Pindah kana eusi

Na Urang Kudu Ngumpul pikeun Ibadah?

Na Urang Kudu Ngumpul pikeun Ibadah?

Jawaban Alkitab

 Enya, lantaran Allah hayang umat-Na ngumpul pikeun ibadah. Ceuk Alkitab, ”Hayu urang silih perhatikeun supaya urang kageuing pikeun némbongkeun kanyaah jeung kahadéan. Ulah ngalalaworakeun pasamoan urang.”​—Ibrani 10:24, 25.

 Nabi Isa nyebutkeun, ”Kabéh jalma bakal nyaho maranéh téh murid urang lamun maranéh silih pikanyaah.” (Yahya 13:35) Ngarah bisa silih pikanyaah, murid-muridna kudu ibadah bareng sarta gaul jeung dulur saiman. Maranéhna bakal dikumpulkeun di sidang-sidang jamaah pikeun ibadah babarengan. (1 Korintus 16:19) Kabéh jamaah di sakuliah dunya téh dulur.​—1 Pétrus 2:​17

Teu cukup ngan saukur ngagabung jeung hiji kelompok agama

 Alkitab nunjukkeun yén urang kudu ngumpul pikeun ibadah ka Allah. Tapi, ngan saukur jadi anggota hiji agama téh teu cukup. Supaya bisa nyenangkeun Allah, urang kudu ngajalankeun naon nu geus diajarkeun ku agama urang. Contona, Alkitab nyebutkeun, ”Agama nu murni jeung bersih dina pandangan Allah, Bapa urang téh, nyaéta: ngurus yatim pahatu jeung randa nu keur sangsara, bari misahkeun diri tina cara hirup nu kotor ti dunya ieu.”​—Yakobus 1:​27, catetan handap.