1 Pétrus 5:1-14

  • Urus domba-domba Allah (1-4)

  • Kudu rendah haté jeung waspada (5-11)

    • Pasrahkeun kahariwangan ka Allah (7)

    • Iblis kawas singa nu guar-gaur (8)

  • Panutup (12-14)

5  Salaku sasama kokolot, salaku jalma nu nyaksian Al-Masih sangsara, jeung salaku jalma nu bakal narima kamulyaan nu engkéna disingkabkeun, kuring ménta* ieu ka para kokolot di antara aranjeun:  Salaku pangangon, urus domba-domba Allah nu dipercayakeun ka aranjeun. Jalankeun tugas aranjeun salaku pangawas,* ulah bari kapaksa, tapi kudu réla di hareupeun Allah, sarta kudu sumanget, lain rék néang kauntungan maké cara nu teu jujur.  Ka nu jadi milik Allah, aranjeun ulah asa jadi dunungan, tapi jadi tuladan keur para domba.  Waktu pangangon nu utama némbongkeun dirina, aranjeun bakal narima makuta mulya nu moal bakal ruksak.  Kitu ogé, priya-priya nu ngora kudu tunduk ka priya-priya nu leuwih kolot.* Tapi, aranjeun kabéh gé kudu némbongkeun* sipat rendah haté ka sasama, lantaran Allah teu resep ka jalma nu sombong, ari ka nu rendah haté mah Anjeunna méré welas asih nu taya bandingna.*  Ku kituna, rendahkeun diri aranjeun di handapeun* Allah nu kuat, supaya aranjeun dijungjung ku Anjeunna dina waktuna.  Pasrahkeun* sakabéh kahariwangan aranjeun ka Anjeunna, lantaran Anjeunna merhatikeun aranjeun.  Aranjeun kudu sadar jeung waspada! Musuh aranjeun, si Iblis, keur udar-ider kawas singa nu guar-gaur néangan jalma nu bisa dilegleg.  Lawan manéhna ku iman nu kuat. Aranjeun gé apal, dulur saiman urang di sakuliah dunya keur ngalaman kasangsaraan nu sarupa kitu. 10  Tapi, sanggeus aranjeun sakeudeung ngalaman kasangsaraan, Allah nu pinuh ku welas asih nu taya bandingna,* nu milih aranjeun pikeun ngahiji jeung Al-Masih sarta dimulyakeun salalanggengna, bakal nganggeuskeun palatihan aranjeun. Ku bantuan Anjeunna, aranjeun bakal jadi pengkuh, aranjeun bakal jadi kuat, jeung aranjeun bakal nangtung ajeg. 11  Kakuatan téh milik Anjeunna salilana. Amin. 12  Silvanus,* dulur kuring nu satia, ngabantu kuring nulis surat nu pondok ieu keur aranjeun. Kuring nulis surat ieu téh supaya aranjeun dikuatkeun jeung diyakinkeun yén Allah mémang geus méré welas asih-Na nu taya bandingna* ka aranjeun. Éta kudu terus dicekel pageuh. 13  Sadérék istri nu aya di dieu di Babilon, nu dipilih ku Allah siga aranjeun, ngirim salam keur aranjeun, kitu ogé Markus anak kuring. 14  Sambut papada dulur ku cara nu soméah.* Mugia aranjeun kabéh nu ngahiji jeung Al-Masih narima katengtreman.

Catetan Tambihan

Atawa ”méré naséhat”.
Atawa ”Aranjeun kudu bener-bener ngajagana”.
Atawa ”ka para kokolot”.
Atawa ”maké”.
As. ”di handapeun panangan”.
As. ”Balangkeun”.
Ngaran séjénna Silas.
As. ”ku ciuman kanyaah”.