Yakobus 3:1-18

  • Ngadalikeun létah (1-12)

    • Teu kudu kabéhanana jadi guru (1)

  • Kabijaksanaan nu asalna ti sorga (13-18)

3  Dulur-dulur, aranjeun teu kudu kabéhanana jadi guru, da aranjeun apal, jalma nu jadi guru bakal narima panghakiman nu leuwih beurat.  Urang kabéh téh sering nyieun salah.* Lamun saurang jalma teu pernah salah ngomong, manéhna téh jalma sampurna nu bisa ngadalikeun* sakujur awakna.  Lamun urang masang tali kekang dina sungut kuda supaya nurut ka urang, nya urang bisa ngadalikeun sakujur awakna.  Pék perhatikeun ogé kapal-kapal: Sanajan galaledé jeung majuna téh ku angin gedé, tapi dikadalikeunana mah ku kamudi nu leutik pisan, sakumaha kahayangna jurumudi.  Kitu ogé, létah téh bagian awak nu leutik tapi bisa gedé omong. Tah, ku seuneu nu leutik, leuweung nu gedé bisa kahuruan!  Létah sarua kawas seuneu. Éta téh bagian awak nu ngalakukeun kajahatan jeung bisa nganajisan sakujur awak. Létah bisa ngancurkeun kahirupan saurang jalma siga nu diancurkeun ku seuneu Géhéna.*  Sagala jinis sato galak, manuk, sato nu ngarayap,* jeung sato nu aya di laut bisa lindeuk, malah geus jadi lindeuk ku manusa.  Tapi, euweuh manusa nu bisa ngawasaan létahna jadi lindeuk. Létah téh teu bisa dikadalikeun, bisa nyilakakeun, jeung pinuh ku racun nu matih.  Ku létah, urang muji Yéhuwa, Bapa urang, jeung ku létah ogé urang ngutuk jalma nu dijieun ”sarupa jeung Allah”. 10  Tina biwir nu sarua kaluar berkah jeung kutukan. Dulur-dulur, ulah nepi ka siga kitu. 11  Tina cinyusu nu sarua moal bijil cai tawar jeung cai asin sakaligus, pan? 12  Dulur-dulur, tangkal ara moal buahan zaitun, tangkal anggur gé moal buahan ara, pan? Sarupa kitu, cinyusu asin moal bisa ngabijilkeun cai tawar. 13  Aya teu nu bijaksana jeung boga pamahaman di antara aranjeun? Lamun aya, manéhna kudu boga laku lampah nu alus, jeung dina sagala tindakanana kudu maké sipat lemah lembut nu dihasilkeun ku kabijaksanaan. 14  Tapi, lamun dina haté aranjeun aya parasaan sirik jeung kahayang pikeun paséa,* ulah ngagul-ngagulkeun kabijaksanaan aranjeun, da lamun kitu aranjeun téh bohong. 15  Éta lain kabijaksanaan nu asalna ti sorga, tapi asalna ti dunya ieu, tina kahayang jasmani, jeung ti roh-roh jahat. 16  Lamun aya jalma nu sirikan jeung resep paséa,* kaayaanana bakal kacow jeung bakal aya rupa-rupa kajahatan. 17  Ari kabijaksanaan nu asalna ti sorga mah mimitina ngalantarankeun saurang jalma jadi murni, tuluy resep rukun, daék ngéléhan, daék nurut, karunyaan pisan, loba nyieun kahadéan, teu beurat sabeulah, jeung teu munapék. 18  Salian ti éta, jalma-jalma nu ngupayakeun pikeun rukun jeung batur ngalantarankeun kaayaan jadi tengtrem. Hasilna téh maranéhna ngalakukeun nu bener.

Catetan Tambihan

As. ”sering titajong”.
Atawa ”ngekang”.
Atawa ”réptil”.
Atawa bisa jadi, ”ambisi nu mentingkeun diri”.
Atawa bisa jadi, ”boga ambisi nu mentingkeun diri”.