Pindah kana eusi

PANANYA BUDAK NGORA

Putus Ulah, Nya? (Bagian 2)

Putus Ulah, Nya? (Bagian 2)

 Kumaha cara mutuskeun hubungan? Mimiti, pilih kaayaan nu cocog pikeun ngomongkeunana. Kumaha carana?

 Misalna, pikirkeun mun anjeun jadi manéhna. (Mateus 7:12) Naha anjeun hayang diputuskeun di hareupeun jalma réa? Pasti embung.

 Pangalusna mah, ulah mutuskeun liwat telepon, SMS, atawa e-mail. Tapi, pilih waktu jeung tempat nu cocog pikeun ngabahas hal nu sérius ieu.

 Terus, naon nu kudu diomongkeun? Rasul Paulus méré naséhat ka urang Kristen pikeun ngomong ”jujur”.​—Epesus 4:25.

 Nu penting mah, sing tegas tapi tetep kudu bageur. Tepikeun sing jelas ku naon anjeun teu bisa neruskeun deui hubunganana.

 Anjeun teu perlu ngabébérkeun sagala kasalahan manéhna atawa hal-hal nu teu dipikaresep ku anjeun. Jadi, ti batan ngomong ”Manéh mah teu kieu” atawa ”Manéh mah tara kitu”, mendingan tepikeun parasaan anjeun, saperti ”Abdi mah butuh jalma nu . . .” atawa ”Abdi ngarasa teu bisa neruskeun deui hubungan ieu sabab . . .”.

 Ayeuna lainna waktuna keur asa-asa atawa daék dipangaruhan ku omongan manéhna. Sing inget, anjeun téh geus yakin hayang putus lantaran alesan nu sérius. Jadi ati-ati, ulah nepi ka kawujuk supaya teu jadi putus. Aya pangalaman ti saurang awéwé nu ngaranna Lori. Manéhna nyarita, ”Sanggeus putus, mantan abdi téh katingali siga nu nalangsa pisan. Sigana manéhna ngahaja, sangkan abdi rumasa salah. Nya, karunya sih. Tapi, abdi teu kapangaruhan.” Siga Lori, anjeun ogé kudu nyaho naon kahayang anjeun. Mun geus nyieun putusan, ulah kapangaruhan. Lamun geus ngomong henteu, nya kudu tetep henteu.—Yakobus 5:12.