Pindah kana eusi

Naha Enya Alkitab Ngalarang Kanikmatan tina Hubungan Séks?

Naha Enya Alkitab Ngalarang Kanikmatan tina Hubungan Séks?

Jawaban Alkitab

 Alkitab teu ngalarang kanikmatan tina hubungan séks, malah némbongkeun yén éta téh hadiah ti Allah keur salaki pamajikan. Mantenna nyiptakeun ”lalaki jeung awewe” sarta ningali yén nu geus diciptakeuna-Na téh mani ”pohara kamanah-Na”. (Kajadian 1:27, 31) Waktu lalaki nu mimiti dikawinkeun jeung awéwé, Mantenna ngomong yén maranéhna kudu ”jadi satunggal”. (Kajadian 2:24) Ku dikawinkeun, maranéhna bisa ngarasakeun nikmatna hubungan séks sarta boga hubungan émosi nu kuat.

 Alkitab ngajelaskeun ngeunaan kanikmatan nu dirasakeun ku salaki dina perkawinan, ”Sing bungah jeung pamajikan nu dikawin ti ngongora . . . Sing puas ku dadana sapapanjangna, sing kapincut ku cintana.” (Siloka 5:18, 19, NW) Allah ogé hayang pamajikan ngarasakeun nikmatna hubungan séks. Ceuk Alkitab, ”Salaki pamajikan kudu silih cumponan pangabutuh séksual.”—1 Korinta 7:3, God’s Word Bible.

Watesan pikeun kanikmatan tina hubungan séks

 Allah netepkeun yén hubungan séks ngan meunang dilakukeun ku salaki pamajikan wungkul. Dina Ibrani 13:4 disebutkeun, ”Ajenan perkawinan, laki rabi sing pada-pada satia. Anu nyelewer atawa jinah tangtu dihukum ku Allah.” Salaki pamajikan kudu silih satia jeung ngajaga ikrar perkawinan. Maranéhna bakal kacida bagjana lamun henteu mentingkeun kahayang sorangan, tapi lamun ngalarapkeun prinsip Alkitab, ”Leuwih bagja mere ti batan nampa.”—Rasul 20:35.