Pindah kana eusi

PANANYA BUDAK NGORA

Kumaha Mun Abdi Diomongkeun ku Batur?

Kumaha Mun Abdi Diomongkeun ku Batur?

 Ku naon éta téh nganyenyeri haté?

 Gosip téh aya nu kejem, misalna kabohongan nu dihaja pikeun ngaruksak ngaran anjeun. Tapi sanajan gosipna teu pati parah, tetep wé éta bisa nganyenyeri haté, komo deui lamun nu nyebarkeunana téh batur nu akrab jeung anjeun!—Jabur 55:13-15.

 ”Babaturan abdi ngomongkeun abdi di tukangeun, cenah téh abdi teu paduli ka batur. Mani nyeri haté pisan! Ku naon manéhna téh mani téga ngomong kitu?”​—Ashley.

 Fakta: Rék ku sobat rék ku nu séjén, lamun urang diomongkeun nu henteu-henteu mah tetep wé teu ngeunah.

 Hanjakalna, anjeun teu bisa nyegah gosip

 Jalma-jalma bisa waé ngomongkeun batur lantaran sababaraha hal, misalna:

 Perhatian. Manusa téh mahluk sosial. Jadi wajar lamun urang ngobrol jeung batur atawa ngomongkeun batur. Alkitab gé ngajurung urang pikeun merhatikeun batur.—Pilipi 2:4.

 ”Hal nu paling pikaresepeun pikeun diobrolkeun téh nya hal-hal ngeunaan manusa!”—Bianca.

 ”Jujur wé, abdi sok hayang nyaho kaayaan batur, terus ku abdi diomongkeun deui ka nu séjén. Teu nyaho ku naon, tapi da resep.”​—Katie.

 Euweuh gawé. Alkitab nyaritakeun yén jalma-jalma di jaman baheula ”meakkeun waktu dipake ngomongkeun atawa euweuh deui kalakuanana ngan nyaturkeun atawa ngadengekeun perkara-perkara anyar”. (Rasul 17:21) Ayeuna gé sarua!

 ”Sakapeung mun teu aya hal nu héboh, jalma-jalma nyieun picaritaeun sorangan supaya aya nu bisa diobrolkeun.”​—Joanna.

 Teu percaya diri. Demi kapentingan urang, Alkitab ngingetan sangkan urang teu ngabanding-bandingkeun diri jeung batur. (Galata 6:4) Tapi hanjakalna, sababaraha jalma kalah ka nyebarkeun gosip ngeunaan batur supaya leuwih percaya diri.

 ”Gosip téh nyingkabkeun sipat jalma nu nyebarkeunana. Seringna, éta némbongkeun yén nu nyebarkeun gosip téh sirik ka nu digosipkeun. Manéhna ngaréka-réka carita supaya ngarasa leuwih unggul jeung ngayakinkeun diri sorangan yén manéhna téh leuwih hadé ti batan nu digosipkeun.”​—Phil.

 Fakta: Daék teu daék, jalma bakal ngomongkeun batur, kaasup anjeun.

 Tapi, anjeun gé bisa teu kapangaruhan ku gosip

 Sakapeung, anjeun teu bisa nyegah kabéh gosip ngeunaan anjeun. Tapi, anjeun bisa nangtukeun sikep anjeun mun digosipkeun. Lamun gosip ngeunaan anjeun geus nyebar, anjeun boga dua piliheun.

 KAHIJI: Antepkeun. Biasana cara panghadéna téh nya diantepkeun wé, komo deui mun gosipna teu penting. Tuturkeun naséhat Alkitab, ”Kudu bisa ngadalian amarah.”—Pandita 7:9.

 ”Aya gosip, cenah téh abdi bobogohan jeung saurang lalaki, padahal panggih gé teu pernah! Mani bodor, ku abdi mah diseungseurikeun wé.”—Elise.

 ”Cara ngalawan gosip nu panghadéna nyaéta ku tingkah laku nu hadé. Lamun anjeun digosipkeun nu henteu-henteu, tapi tingkah laku anjeun hadé, batur gé bisa ningali éta gosip téh teu bener.”​—Allison.

 Saran: Tuliskeun (1) naon gosipna jeung (2) kumaha parasaan anjeun. Lamun anjeun geus ”lalenyepan ari keur sepi sorangan”, meureun leuwih gampang lamun gosipna diantepkeun waé.—Jabur 4:4.

 KADUA: Sampeurkeun jalma nu mimiti nyieun gosip. Bisa jadi anjeun ngarasa gosipna geus teungteuingeun pisan nepi ka anjeun ngarasa perlu ngomong ka jalma nu mimiti nyieun éta gosip.

 ”Lamun urang ngomong ka nu ngagosipkeun urang, bisa jadi manéhna sadar omonganana téh ngarugikeun batur. Urang gé bisa ngalempengkeun nu teu bener jeung mugia masalahna bisa bérés.”​—Elise.

 Tapi saacan ngomong ka nu ngagosipkeun anjeun, pikirkeun prinsip-prinsip Alkitab jeung pananya-pananya ieu.

  •   ”Memeh ngajawab regepkeun heula. Lamun henteu kitu, tetela maneh teh bodo.” (Siloka 18:13) ’Naha abdi nyaho kabéh faktana? Naha jalma nu méré nyaho abdi ngeunaan éta gosip teu salah paham kana hal nu didéngéna?’

  •   ”Sing cepet kana ngadenge, sing lambat kana nyarita, jeung ulah gancang ambek.” (Yakobus 1:19) ’Naha cocog mun ayeuna ngomong ka nu nyieun gosip? Naha abdi geus mikirkeun bener-bener ngeunaan hal ieu? Atawa naha mending ngadagoan heula nepi ka abdi leuwih tenang?’

  •   ”Jieun kahadean ka batur, sakumaha maraneh oge hayang meunang kahadean ti batur.” (Mateus 7:12) ’Mun abdi jadi manéhna, abdi hayangna dikumahakeun? Iraha abdi daék ngabahas masalah ieu? Abdi hayang omongan jeung tindakan manéhna téh siga kumaha?’

 Saran: Saacan nyampeurkeun manéhna, tulis heula kumaha rencana anjeun. Dagoan saminggu atawa dua minggu, baca deui, terus tingali aya nu rék dirobah atawa henteu. Sanggeus éta, bahas rencana anjeun jeung kolot atawa babaturan nu bijaksana. Ménta naséhat maranéhna.

 Fakta: Siga kalolobaan hal dina kahirupan, anjeun teu bisa teterusan ngadalikeun gosip, tapi lain hartina gosip bisa ngadalikeun anjeun!