Roma 1:1-32

  • Salam (1-7)

  • Paulus hayang datang ka Roma (8-15)

  • Jalma bener bakal hirup ku lantaran imanna (16, 17)

  • Jalma-jalma nu teu taat moal bisa nyebut can nyaho (18-32)

    • Sipat-sipat Allah katémbong tina ciptaana-Na (20)

1  Surat ti Paulus, palayanna Isa Al-Masih.* Sim kuring dipilih jadi rasul jeung dilantik* pikeun nguarkeun warta hadé ti Allah.  Warta hadé ieu geus dijangjikeun ku Allah ti baheula kénéh dina Kitab Suci liwat para nabi-Na.  Eusina ngeunaan Putra-Na nu lahir jadi manusa, turunan* Daud.  Tapi geus kabukti manéhna téh Putra Allah lantaran Allah ngagunakeun kawasa suci-Na pikeun ngahirupkeun deui manéhna. Nya, manéhna téh Isa Al-Masih Juragan urang.  Ku jalan manéhna, kuring* narima welas asih nu taya bandingna* sarta dijadikeun rasul pikeun ngabantu jalma-jalma ti sagala bangsa supaya bisa taat jeung boga iman ka manéhna sarta ngamulyakeun ngaranna.  Aranjeun gé diondang ti antara bangsa-bangsa supaya bisa nuturkeun Isa Al-Masih.  Surat ieu ditulis keur sakabéh jalma nu dipikanyaah ku Allah, nu aya di Roma jeung dipilih jadi jalma-jalma suci. Mugia aranjeun narima welas asih nu taya bandingna* jeung katengtreman ti Allah, Bapa urang, jeung ti Juragan Isa Al-Masih.  Mimitina, kuring rék muji sukur ka Allah ku jalan Isa Al-Masih ngeunaan aranjeun, lantaran iman aranjeun dicaritakeun di sakuliah dunya.  Allah, nu dilalayanan ku kuring sapinuh haté ku jalan nguarkeun warta hadé ngeunaan Putra-Na, jadi saksi kumaha kuring teu eureun-eureun ngadoakeun aranjeun. 10  Kuring ngadoa, lamun bisa jeung lamun éta sajalan jeung kahayang Allah, sugan engké kuring bisa panggih jeung aranjeun. 11  Kuring hayang pisan panggih jeung aranjeun supaya bisa ngabagikeun kurnia rohani ngarah aranjeun kuat, 12  atawa urang bisa silih kuatkeun. Kuring dikuatkeun ku iman aranjeun, aranjeun dikuatkeun ku iman kuring. 13  Dulur-dulur, kuring hayang aranjeun apal, kuring sering hayang datang ka ditu, tapi nepi ka ayeuna aya wéh halanganana téh. Kuring hayang meunangkeun hasil alus ogé di antara aranjeun, sakumaha di antara bangsa-bangsa séjén. 14  Boh ka urang Yunani boh ka urang asing,* boh ka nu pinter boh ka nu bodo, kuring téh asa boga hutang. 15  Éta sababna, kuring téh hayang pisan nguarkeun warta hadé ka aranjeun ogé nu aya di Roma. 16  Kuring moal éra nguarkeun warta hadé. Justru warta hadé téh bukti kawasa Allah pikeun nyalametkeun saha waé nu boga iman, mimitina ka urang Yahudi, geus kitu ka urang Yunani. 17  Ku lantaran warta éta, jalma nu boga iman bisa beuki kuat imanna ku sabab jadi apal yén Allah téh bener, sakumaha nu ditulis dina ayat ieu, ”Jalma bener bakal hirup ku lantaran imanna.” 18  Allah di sorga némbongkeun amarah-Na ka jalma-jalma nu teu taat ka Anjeunna jeung ka jalma-jalma nu teu bener. Lalampahan maranéhna ngahalangan batur nyaho kana nu bener. 19  Sakuduna mah maranéhna nyaho ngeunaan Allah, sabab Allah geus méré bukti nu jelas. 20  Sanajan Allah teu katingali, jalma-jalma bisa apal kana sipat-sipat Allah ti barang dunya diciptakeun, lantaran éta kabéh jelas katémbong tina ciptaana-Na. Ciptaan éta nunjukkeun kawasa-Na nu langgeng jeung ngabuktikeun yén Anjeunna téh Allah. Jadi, maranéhna moal bisa nyebut can nyaho. 21  Sanajan maranéhna nyaho ka Allah, maranéhna teu ngamulyakeun atawa teu nganuhunkeun ka Anjeunna. Cara pikirna teu guna, haténa gé mintul sarta beuki poék. 22  Ngakuna mah pinter, padahal maranéhna téh bodo. 23  Lainna ngamulyakeun Allah nu langgeng, maranéhna kalah ka ngamulyakeun patung manusa nu bisa paéh, patung manuk, patung sato nu sukuna opat, jeung patung sato nu ngarayap.* 24  Lantaran maranéhna hayang nurutkeun hawa napsuna, ku Allah maranéhna diantep ngalakukeun hal-hal nu najis jeung nu matak hina kana awakna. 25  Maranéhna ngaganti hal nu bener ngeunaan Allah ku kabohongan. Maranéhna gé muja jeung ngajalankeun palayanan suci ka ciptaan, lainna ka Nu Nyipta, nu layak dipuji salalanggengna. Amin. 26  Éta sababna, ku Allah maranéhna diantep ngumbar napsu séksualna nu bejad. Nu awéwé ngalakukeun hubungan nu teu lumrah, 27  ari nu lalaki geus teu beuki ka awéwé, napsu birahina téh malah ka lalaki deui. Maranéhna ngalakukeun hal-hal nu bejad, jeung bakal meunang hukuman* nu satimpal jeung kasalahanana. 28  Lantaran maranéhna ngarasa teu perlu kenal ka Allah, pikiran maranéhna ku Allah diantep sina ruksak. Ku kituna, kalakuan maranéhna jadi mahiwal. 29  Pikiran maranéhna pinuh ku sagala hal nu teu bener, nu jahat, nu sarakah,* jeung nu goréng. Maranéhna gé osok sirik, maéhan jalma, paséa, nipu, nganyenyeri batur, ngomongkeun batur,* 30  ngagogoréng batur, ijid ka Allah, kurang ajar, sombong, gedé omong, tukang nyieun rencana jahat, teu daék nurut ka kolot, 31  teu daék boga pamahaman, sok jalir jangji, teu boga kanyaah, jeung teu karunyaan. 32  Maranéhna apal pisan yén nurutkeun hukum Allah nu adil, jalma-jalma nu terus ngalakukeun hal-hal éta pantes dihukum pati. Tapi angger wéh maranéhna kitu, malah satuju ka jalma nu terus ngalakukeunana.

Catetan Tambihan

As. ”Al-Masih Isa”.
As. ”dipisahkeun”.
As. ”binih”.
As. ”urang-urang”.
Atawa ”jalma nu lain Yahudi”. As. ”urang Barbar”.
Atawa ”réptil”.
Atawa ”balesan”.
Atawa ”mikahayang milik batur”.
Atawa ”ngagosip”.