Pindah kana eusi

Naon Tujuan Urang Hirup?

Naon Tujuan Urang Hirup?

Jawaban Alkitab

 Loba jalma panasaran kana tujuan hirup manusa. Maranéhna mikir, ’Ku naon urang aya di dieu? Urang téh hirup keur naon sih?’ Alkitab nunjukkeun tujuan hirup urang téh nyaéta pikeun nyobat jeung Allah. Pikirkeun sababaraha hal ieu nu dicatet dina Alkitab:

  •   Allah téh Nu Nyiptakeun urang. Ceuk Alkitab, ”Mantenna geus ngadamel diri urang, urang teh kagungana-Na.”—Jabur 100:3; Wahyu 4:11.

  •   Allah boga tujuan pikeun sakabéh ciptaan-Na, kaasup pikeun urang.—Yesaya 45:18.

  •   Waktu nyiptakeun manusa, Allah méré urang kabutuh pikeun dibingbing ku Mantenna, kaasup pikeun néangan tujuan hirup. (Mateus 5:3, Sunda Formal) Allah hayang urang nyumponan kabutuh éta.—Jabur 145:16.

  •   Lamun hayang dibingbing ku Allah, urang kudu jadi sobat Allah. Mémang, ceuk sababaraha jalma mah nyobat jeung Allah téh mustahil. Tapi Alkitab nyebutkeun, ”Allah raketan, Mantenna ge tangtu ngaraketan deui.”—Yakobus 4:8; 2:23.

  •   Supaya bisa jadi sobat Allah, hirup urang kudu sajalan jeung kahayang Mantenna. Alkitab nyebutkeun kahayang Allah dina Pandita 12:13, ”Sing sieun ku Allah, estokeun sagala timbalana-Na, da pangna Mantenna ngadamel manusa oge kitu maksud pangersa-Na.”

  •   Engké kabéh tujuan Allah keur manusa bakal diwujudkeun. Mantenna bakal ngaleungitkeun kasangsaraan jeung méré hirup abadi ka sobat-sobat-Na nu nyembah ka Mantenna.—Jabur 37:10, 11.