Jabur 94:1-23

  • Doa sangkan Allah ngabales

    • ”Dugi ka iraha nu jarahat senang-senang?” (3)

    • Bagja jalma nu dipapatahan ku Yah (12)

    • Allah moal ninggalkeun umat-Na (14)

    • ’Hukum téh dipaké pikeun ngarencanakeun masalah’ (20)

94  Nun Yéhuwa, Allah nu ngabales kajahatan,Hukum jalma jahat, témbongkeun kamulyaan Gusti!   Nun Hakimna bumi, tulungan,Bales jalma-jalma sombong satimpal jeung kalakuanana.   Dugi ka iraha nu jarahat senang-senang? Badé dugi ka iraha, nun Yéhuwa?   Tina omonganana, kaciri maranéhna téh bodo jeung sombong. Kabéh nu kalakuanana goréng ngagulkeun dirina sorangan.   Nun Yéhuwa, maranéhna ngancurkeun umat GustiSarta nindes umat milik Gusti.   Maranéhna maéhan randa sarta penduduk asing,Maranéhna gé maéhan anak-anak yatim.   Da ceuk maranéhna, ”Yah teu ningali. Allahna Yakub moal merhatikeun.”   Hé jalma-jalma nu teu baroga akal, sing ngarti kana hal ieu. Hé jalma-jalma bodo, maenya teu paham kénéh waé?   Anjeunna nu ngadamel ceuli, piraku teu bisa ngadangu? Anjeunna nu ngabentuk panon, piraku teu bisa ningali? 10  Anjeunna nu mapatahan bangsa-bangsa, piraku teu bisa negor? Anjeunna téh Allah nu ngajarkeun pangarti ka jalma-jalma! 11  Yéhuwa terang kana pipikiran manusa. Maranéhna téh ngan napas sarénghap. 12  Nun Yah, bagja jalma nu dipapatahan ku Gusti,Nu ku Gusti diajarkeun hukum Gusti. 13  Manéhna dipasihan katengtreman ku Gusti dina mangsa kasusah,Nepi ka jalma jahat tigebrus kana lombang. 14  Sabab Yéhuwa moal ninggalkeun umat-Na,Umat milik-Na moal diculkeun ku Anjeunna. 15  Kaadilan bakal dipulihkeun deuiSarta bakal didukung ku nu balener. 16  Saha nu bakal ngabéla abdi ngalawan nu jahat? Saha nu bakal mihak abdi ngalawan jalma-jalma nu kalakuanana jahat? 17  Lamun Yéhuwa teu nulungan abdi,Moal lila deui abdi pasti binasa. 18  Waktu abdi ngomong, ”Abdi tisolédat,”Gusti terus ngadukung abdi ku asih satia Gusti, nun Yéhuwa. 19  Waktu kahariwangan* ngalimpudan abdi,*Gusti ngalilipur jeung nenangkeun abdi. 20  Gusti moal mungkin ngabalad jeung para pamingpin* nu jarahat. Hukum téh ku maranéhna dipaké pikeun ngarencanakeun masalah. 21  Maranéhna kejem pisan waktu nyerang jalma bener. Maranéhna gé nerapkeun hukum pati ka nu teu salah. 22  Tapi Yéhuwa bakal jadi panyalindungan* nu aman keur abdi,Allah abdi téh gunung batu panyalindungan abdi. 23  Kajahatan maranéhna ku Anjeunna disina malik ka maranéhna sorangan. Anjeunna bakal numpes* maranéhna ku kajahatanana sorangan. Yéhuwa Allah urang sadaya bakal ngabasmi* maranéhna.

Catetan Tambihan

Atawa ”pikiran guligah”.
Atawa ”ngalobaan dina diri abdi”.
Atawa ”hakim”.
Atawa ”tempat luhur”.
As. ”ngabungkem”.
As. ”ngabungkem”.