Pindah kana eusi

PANANYA BUDAK NGORA

Kumaha Supaya Abdi Teu Mikiran Séks Waé?

Kumaha Supaya Abdi Teu Mikiran Séks Waé?

 ”Abdi sok ujug-ujug mikiran séks, mun geus kitu abdi jadi teu bisa deui mikiran hal séjénna. Asa siga aya jalma nu ngadalikeun pikiran abdi.”—Vera.

 ”Asana leuwih gampang hiber maké leungeun ti batan eureun mikiran séks.”—John.

 Naha anjeun ngarasakeun hal nu sarua siga Vera jeung John? Lamun kitu, artikel ieu bisa ngabantu anjeun.

 Kumaha supaya abdi henteu mikiran séks waé?

 ”Allah pasti hayang urang muaskeun napsu séks, da hasrat séks téh dibéré ku Allah, kitu cenah ceuk si Emang mah,” ceuk saurang budak ngora nu ngaranna Alex.

 Koméntar emangna Alex téh aya benerna. Allah mémang méré hasrat séks ka urang, tapi aya tujuan nu alus. Umat manusa bisa tetep aya nepi ka ayeuna téh hasil tina hubungan séks. Jadi ku naon urang ulah mikiran séks waé? Aya dua alesanana:

  •   Allah ngajarkeun yén hubungan séks téh ngan bisa dilakukeun ku lalaki jeung awéwé nu geus resmi nikah.—Kajadian 1:28; 2:24.

     Dumasar paréntah éta, mun anjeun léngoh kénéh tapi terus mikiran séks pasti bakal susah sorangan, sabab anjeun can bisa minuhan hasrat éta. Anjeun gé jadi gampang kapikat pikeun ngalakukeun hubungan séks. Ieu téh nyababkeun loba jalma kaduhung.

  •   Ngajaga pikiran sangkan teu terus mikiran séks téh sabenerna ngalatih sipat kadali diri, nu gedé mangpaatna keur kahirupan.—1 Korinta 9:25.

 Sipat kadali diri ngabantu urang hirup bagja, boh ayeuna boh engké. Aya hiji hasil risét nunjukkeun yén budak nu bisa ngadalikeun diri, engkéna moal gampang boga masalah kaséhatan, kauangan, jeung hukum. a

 Ku naon hésé pikeun eureun mikiran séks?

 Jalma-jalma di sakurilingeun urang resep ngahayal jeung ngobrolkeun séks, ditambah deui budak ngora ngalaman parobahan hormon. Éta sababna hésé pikeun eureun mikiran séks.

 ”Séks saacan nikah téh geus jadi hal umum dina acara TV, katingalina éta meunang dilakukeun jeung euweuh bahayana. Urang jadi gampang pisan kapangaruhan sabab balukarna tara dicaritakeun.”—Ruth.

 ”Dina pagawéan, abdi sok ngadéngé hal-hal nu cabul. Abdi téh jadi panasaran. Séks bébas téh asa jadi hal nu umum, lila-lila abdi jadi teu nganggap éta téh salah.—Nicole.

 ”Waktu ningali gambar dina média sosial, urang sok jadi teu ati-ati. Hiji wé gambar porno nu némpél di pikiran, bakal hésé pisan leungitna!”—Maria.

 Ku lantaran hal-hal éta, anjeun bisa ngarasa saperti nu Rasul Paulus tulis, ”Ana sim kuring hayang migawe anu hade, ari anu timbul dina hate ngan anu goreng.”—Rum 7:21.

Ulah ngantep pikiran kotor ”nyayang” dina pamikiran urang

 Nu bisa dilakukeun ku anjeun

 Geura pikirkeun hal nu séjén. Coba lakukeun hobi, olahraga, atawa kagiatan séjén nu dipikaresep. Ceuk budak ngora nu ngaranna Valerie, ”Maca Alkitab bisa ngabantu urang sabab eusina nyaritakeun ngeunaan Allah. Lamun urang mikirkeun ngeunaan Allah, urang moal sempet mikirkeun hal-hal séjénna.”

 Najan kitu, hayalan ngeunaan séks bisa waé muncul dina pikiran urang. Tinggal kumaha urangna. Urang sabenerna boga kamampuh pikeun nampik pikiran éta.

 ”Mun geus mikiran séks, abdi geura mikirkeun hal séjénna. Abdi gé mariksa naon nu nyababkeun abdi ngahayal ngeunaan séks, contona aya teu lagu atawa gambar nu kudu dipupus.”—Helena.

 Prinsip Alkitab: ”Kudu malikiran teh nu hade, nu peryoga, nu bener, nu adil, nu mulus [suci, SF], nu manis, sarta nu kaajen.”—Pilipi 4:8

 Pilih babaturan nu bener. Lamun babaturan anjeun sok ngobrolkeun séks, anjeun tangtu bisa kapangaruhan.

 ”Salaku budak ngora, abdi bajoang pikeun ngéléhkeun pikiran nu salah, nu pangpangna dipangaruhan ku babaturan. Lamun anjeun babaturan jeung jalma nu nganggap hal cabul téh teu salah, anjeun bakal kababawa. Éta siga seuneu dibanjur ku bénsin.”—Sarah.

 Prinsip Alkitab: ”Pek nyampur jeung nu pinter, tangtu pinter. Pek babaturan jeung nu garejul, tangtu ancur.”—Siloka 13:20.

 Singkahan hiburan nu cabul. Urang apal ayeuna kabéh hiburan téh ngumbar-ngumbar séks. Ceuk Nicole, ”Keur abdi mah musik nu paling mangaruhan. Kahayang nu salah jadi beuki ngagedur nepi ka hésé dikadalikeun.”

 ”Abdi sok lalajo acara TV jeung film nu ngumbar-ngumbar séks. Abdi teu sadar, geuningan abdi jadi sering mikiran séks. Sanggeus teu lalajo éta deui, abdi jadi teu mikiran hal-hal séks deui. Mun urang ati-ati dina milih hiburan, tangtu leuwih gampang pikeun teu mikiran hal nu cabul.”—Joanne.

 Prinsip Kitab Suci: ”Kalakuan anu cabul, atawa anu aeb, atawa sarakah, teu pantes aya di aranjeun, kecapna ge ulah disebut-sebut acan.”—Epesus 5:3.

 Palajaran penting: Jalma-jalma mikir yén hasrat séks téh sakitu pentingna, jadi teu kudu jeung teu bisa ditahan. Tapi, Kitab Suci justru ngajarkeun sabalikna. Kitab Suci ngajarkeun yén urang bisa ngadalikeun pikiran urang. Éta hartina nu dilakukeun manusa téh penting keur Allah.

 Prinsip Kitab Suci: ”Ganti kabeh ku hate jeung pikiran anu anyar.”—Epesus 4:23.

a Meungpeung keur léngoh kénéh, geura mekarkeun sipat kadali diri. Mangpaatna gé bakal karasa pas engké geus nikah.