Siloka 8:1-36

  • Kabijaksanaan saolah-olah keur ngomong (1-36)

    • ’Kuring téh nu pangheulana di antara hasil karya Allah’ (22)

    • ’Kuring digawé nyarengan Allah jadi tukang nu ahli’ (30)

    • ’Kuring téh resep ka manusa’ (31)

8  Kabijaksanaan terus ngageroan, Pangarti gé terus ngagorowok.   Kabijaksanaan nangtung di tempat nu laluhur,Di sisi jalan, jeung di parapatan.   Di sisi gerbang-gerbang jalan ka kota,Di lawang-lawang asup,Kabijaksanaan terus ngageroan, kieu cenah,   ”Hé umat manusa, kuring ngageroan maranéh. Kuring téh ngageroan unggal jalma.   Hé nu teu baroga pangalaman, cik atuh dialajar ngarah asak pikir. Hé nu barodo, cik atuh beunangkeun pangarti.*   Déngékeun, sabab nu diucapkeun ku kuring téh penting. Nu diucapkeun ku biwir kuring téh bener.   Biwir kuring téh ngucapkeun bebeneran,Kuring geuleuh kana ucapan nu licik.   Kabéh omongan kuring téh bener, Euweuh nu bohong atawa nyasabkeun.   Keur nu boga pangarti mah omongan kuring téh jelas. Keur nu boga kanyaho* mah omongan kuring téh bener. 10  Tibatan milih pérak, mending milih didikan ti kuring. Tibatan milih emas murni, mending milih kanyaho.* 11  Kabijaksanaan téh leuwih hadé tibatan batu koral,*Sagala rupa anu dipikahayang ku manéh moal bisa nyaruaan éta. 12  Kuring téh kabijaksanaan, kuring cicing bareng jeung kapinteran,Kuring téh asak pikir jeung boga kanyaho.* 13  Lamun hormat* ka Yéhuwa, manéh bakal ngamusuh kana kagoréngan. Kuring geuleuh ka nu sombong jeung adigung, kitu deui kana kajahatan jeung omongan palsu. 14  Kuring téh bisa méré naséhat nu alus jeung bijaksana,Kuring gé boga pangarti jeung kawasa. 15  Ku lantaran kuring, raja-raja bisa terus ngawasa,Para pajabat gé bisa nyusun hukum nu adil. 16  Ku lantaran kuring, para pamingpin bisa terus ngawasa,Para bangsawan gé bisa nyieun putusan nu adil. 17  Kuring nyaah ka nu nyaah ka kuring. Saha waé nu néangan kuring pasti panggih jeung kuring. 18  Kuring boga kabeungharan jeung kamulyaanSarta kaadilan jeung harta nu aya salilana.* 19  Nu dibikeun ku kuring téh leuwih alus tibatan emas, sanajan emasna téh emas murni. Nu ditarima ku manéh ti kuring téh leuwih alus tibatan pérak murni. 20  Kuring leumpang di jalan nu bener,Sakabéh tindakan kuring gé adil. 21  Nu nyaah ka kuring bakal diwaris kakayaan,Gudang-gudangna bakal dipinuhan. 22  Kuring téh nu pangmimitina diciptakeun ku Yéhuwa,Nu pangheulana di antara hasil karya-Na di jaman baheula. 23  Kuring téh geus dibéré kadudukan ti jaman baheula,Ti mimiti pisan saacan bumi diadegkeun. 24  Kuring geus lahir saméméh aya lautan,Saméméh aya cinyusu nu mudal. 25  Kuring geus lahir saméméh gunung-gunung diadegkeun,Saméméh pasir-pasir* aya, 26  Saméméh Allah ngadamel bumi jeung daratanana,Jeung saméméh aya taneuh sakeprul nu mimiti di bumi. 27  Kuring aya di dinya basa Anjeunna ngadegkeun langit,Basa Anjeunna mentangkeun cakrawala* di luhur laut 28  Jeung ngabentuk méga* di langit,Basa Anjeunna nempatkeun cinyusu-cinyusu di tempat nu jero, 29  Basa Anjeunna netepkeun wates di lautNgarah cai teu ngaliwatan éta wates,Basa Anjeunna masang pondasi-pondasi bumi. 30  Harita téh kuring digawé nyarengan Anjeunna jadi tukang nu ahli. Unggal poé kuring nyenangkeun Anjeunna. Kuring gumbira sapanjang waktu payuneun Anjeunna. 31  Kuring atoh waktu Anjeunna nyiapkeun bumi sangkan bisa dicicingan. Kuring téh resep pisan ka manusa. 32  Ku sabab kitu, barudak, déngékeun kuring. Nu nuturkeun omongan kuring mah tangtu bagja. 33  Déngékeun didikan ti kuring ngarah bijaksana,Ulah disapirakeun. 34  Nu ngadéngékeun kuring tangtu bagja. Unggal isuk, manéhna nyampeurkeun panto imah kuring,Ngadagoan di deukeut lawang imah kuring. 35  Jelema anu manggihan kuring bakal meunangkeun kahirupanSarta dipikaresep ku Yéhuwa. 36  Tapi nu nyapirakeun kuring mah nyilakakeun diri sorangan,Nu geuleuh ka kuring téh hartina cinta kana paéh.

Catetan Tambihan

Atawa ”cik atuh haté téh boga pangarti”.
Atawa ”pangaweruh”.
Atawa ”pangaweruh”.
Dina jaman Alkitab, batu koral téh mahal pisan.
Atawa ”pangaweruh”.
As. ”sieun”.
Atawa ”jeung warisan”.
Atawa ”bukit-bukit”.
As. ”Anjeunna nyieun bunderan”.
Atawa ”awan”.