjeun. Jadwalkeun iraha rék palajaran pribadi jeung tangtukeun rék diajar naon. Ulah nu beurat-beurat teuing, engké jadi beban. Inget, tujuan anjeun palajaran pribadi téh nyaéta supaya anjeun bisa leuwih nyaah ka Yéhuwa sarta leuwih resep diajar Firman-Na. Engké anjeun bakal ngarasakeun, diajar Alkitab téh loba mangpaatna jeung pikaresepeun.​—Jabur 16:11.

 Saran: Supaya bisa leuwih konséntrasi diajarna, pék téangan tempat nu sepi ngarah teu aya gangguan.

 Masih butuh kénéh bantuan?

 Terus ngadoa ka Yéhuwa

 Ayat konci: ”Tong hariwang ku nanaon. Tapi dina sagala hal, pék pénta bantuan Allah ku cara ngadoa jeung sasambat bari ngucap sukur.”​—Filipi 4:6.

 Maksudna: Komunikasi ka Allah téh dua arah: Anjeun ngadéngékeun Anjeunna waktu maca Firman-Na, terus anjeun ngomong ka Anjeunna waktu ngadoa. Dina doa, anjeun bisa nepikeun paménta anjeun sarta ngucap sukur kana berkah-berkah nu geus ditarima ku anjeun.

 Tangtanganana: Kadang, anjeun bisa ngarasa doa anjeun téh kitu-kitu terus. Malah anjeun gé bisa mikir, ’Yéhuwa téh ngadéngékeun doa abdi teu, nya?’​—Jabur 10:1.

 Nu bisa dilakukeun: Dina sapoé, pék pikirkeun naon waé nu bisa didoakeun ku anjeun. Anjeun bisa ngadoakeun diri sorangan jeung batur. (Filipi 2:4) Mun bisa, pék langsung doakeun. Tapi mun waktuna teu cocog, misalna butuh waktu leuwih lila, anjeun bisa ngadoakeunana engké tapi dina poé éta kénéh.

 Saran: Lamun anjeun ngarasa doa anjeun téh kitu-kitu waé, pék pénta tulung ka Yéhuwa. Anjeunna pasti daék ngadéngékeun kabéh masalah anjeun, kaasup masalah doa anjeun.​—1 Yahya 5:14.

 Masih butuh kénéh bantuan?

 Terus caritakeun kapercayaan anjeun

 Ayat konci: ”Terus perhatikeun diri manéh jeung pangajaran manéh . . . sabab éta bisa nyalametkeun diri manéh jeung jalma-jalma nu ngadéngékeun manéh.”​—1 Timotius 4:16.

 Maksudna: Lamun anjeun nyaritakeun kapercayaan anjeun ka batur, anjeun gé nguatkeun iman anjeun sorangan. Engké anjeun bisa nyalametkeun manéhna jeung diri sorangan.

 Tangtanganana: Kadang, meureun anjeun asa-asa pikeun nyaritakeun kapercayaan anjeun. Malah, anjeun bisa waé sieun nyaritakeunana, komo deui ka babaturan sakola.

 Nu bisa dilakukeun: Ulah kaéléhkeun ku parasaan négatif, kaasup kasieun. Rasul Paulus nulis, ”Lamun kapaksa [nguarkeun warta hadé] gé, tugas éta tetep kudu dilakukeun sabab geus dipercayakeun ka kuring.” (1 Korintus 9:16, 17) Kadang, Paulus ngarasa beurat pikeun ngawawar, tapi manéhna tetep ngalakukeunana sabab ngarti éta téh tanggung jawabna.

 Saran: Mun kolot anjeun satuju, anjeun bisa néangan dulur saiman nu bisa jadi tuladan sarta ngabantu anjeun dina dines.​—Siloka 27:17.

 Masih butuh kénéh bantuan?

 Terus masamoan

 Ayat konci: ”Hayu urang silih perhatikeun supaya urang kageuing pikeun némbongkeun kanyaah jeung kahadéan. Ulah ngalalaworakeun pasamoan.”​—Ibrani 10:24, 25.

 Maksudna: Mémang, tujuan utama urang masamoan téh pikeun ibadah ka Yéhuwa, tapi aya deui mangpaat séjénna. Kahiji, anjeun bisa dikuatkeun ku dulur-dulur saiman. Kadua, anjeun gé bisa nguatkeun maranéhna.​—Roma 1:11, 12.

 Tangtanganana: Pas keur masamoan, pikiran téh bisa waé ka mamana, jadina anjeun teu merhatikeun acara pasamoan jeung teu meunang mangpaatna. Atawa, anjeun bisa waé sibuk teuing ku tugas sakola jeung tungtungna ngan datang ka pasamoan sakali-sakali hungkul.

 Nu bisa dilakukeun ku anjeun: Mémang, tugas sakola téh penting. Tapi, anjeun gé kudu ngupayakeun supaya bisa rutin masamoan sarta meunang mangpaat saloba-lobana tina pasamoan. Pék béré koméntar dina pasamoan. Terus sanggeus pasamoanana bérés, puji sahenteuna saurang sadérék nu geus méré koméntar atawa meunang tugas dina pasamoan.

 Saran: Persiapan heula. Pék download aplikasi JW Library® jeung tingali bagian ”Perhimpunan” supaya anjeun nyaho naon nu bakal dibahas dina acara pasamoan.

 Masih butuh kénéh bantuan?