Pindah kana eusi

PANANYA BUDAK NGORA

Kumaha Supaya Abdi Bisa Ngatur Waktu?

Kumaha Supaya Abdi Bisa Ngatur Waktu?

 Ku naon penting pikeun ngatur waktu?

  •   Waktu téh ibarat duit. Lamun dipiceunan waé, anjeun moal boga waktu pas keur butuh. Sabalikna lamun pinter ngatur waktu, engkéna anjeun masih boga waktu pikeun ngalakukeun hal nu dipikaresep ku anjeun!

     Prinsip Kitab Suci: ”Pangedulan sanajan loba kahayang ge moal laksana, sabalikna nu getol, sagala kahayangna tangtu kahontal.”—Siloka 13:4.

     Palajaran penting: Ngatur waktu téh teu ngawatesan anjeun, justru anjeun jadi leuwih bébas ngalakukeun hal-hal séjénna.

  •   Lamun anjeun pinter ngatur waktu, éta bakal mangpaat waktu anjeun geus déwasa. Misalna, anjeun bisa waé dipecat tina pagawéan lantaran teu bisa ngatur waktu. Pék bayangkeun lamun anjeun nu jadi bos, naha anjeun daék boga pagawé nu teterusan telat?

     Prinsip Kitab Suci: ”Jelema anu satia dina urusan-urusan leutik, bakal satia dina urusan-urusan gede.”—Lukas 16:10.

     Palajaran penting: Cara anjeun ngatur waktu bisa nunjukkeun jalma nu siga kumaha anjeun téh.

 Mémang, ngatur waktu téh teu gampang. Pék perhatikeun sababaraha tangtanganana.

 Tangtangan #1: Babaturan

 ”Mun diajak ulin ku babaturan, biasana abdi tara nolak sanajan keur teu boga waktu. Abdi mikir, ’Ah, engké wé sanggeus balik buru-buru ngaréngsékeun pagawéan imah.’ Tapi kanyataanana mah teu siga kitu, kabéh malah jadi kacow.”​—Cynthia.

 Tangtangan #2: Hal-hal nu nyimpangkeun

 ”TV téh gogoda nu mikat pisan. Komo lamun aya acara jeung film nu ramé, pasti abdi hayang lalajo.”​—Ivy.

 ”Abdi bisa miceunan waktu mangjam-jam pikeun maén tablét. Abdi sok rumasa salah lantaran kakara eureun lamun batréna geus béak.”​—Marie.

 Tangtangan #3: Osok ngaengké-engké

 ”Abdi sok ngaengké-engké ngagawékeun PR jeung tugas séjén. Abdi miceunan waktu pikeun hal nu teu puguh, mun geus mépéd, kakara rusuh ngagawékeun tugas. Cara abdi ngatur waktu téh kacow.”​—Beth.

Ngatur waktu téh teu ngawatesan anjeun, justru anjeun jadi leuwih bébas ngalakukeun hal-hal séjénna

 Nu bisa dilakukeun ku anjeun

  1.   Jieun daptar tugas nu kudu digawékeun. Misalna, tugas di imah jeung PR. Tuliskeun sabaraha lila anjeun kudu ngaréngsékeun tugas-tugas éta dina saminggu.

     Prinsip Kitab Suci: ”Malar bisa milih-milih mana anu hade.”—Pilipi 1:10, Sunda Formal.

  2.   Jieun daptar kagiatan nu rék dilakukeun waktu keur nyalsé. Ieu kaasup maén Internét jeung lalajo TV. Tuliskeun sabaraha lila anjeun rék ngalakukeun hal-hal éta dina saminggu.

     Prinsip Kitab Suci: ”Tiap kasempetan gunakeun sing bijaksana.”—Kolosa 4:5.

  3.   Jieun rencana. Tingali deui dua daptar tadi. Naha anjeun boga cukup waktu pikeun ngagawékeun tugas nu penting? Atawa, naha anjeun kudu ngurangan waktu nyalsé?

     Saran: Jieun daptar kagiatan nu rék dilakukeun unggal poé, tandaan mun geus réngsé.

     Prinsip Kitab Suci: ”Rarancangkeun sing asak, sangkan mucekil [”nguntungkeun”, Terjemahan Dunia Baru (NW)].”—Siloka 21:5.

  4.   Jalankeun rencanana. Ngarah bisa ngaréngsékeun hal nu leuwih penting, meureun anjeun kudu nolak lamun aya nu ngajak ulin. Engkéna anjeun bakal boga leuwih loba waktu pikeun nyalsé.

     Prinsip Kitab Suci: ”Kudu getol kana gawe, ulah mumulan [”kedul”, NW].”—Rum 12:11.

  5.   Réngsékeun heula tugas anjeun, kakara nyalsé. Ceuk budak ngora nu ngaranna Tara, ”Kadang sanggeus ngaréngsékeun dua kagiatan tina daptar, abdi sok mikir, ’Wah, sigana abdi bisa lalajo TV heula 15 menit, kakara engké digawé deui.’ Ari pék téh nu tadina 15 menit jadi 30 menit, tuluy jadi sajam, éh ujug-ujug waktu téh geus kapiceun dua jam!”

     Kumaha jalan kaluarna? Anggap rékréasi téh hadiahna ngaréngsékeun tugas, lain hal nu wajib dilakukeun unggal poé.

     Prinsip Kitab Suci: ”Nu panghadéna keur manusa mah . . . ngarasakeun hasil pagawéanana.”—Pandita 2:24, NW.