Yudas 1:1-25

  • Salam (1, 2)

  • Guru-guru palsu pasti dihakiman (3-16)

    • Mikail pagétréng jeung Iblis (9)

    • Ramalan Hénokh (14, 15)

  • Tetep dipikanyaah ku Allah (17-23)

  • Muji kaagungan Allah (24, 25)

 Kahatur jalma-jalma nu dipilih jeung dipikanyaah ku Allah, Bapa urang, sarta nu dilindungan pikeun ngahiji jeung Isa Al-Masih, ti Yudas palayanna Isa Al-Masih, dulurna Yakobus.  Mugia aranjeun meunang leuwih loba welas asih, katengtreman, jeung kanyaah.  Dulur-dulur nu dipikanyaah, tadina mah kuring hayang pisan nulis ka aranjeun ngeunaan kasalametan nu geus jadi milik urang saréréa, tapi kuring ngarasa perlu ngajurung aranjeun pikeun sakuat tanaga ngajaga iman, nu dibikeun ka jalma-jalma suci sakali keur salilana.  Alesanna téh nyaéta aya sababaraha jalma nu nyulusup ka antara aranjeun, nu ti baheula kénéh geus ditangtukeun ku Kitab Suci pikeun dihukum. Maranéhna téh jalma-jalma nu doraka ka Allah, nu ngamangpaatkeun welas asih Allah nu taya bandingna* pikeun ngalakukeun lalampahan nu kurang ajar.* Maranéhna gé kabukti teu satia ka hiji-hijina dunungan jeung Juragan urang kabéh, nyaéta Isa Al-Masih.  Aranjeun mémang geus pada apal, tapi kuring rék ngingetan aranjeun yén sanggeus nyalametkeun umat-Na ti Mesir, Yéhuwa ngabinasakeun maranéhna nu teu boga iman.  Salian ti éta, para malaikat nu ninggalkeun kadudukan asalna jeung pamatuhanana nu sakuduna, ku Allah geus ditalian salilana dina kaayaan nu poék mongkléng pikeun dihakiman dina poé agung-Na.  Kitu ogé, Sodom jeung Gomora sarta kota-kota di sabudeureunana ngalakukeun lampah cabul* nu bejad jeung ngumbar napsu nu nyimpang. Maranéhna dihukum ku seuneu abadi.* Éta jadi conto goréng pikeun ngélingan urang.  Sanajan kitu gé, jalma-jalma nu nyulusup ieu osok ngahayalkeun nu goréng,* nganajisan awak, nyapirakeun wewenang, jeung ngahina jalma-jalma nu mulya.  Padahal basa Mikail nu jadi pamingpin malaikat pagétréng jeung Iblis ngeunaan jasad Musa, manéhna teu wani ngahakiman jeung ngahina, malah ngomong kieu, ”Keun, engké Yéhuwa nu negor manéh.” 10  Tapi, jalma-jalma éta kalah ka ngahina sagala hal nu teu dipikaharti ku maranéhna. Kalakuan maranéhna téh ngan nuturkeun naluri siga sasatoan nu teu boga akal, ku kituna maranéhna ngaruksak diri sorangan. 11  Maranéhna pasti cilaka, sabab maranéhna nuturkeun lalampahan Kain, gancang nuturkeun kalakuan Biléam nu salah demi meunangkeun upah, sarta binasa lantaran omonganana ngalawan jalma-jalma nu boga wewenang siga nu dilakukeun ku Korah! 12  Dina pésta-pésta nu diayakeun ku aranjeun pikeun némbongkeun kanyaah, maranéhna téh kawas batu-batu seukeut nu teu katingali di jero laut, kawas pangangon nu teu boga kasieun nu méré dahar dirina sorangan, kawas awan nu katebak ku angin ka ditu ka dieu tapi teu nurunkeun hujan, kawas tangkal nu teu buahan dina usumna nu geus bener-bener paéh* sarta karabut jeung akar-akarna, 13  kawas ombak tingjelegur nu ngabudahkeun hal-hal nu ngérakeun, sarta kawas béntang nu teu boga jalur nu ditempatkeun salilana di nu poék mongkléng. 14  Hénokh gé, turunan Adam nu katujuh, ngaramal kieu ngeunaan jalma-jalma éta, ”Tuh, Yéhuwa datang bareng jeung puluhan rébu malaikat suci-Na 15  pikeun ngahakiman kabéh jalma jeung ngabolékérkeun kasalahan kabéh jalma dosa nu teu hormat ka Anjeunna, lantaran lalampahan maranéhna jahat jeung omonganana ngahina Anjeunna.” 16  Maranéhna téh osok kukulutus, teu puas kana hirupna, osok nuturkeun kahayangna sorangan, osok ngagul-ngagulkeun diri, tapi ka jalma nu aya piuntungeunana mah meni muji-muji. 17  Ari aranjeun, dulur-dulur nu dipikanyaah, sing inget kana kekecapan nu pernah diucapkeun ku rasul-rasulna Isa Al-Masih Juragan urang. 18  Baréto maranéhna ngomong kieu, ”Dina mangsa ahir, bakal aya tukang-tukang moyok nu nuturkeun kahayangna sorangan nu jahat.” 19  Maranéhna téh sok mecah belah, kalakuanana siga sato,* jeung teu boga karohanian.* 20  Tapi dulur-dulur nu dipikanyaah, kuatkeun diri aranjeun ku iman nu pangsucina, jeung pék ngadoa ku bingbingan kawasa suci, 21  supaya aranjeun tetep dipikanyaah ku Allah, bari ngarep-ngarep welas asih ti Isa Al-Masih Juragan urang, nu ngahasilkeun hirup langgeng. 22  Salian ti éta, terus témbongkeun welas asih ka jalma-jalma nu bingbang. 23  Salametkeun maranéhna ku cara ngabetot maranéhna kaluar tina seuneu kabinasaan. Terus témbongkeun welas asih ka batur bari ati-ati. Aranjeun kudu geuleuh kana pakéan maranéhna anu dikotoran ku dosa. 24  Allah sanggup ngajaga aranjeun supaya teu pegat iman,* sarta taya cacadna di hareupeun Anjeunna nu mulya, bari suka bungah. 25  Puji kasanggakeun ka hiji-hijina Allah nu geus nyalametkeun urang ku jalan Isa Al-Masih Juragan urang. Mugia kaagungan, kakuatan, jeung kakawasaan Anjeunna terus aya ti baheula, ayeuna, nepi ka salalanggengna. Amin.

Catetan Tambihan

Atawa ”teu éra nyieun kagoréngan”. Yunani: asélgéia. Tingali Daptar Istilah.
Maksudna, binasa salilana. Tingali ”Géhéna” dina Daptar Istilah.
Atawa ”osok ngimpi”.
As. ”nu geus dua kali paéh”.
Atawa ”ngan mikirkeun kahayang jasmani”.
Atawa ”teu dibingbing ku kawasa suci”.
As. ”titajong”.