2 Pétrus 2:1-22

  • Bakal aya guru-guru palsu (1-3)

  • Guru-guru palsu pasti dihukum (4-10a)

    • Para malaikat nu dibalangkeun ka Tartarus (4)

    • Caah gedé; Sodom jeung Gomora (5-7)

  • Ciri-ciri guru-guru palsu (10b-22)

2  Sakumaha di antara umat Allah jaman baheula aya nabi-nabi palsu, di antara aranjeun gé bakal aya guru-guru palsu. Maranéhna susulumputan nyieun sékte-sékte nu mecah belah, malah teu ngaku yén maranéhna téh milik Juragan nu geus meuli maranéhna. Ku kituna, maranéhna bakal gancang dibinasakeun.  Salian ti éta, bakal loba nu nuturkeun lalampahan maranéhna nu kurang ajar,* jeung gara-gara maranéhna, jalan nu bener* bakal digogoréng.  Tuluy lantaran sarakah, maranéhna bakal ngamangpaatkeun aranjeun ku kabohongan. Tapi hukuman keur maranéhna, nu geus diputuskeun ti baheula kénéh, moal diengké-engké. Maranéhna pasti diancurkeun.  Allah teu nahan-nahan pikeun ngahukum para malaikat nu nyieun dosa. Maranéhna dibalangkeun ka Tartarus,* jeung diranté* dina kaayaan poék mongkléng nepi ka waktuna maranéhna dihukum.  Allah gé teu nahan-nahan pikeun ngahukum dunya jaman baheula. Anjeunna ngadatangkeun caah gedé ka dunya nu pinuh ku jalma-jalma doraka. Tapi Anjeunna nyalametkeun Nuh, pawarta bebeneran, jeung tujuh urang deui.  Salian ti éta, Allah ngahukum Sodom jeung Gomora, ngancurkeun dua kota éta jadi lebu. Éta dijadikeun conto yén jalma-jalma doraka téh bakal kitu jadina.  Allah nyalametkeun Lot, jalma bener téa, nu ngarasa susah haté pisan lantaran ningali jalma-jalma jahat nu kurang ajar lalampahanana.*  Salila cicing di antara maranéhna, jalma bener éta unggal poé ngarasa kasiksa* lantaran ningali jeung ngadéngé kajahatan maranéhna.  Jadi, Yéhuwa apal carana ngaleupaskeun jalma-jalma nu ngabdi ka Anjeunna tina cocoba, jeung apal carana nahan jalma-jalma jahat pikeun dibinasakeun dina poé pangadilan, 10  utamana anu hayang ngumbar napsu jeung nganajisan batur, sarta nu nyapirakeun wewenang.* Guru-guru palsu éta wani teuing, mawa karep sorangan, jeung teu sieun ngahina jalma-jalma nu mulya,* 11  padahal para malaikat gé, nu leuwih kuat jeung leuwih kawasa, teu pernah nuduh guru-guru palsu éta ku hinaan, lantaran hormat ka Yéhuwa. 12  Jalma-jalma nu kararitu téh siga sato nu teu boga akal, nu saukur nuturkeun nalurina, sarta dilahirkeun pikeun ditéwak jeung dipaéhan. Maranéhna ngahina hal-hal nu teu dipikaharti ku maranéhna, jeung bakal dibinasakeun lantaran kalakuanana nu goréng. 13  Maranéhna bakal dihukum lantaran kajahatanana. Maranéhna téh resep hirup méwah jeung senang-senang, malah ti beurang kénéh. Maranéhna siga kokotor jeung cacad, nu kabeukina téh nyaritakeun pangajaran nu nyasabkeun waktu dahar bareng jeung aranjeun. 14  Maranéhna téh hayang jinah waé,* teu bisa eureun nyieun dosa, jeung resep ngolo jalma-jalma nu lemah iman.* Haténa geus kalatih jadi sarakah. Maranéhna téh jalma-jalma nu dikutuk. 15  Maranéhna geus nyasab ninggalkeun jalan nu bener jeung nuturkeun conto Biléam anak Béor, nu daék ngalampahkeun nu salah lantaran kabita ku buruhna, 16  tapi ditegor lantaran ngalanggar naon nu bener. Kaldé nu teu bisa ngomong jadi bisa ngomong cara jelema jeung ngahalangan tindakan gélo nabi éta. 17  Maranéhna kawas cinyusu nu geus saat, kawas halimun nu katebak ku angin gedé, jeung bakal ditempatkeun di tempat nu poék mongkléng. 18  Omongan maranéhna téh hébat tapi euweuh eusina. Ku kahayang awak nu dosa jeung ku lalampahan nu kurang ajar,* maranéhna ngolo jalma-jalma nu kakara leupas ti jalma-jalma nu lalampahanana salah. 19  Maranéhna ngajangjikeun kamerdékaan, padahal dirina sorangan diperbudak ku dosa. Lamun saurang jalma dikadalikeun ku hiji hal,* manéhna téh palayanna. 20  Maranéhna dibébaskeun tina kabiasaan najis dunya ieu sanggeus boga pangaweruh nu bener ngeunaan Juragan jeung Jurusalamet urang Isa Al-Masih. Lamun maranéhna balik deui jeung dikawasaan ku kabiasaan najis éta, kaayaan maranéhna ayeuna tangtu leuwih parah tibatan saacanna. 21  Mending maranéhna teu pernah nyaho kana jalan nu bener, tibatan nyaho pisan kana hal éta tapi ninggalkeun paréntah suci nu ditarima ku maranéhna. 22  Jelema nu siga kitu téh cocog pisan jeung paribasa ieu: ”Anjing ngalétakan deui utahna, jeung babi nu geus dimandian gugulitikan deui dina leutak.”

Catetan Tambihan

Atawa ”nu teu éra nyieun kagoréngan”. Yunani: asélgéia. Tingali Daptar Istilah.
As. ”jalan bebeneran”.
Atawa bisa jadi, ”digebruskeun kana lombang”.
Atawa ”nu teu éra nyieun kagoréngan”. Yunani: asélgéia. Tingali Daptar Istilah.
Atawa ”kasiksa jiwana”. Tingali ”Jiwa” dina Daptar Istilah.
Atawa ”nganggap rendah para pangawasa”.
Maksudna, jalma-jalma nu boga tanggung jawab di sidang jamaah.
Atawa ”Panon maranéhna pinuh ku jinah”.
Atawa ”nu bingbang”.
Atawa ”teu éra nyieun kagoréngan”. Yunani: asélgéia. Tingali Daptar Istilah.
Atawa ”saurang jalma”.