Pindah kana eusi

PANANYA BUDAK NGORA

Kumaha Supaya Abdi Kuat Waktu Aya Musibat?

Kumaha Supaya Abdi Kuat Waktu Aya Musibat?

 Kabéh jalma bisa ngalaman musibat. Ceuk Kitab Suci, ”Di dunya mah nu tarik lumpatna ge tara salawasna meunang balap. . . . kawantu aya apesna masing-masing.” (Pandita 9:11) Budak ngora ogé bisa ngalaman musibat. Perhatikeun pangalaman dua budak ngora ieu jeung carana maranéhna nyanghareupan musibat.

 REBEKAH

 Kolot abdi pepegatan basa abdi umur 14 taun.

 Abdi sok ngarasa kolot abdi téh teu nyaanan pepegatan. Abdi mikir, si Bapa téh ngan butuh waktu keur sorangan hungkul, engké gé bakal balik deui. Si Bapa nyaah ka si Mamah, jadi ku naon si Bapa bet ninggalkeun si Mamah? Ku naon si Bapa téga ninggalkeun abdi?

 Basa éta, hésé pisan asana rék nyarita ka batur téh. Abdi embung mikirkeun masalah éta. Sabenerna harita abdi téh ambek, tapi abdi can sadar. Tungtungna abdi jadi sok hariwang jeung hésé saré.

 Basa umur 19 taun, indung abdi maot lantaran kangker. Si Mamah téh sobat abdi.

 Basa kolot abdi pepegatan, abdi reuwas pisan. Tapi basa indung abdi maot, haté abdi bener-bener ancur. Nepi ka ayeuna abdi masih kénéh sedih, abdi masih hésé saré, jeung masih sok hariwang.

 Harita aya sababaraha hal nu ngabantu abdi. Contona, naséhat di Siloka 18:1 nyebutkeun yen urang téh teu meunang sorangan waé. Jadi, abdi nyobaan nuturkeun naséhat éta.

 Abdi téh saurang Saksi Yéhuwa, jadi abdi sok maca publikasi-publikasi nu dumasar kana Kitab Suci. Aya hiji publikasi nu nguatkeun abdi waktu kolot pepegatan, nyaéta Pertanyaan Kaum Muda—Jawaban yang Praktis. Dina jilid nu kadua, abdi maca hiji artikel nu judulna ”Bisakah Aku Bahagia dalam Keluarga Orang Tua Tunggal?

 Aya hiji ayat karesep abdi nu ngabantu abdi supaya teu hariwang teuing, nyaéta Matius 6:25-34. Di ayat 27, Yésus nanya, ”Mémangna mun maranéh hariwang, umur maranéh bisa manjangan saeutik, kitu?”

 Musibat mah bisa kaalaman ku saha waé. Tapi abdi diajar tina tuladan si Mamah, sikep urang waktu nyanghareupan masalah téh penting pisan. Si Mamah geus pernah pepegatan sarta boga panyakit nu parah. Tapi sikep si Mamah téh tetep positif, iman si Mamah ka Gusti téh tetep kuat nepi ka ahir. Abdi moal poho kana hal-hal nu geus diajarkeun ku si Mamah ngeunaan Gusti Yéhuwa.

 Pék pikirkeun: Ku naon maca Kitab Suci jeung publikasi nu dumasar kana Kitab Suci bisa nguatkeun anjeun waktu ngalaman musibat?​—Jabur 94:19.

 CORDELL 

 Basa abdi umur 17 taun, abdi ningali langsung maotna si Bapa maot. Saumur-umur, éta téh kajadian nu pangsedihna keur abdi. Haté abdi ancur pisan.

  Abdi teu percaya nu maot téh si Bapa. Basa si Bapa ditutupan ku kaén, abdi ngarasa éta mah lain si Bapa. Abdi mikir, ’Isukan gé si Bapa hudang lah.’ Abdi ngarasa sedih jeung kaleungitan.

 Urang sakulawarga téh Saksi Yéhuwa. Jadi waktu si Bapa maot, sadérék- sadérék di sidang méré bantuan nu luar biasa keur urang sakulawarga. Maranehna méré dahareun, mondok bareng jeung urang, jeung ngabaturan urang. Dukungan ti maranehna téh teu ngan sakeudeung, tapi teterusan. Bantuan maranehna téh ngabuktikeun yén Saksi-Saksi Yéhuwa téh urang Kristen nu sajati.​—Yahya 13:35

 Ayat nu nguatkeun abdi téh 2 Korintus 4:​17,18, ayat éta nyebutkeun, ”Kasangsaraan nu disanghareupan téh teu pira jeung keur saheulaanan, tapi hasilna urang bakal narima kamulyaan nu beuki lila beuki gedé tur langgeng. Anu terus dipikirkeun ku urang mah naon nu teu katémbong, lain nu katémbong, sabab anu katémbong mah ngan saheulaanan, ari nu teu katémbong mah langgeng.”

 Ayat ka-18 téh bener-bener nguatkeun abdi. Maotna si Bapa téh ngan keur saheulaanan, tapi jangji nu Gusti béré mah keur salalanggengna. Sanggeus si Bapa maot, abdi jadi leuwih mikirkeun naon nu geus abdi lakukeun dina hirup abdi salila ieu sarta mikirkeun naon cita-cita abdi.

 Pék pikirkeun: Ku naon musibat bisa ngabantu urang mikirkeun deui cita-cita dina kahirupan?​—1 Yahya 2:17.