Kolose 1:1-29

  • Salam (1, 2)

  • Muji sukur lantaran iman urang Kolose (3-8)

  • Ngadoakeun supaya kuat rohani (9-12)

  • Tugas penting Al-Masih (13-23)

  • Paulus banting tulang keur sidang jamaah (24-29)

1  Ti Paulus, nu jadi rasulna Isa Al-Masih* ku kersa Allah, jeung ti Timotius dulur urang saréréa,  keur jalma-jalma suci sarta sadérék-sadérék nu satia, nu jadi murid-murid Al-Masih di Kolose. Mugia aranjeun narima welas asih nu taya bandingna* jeung katengtreman ti Allah, Bapa urang.  Waktu ngadoakeun aranjeun, urang-urang teu eureun-eureun muji sukur ka Allah, Bapana Juragan urang Isa Al-Masih.  Éta téh lantaran urang-urang ngadéngé aranjeun boga iman ka Isa Al-Masih jeung nyaah ka sakabéh jalma suci.  Aranjeun bisa kitu téh ku sabab boga harepan bakal narima ganjaran nu geus disadiakeun keur aranjeun di sorga. Aranjeun ngadéngé ngeunaan harepan ieu liwat warta bebeneran, nyaéta warta hadé  nu ditepikeun ka aranjeun. Warta hadé éta geus loba hasilna jeung nyebar ka sakuliah dunya, kitu ogé di antara aranjeun ti saprak aranjeun ngadéngé jeung nyaho pisan ngeunaan naon sabenerna welas asih Allah nu taya bandingna* téh.  Éta nu diajarkeun ka aranjeun ku Épafras, sadérék urang-urang nu dipikanyaah jeung satia, nu ngawula jadi palayan Al-Masih ngawakilan urang-urang.  Manéhna gé méré nyaho ka urang-urang ngeunaan kanyaah aranjeun, nu dihasilkeun ku bantuan kawasa suci.  Éta sababna ti saprak ngadéngé ngeunaan hal éta, urang-urang teu pernah eureun ngadoakeun aranjeun jeung ménta supaya aranjeun bener-bener nyaho kana kahayang Allah, sarta boga kabijaksanaan jeung pamahaman rohani. 10  Ku kituna, laku lampah aranjeun dianggap layak ku Yéhuwa. Aranjeun gé bisa bener-bener nyenangkeun Anjeunna lantaran terus nyieun kahadéan jeung boga leuwih loba pangaweruh nu bener ngeunaan Allah. 11  Mugia aranjeun dikuatkeun ku kawasa-Na nu hébat, supaya aranjeun bisa tabah dina sagala kaayaan, sabar, jeung suka bungah. 12  Ucapkeun sukur ka Bapa, nu ngalantarankeun aranjeun layak narima warisan keur jalma-jalma suci nu aya dina caang. 13  Urang geus disalametkeun ku Anjeunna tina kawasa poék tuluy dipindahkeun ka pamaréntahan Putra-Na nu dipikanyaah. 14  Putra-Na ngabébaskeun urang ku tebusan, ku kituna dosa-dosa urang dihampura. 15  Manéhna téh gambaran Allah nu teu katingali. Manéhna gé nu mimiti diciptakeun. 16  Ku jalan manéhna, sakabéh nu di sorga jeung di bumi diciptakeun: nu katingali, nu teu katingali, raja, pamingpin, pamaréntah, atawa pangawasa. Hal-hal séjénna diciptakeun ku jalan manéhna jeung jadi milikna. 17  Manéhna geus aya saacan nu séjénna aya, jeung ku jalan manéhna éta kabéh jadi aya. 18  Manéhna téh kapalana awak, nyaéta sidang jamaah. Manéhna téh nu awal, nu mimiti dihirupkeun ti antara nu maot. Ku kituna, manéhna jadi nu pangmimitina dina sagala hal, 19  lantaran Allah hayang manéhna lengkep dina sagala hal. 20  Ku jalan manéhna, nyaéta ku jalan getihna nu dikucurkeun dina tihang siksaan,* sakabéh nu aya di bumi jeung di sorga dirukunkeun jeung Allah. 21  Tadina mah aranjeun jauh ti Allah jeung jadi musuh-Na ku lantaran aranjeun mikirkeun hal-hal nu jahat. 22  Tapi ayeuna, aranjeun geus dirukunkeun ku jalan Putra nu ngorbankeun awakna nepi ka maot, supaya aranjeun suci, taya cacadna, jeung bébas tina tuduhan di hareupeun Allah. 23  Tapi tangtu aranjeun kudu terus boga iman, ajeg dina pondasina, tetep pengkuh, sarta ulah disimpangkeun tina harepan nu aya dina warta hadé nu didéngé ku aranjeun jeung nu geus diwawarkeun ka sakabéh ciptaan di kolong langit. Kuring, Paulus, jadi palayan keur warta hadé éta. 24  Kuring bungah sanajan kudu sangsara demi aranjeun. Kuring nyaho kuring masih kudu ngalaman sangsara siga Al-Masih. Ieu téh demi awakna Al-Masih, nyaéta sidang jamaah. 25  Kuring ngalalayanan sidang jamaah téh da ditugaskeun ku Allah demi kapentingan aranjeun. Tugasna téh sabisa-bisa ngawartakeun firman Allah, 26  nyaéta rasiah suci nu disumputkeun ti dunya* baheula jeung ti jalma-jalma jaman baheula. Tapi ayeuna, éta geus disingkabkeun ka jalma-jalma suci. 27  Ka maranéhna, Allah resep méré nyaho rasiah suci nu sakitu mulyana nu diwartakeun ogé ka bangsa-bangsa. Rasiah éta téh Al-Masih nu ngahiji jeung aranjeun. Éta hartina aranjeun boga harepan pikeun dimulyakeun bareng jeung manéhna. 28  Nu diuarkeun ku urang téh warta ngeunaan manéhna. Urang gé méré naséhat jeung ngajar jalma-jalma ku sagala kabijaksanaan. Ku kituna, urang bisa ngabantu unggal jalma nu ngahiji jeung Al-Masih jadi asak rohani di hareupeun Allah. 29  Éta tujuanana kuring digawé banting tulang téh. Kuring bajoang sakuat tanaga bari ngandelkeun kawasa ti Anjeunna nu dibikeun ka kuring.

Catetan Tambihan

As. ”Al-Masih Isa”.
Atawa ”sistim-sistim dunya”. Tingali ”Sistim dunya” dina Daptar Istilah.