Kajadian 2:1-25

  • Allah reureuh dina poé nu katujuh (1-3)

  • Allah Yéhuwa, Nu Ngajadikeun langit jeung bumi (4)

  • Lalaki jeung awéwé di Taman Éden (5-25)

    • Lalaki dijieun tina taneuh (7)

    • Tangkal pangarti nu buahna teu meunang didahar (15-17)

    • Awéwé diciptakeun (18-25)

2  Jadi, Allah geus réngsé nyiptakeun langit jeung bumi sarta sagala eusina.  Saacan poé nu katujuh dimimitian, Allah geus ngaréngsékeun pagawéana-Na. Jadi dina poé nu katujuh, Anjeunna reureuh tina sagala pagawéana-Na.  Tuluy, Allah ngaberkahan poé nu katujuh, sarta poé éta disebut suci ku Allah, lantaran dina poé éta Allah reureuh tina sagala pagawéana-Na, nyaéta nyiptakeun sagala nu dipikahayang ku Anjeunna.  Kitu sajarahna langit jeung bumi diciptakeun. Éta nu kajadian waktu Allah Yéhuwa* ngajadikeun bumi jeung langit.  Harita, di bumi can aya tatangkalan jeung pepelakan nu sirungan, da Allah Yéhuwa can nurunkeun hujan, sarta can aya jalma nu ngolah tanah.  Tapi aya halimun nu naék tina taneuh nu ngabaseuhan taneuh di bumi.  Tuluy, Allah Yéhuwa nyieun manusa tina taneuh. Sanggeusna, Allah niupkeun napas kahirupan kana liang irungna, seug manusa téh jadi jalma* nu hirup.  Geus kitu, Allah Yéhuwa nyieun taman di Éden beulah wétan. Manusa nu diciptakeun ku Anjeunna téh ditempatkeun di dinya.  Tuluy, ku Allah Yéhuwa taneuh téh disina ngabijilkeun rupa-rupa tatangkalan nu aralus, nu buahna ngeunah didahar. Di tengah-tengah taman éta gé aya tangkal kahirupan jeung tangkal pangarti ngeunaan nu hadé jeung nu goréng. 10  Aya walungan nu ngalir ti Éden nu nyaian éta taman. Ti dinya, walungan éta nyagak opat. 11  Nu kahiji ngaranna Pisyon. Walungan éta ngurilingan tanah Hawila, tempatna emas. 12  Emas ti tanah éta téh alus. Di dinya gé aya geutah seungit* jeung batu oniks. 13  Walungan nu kadua ngaranna Gihon. Walungan éta ngurilingan tanah Kus. 14  Walungan nu katilu ngaranna Tigris.* Walungan éta ngalir ka wétaneun Asiria. Walungan nu kaopat ngaranna Éfrat. 15  Lalaki éta ku Allah Yéhuwa ditempatkeun di Taman Éden sina ngagarap jeung ngurus taman éta. 16  Tuluy, Allah Yéhuwa méré paréntah ieu ka manéhna, ”Bubuahan ti tangkal mana baé di taman ieu meunang didahar nepi ka seubeuh. 17  Tapi, buah tina tangkal pangarti ngeunaan nu hadé jeung nu goréng mah ulah didahar, sabab mun didahar, poé éta kénéh manéh pasti paéh.” 18  Tuluy Allah Yéhuwa ngomong, ”Teu hadé lamun lalaki éta terus hirup sorangan. Kuring rék nyiptakeun pasangan nu cocog jeung manéhna ngarah bisa nulungan manéhna.” 19  Allah Yéhuwa geus nyieun tina taneuh sagala sasatoan leuweung jeung sagala sasatoan nu bisa hiber. Ku Allah éta kabéh dibawa ka lalaki éta, da hayang nyaho masing-masing rék dingaranan naon ku manéhna. Sebutan nu dibikeun ku manéhna ka unggal sato* jadi ngaran sato éta. 20  Ku kituna, lalaki éta méré ngaran ka sakabéh sato piaraan, sato nu bisa hiber, jeung sato leuweung. Tapi, lalaki éta teu boga pasangan nu cocog keur nulungan manéhna. 21  Jadi lalaki éta disina saré tibra ku Allah Yéhuwa. Waktu manéhna keur saré, tulang igana dicokot hiji, ari urutna ditutupan ku daging. 22  Tulang iga nu dicokot ti lalaki éta dijadikeun awéwé ku Allah Yéhuwa, tuluy awéwé éta dianteurkeun ka lalaki éta. 23  Seug lalaki éta ngomong kieu, ”Tah ieu ahirna, tulangna ti tulang kuring,Dagingna ti daging kuring. Manéhna bakal disebut Awéwé,Da asalna ti lalaki.” 24  Éta sababna lalaki bakal ninggalkeun indung bapana tuluy ngahiji* jeung pamajikanana, sarta maranéhna jadi satunggal.* 25  Boh lalaki éta boh pamajikanana, duanana taranjang, tapi maranéhna teu ngarasa éra.

Catetan Tambihan

Ngaran pribadi Allah mimiti muncul dina ayat ieu, nyaéta יהוה (YHWH). Tingali Lamp. A4.
Atawa ”jiwa”. Kecap Ibranina néfés, nu hartina ”mahluk nu bisa napas”. Tingali Daptar Istilah.
Atawa ”damar bedolah”.
As. ”Hidékel”.
Atawa ”jiwa”. Tingali Daptar Istilah.
Atawa ”tetep bareng”.
As. ”sadaging”.