Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Tujuh Cara Nyadiakeun Dahareun nu Séhat Jeung Bersih

Tujuh Cara Nyadiakeun Dahareun nu Séhat Jeung Bersih

 Pentingna dahareun keur kaséhatan

 Kaséhatan anjeun téh gumantung kana naon nu didahar ku anjeun. Lamun anjeun ngajaga dahareun tetep bersih jeung séhat, awak anjeun bakal leuwih séhat. Sabalikna, lamun ngadahar dahareun nu kotor jeung teu séhat, engkéna anjeun bisa gering parah. Bénsin nu goréng bisa nyababakeun masalah kana mobil. Mémang, masalahna moal langsung karasa. Tapi, lila-lila masalahna bakal muncul.​—Galatia 6:7.

 Organisasi Kesehatan Dunia (WHO) nyebutkeun yén ”unggal nagri ngalaman rupa-rupa masalah gizi”. Ieu téh lain ngan saukur kurang gizi, tapi ogé kaasup kaleuwihan beurat badan jeung obésitas. Sering ngadahar atawa nginum nu teu séhat bisa ningkatkeun résiko panyakit jantung, stroke, diabétes, jeung kanker. Ceuk hiji panalitian, kakurangan gizi geus nyababkeun kira-kira 11 juta jalma maot dina sataun. WHO ngitung yén kira-kira aya leuwih ti sarébu jalma paéh unggal poéna jeung ratusan jalma gering unggal taunna lantaran ngadahar dahareun nu teu bersih.

 Prinsip-prinsip dina Kitab Suci bisa ngabantu urang paham ku naon penting ngadahar dahareun nu bersih jeung séhat. Ceuk Kitab Suci, ”Gusti teh sumbering hirup.” (Jabur 36:10) Kahirupan téh kurnia ti Gusti. Urang hayang ngahargaan kurnia ieu ku cara ngajaga kaséhatan urang jeung kulawarga. Perhatikeun naon waé nu bisa anjeun lakukeun.

 Opat cara nyadiakeun dahareun nu bersih

 1. Jaga kabersihan waktu rék nyiapkeun dahareun.

 Ku naon? Kuman-kuman nu bahaya a dina inuman jeung cai bisa asup ka awak urang jeung mawa panyakit.

 Saran ti ahli kaséhatan:

  •   Saacan nyiapkeun dahareun, kumbah leungeun ku sabun jeung cai. b Gosok leungeun sahenteuna salila 20 detik. Bersihan sakabéh bagian dina leungeun siga bagian luhur leungeun, sela-sela jari, jeung kuku. Tuluy banjur ku cai jeung elap nepi ka garing.

  •   Talenan, piring-piring, jeung parabot séjén nu bakal dipaké nyimpen dahareun kudu dikumbah ku cai jeung sabun. Bédakeun talenan keur motong dahareun nu bakal dipasak jeung nu teu dipasak.

  •   Lamun Anjeun cicing di tempat nu caina geus pacampur jeung kotoran, kumbah kabéh buah jeung sayur nepi ka bener-bener bersih. Lamun buah-buahan jeung sayur-sayuran dipelak di daérah nu caina kotor, kumbah buah jeung sayuran sing bersih, mun perlu mah maké disinfektan.

 2. Pisahkeun dahareun nu asak jeung nu atah.

 Ku naon? Kuman ti dahareun nu atah, saperti daging, bisa ngotoran dahareun nu séjén.

 Saran ti ahli kaséhatan:

  •   Sanggeus urang balanja dahareun nu atah, hususna daging, ulah dihijikeun jeung dahareun nu asak.

  •   Sanggeus motong daging atah, kumbah sing bersih leungeun, péso, jeung talenan, saacan motong dahareun séjén.

 3. Pastikeun dahareunna geus bener-bener asak.

 Ku naon? Kuman-kuman nu bahaya ngan bisa paéh lamun dipasak dina suhu nu tinggi.

 Saran ti ahli kaséhatan:

  •   Pasak dahareun nepi ka bener-bener panas. Dahareun jeung bagian pangjerona ti daging kudu dipasak dina suhu 70 derajat Celsius salila kira-kira 30 detik.

  •   Kulub sop nepi ka caina ngagolak.

  •   Mun rék ngadahar dahareun nu urut kamari, haneutkeun heula saacanna.

 4. Simpen dahareun dina suhu nu pas.

 Ku naon? Nyimpen dahareun dina suhu 5 nepi ka 60 derajat Celsius salila 20 menit bisa nyababkeun baktérina nambahan dua kali lipet. Malah, lamun daging atah teu disimpen dina suhu nu pas, baktéri nu aya dina daging bakal ngahasilkeun racun nu moal bakal leungit sanajan dagingna geus dipasak.

 Saran ti ahli kaséhatan:

  •   Supaya kuman teu ngalobaan, simpen dahareun dina suhu nu tiis atawa panas, ulah dina suhu normal.

  •   Ulah nyimpen dahareun dina suhu normal leuwih ti dua jam, atawa ulah disimpen leuwih ti sajam lamun suhu rohanganna leuwih ti 32 derajat Celsius.

  •   Sanggeus asak, pastikeun dahareun panas kénéh pas rék didahar.

 Tilu cara milih dahareun nu séhat

 1. Dahar rupa-rupa buah jeung sayur unggal poé.

 Dina buah jeung sayur, aya vitamin, mineral, jeung zat-zat nu penting keur kaséhatan. WHO nyebutkeun lamun awak urang téh ngabutuhkeun ampir satengah kilo buah jeung sayur unggal poéna. Ieu téh can kaasup dahareun sajinis kentang atawa sampeu.

 2. Pastikeun jumlah lemak jeung minyak dina dahareun téh saimbang.

 WHO méré saran sangkan urang ulah sering dahar dahareun nu digoréng, nu instan, jeung makanan cepat saji nu ngandung lemak jahat. Lamun bisa, masakna gé maké minyak sayur. c Minyak ieu téh leuwih alus tibatan minyak biasa, ku sabab tingkat lemak jenuhna leuwih saeutik.

 3. Ulah loba teuing uyah jeung gula.

 WHO nganjurkeun yén jalma déwasa kudu ngawatesan jumlah uyah nu didahar unggal poé, nyaéta teu leuwih ti hiji séndok entéh. WHO gé nganjurkeun urang supaya teu dahar gula leuwih ti 12 séndok entéh unggal poe. d Gula téh bahan utama dina dahareun jeung inuman nu diolah. Misalna, aya kira-kira 10 séndok entéh gula dina inuman nu ngandung soda nu ukuranana 355 milliliter. Aya loba pisan kalori dina inuman nu ngandung soda. Nilai gizina ogé saeutik, malahan mah ampir euweuh.

 Ceuk Kitab Suci, ”Jalma anu surti mah kana pibahlaeun teh awas, seug disingkahan. Ari nu teu boga pikiran mah noyod bae, temahna kaduhung.” (Siloka 22:3) Lamun urang bijaksana dina milih dahareun sarta daék nyieun parobahan, éta hartina urang ngahargaan kaséhatan jeung kahirupan nu urang tarima ti Gusti.

 Kasalahpahaman nu umum

 Kasalahpahaman: Kadahareun téh aman didahar lamun bau jeung rasana teu anéh, sarta katingali masih bisa kénéh didahar.

 Fakta: Dina saliter cai nu katingalina kiruh aya leuwih ti 10 milyar baktéri. Tapi, 15 nepi ka 20 baktéri jahat hungkul gé bisa nyieun urang gering. Jadi supaya inuman jeung dahareun téh aman, siapkeun, konsumsi, sarta simpen dina suhu jeung watesan waktu nu aman.

 Kasalahpahaman: Laleur mah moal ngotoran dahareun.

 Fakta: Laleur téh hirup di lingkungan nu kotor, misalna dina kotoran. Jadi laleur sok mawa kuman dina sukuna nu bisa nyababkeun panyakit. Supaya teu keuna ku laleur, tutupan dahareunana.

 Kasalahpahaman: ”Abdi mah geus biasa ngadahar dahareun nu teu séhat. Jigana mun ngarobah kabiasaan dahar moal aya pangaruhna.”

 Fakta: Para ahli kaséhatan nyebutkeun, lamun urang ngadahar dahareun nu séhat ti ayeuna, urang moal gancang maot. Beuki lila urang boga kabiasaan ngadahar dahareun nu séhat, mangpaatna gé beuki loba.

a Kuman atawa mikroorganisme téh nyaéta mahluk hirup nu leutik pisan nu teu bisa ditingali ku panon. Ieu kaasup baktéri, virus, jeung parasit. Mémang sababaraha mikroorganisme téh nguntungkeun awak urang, tapi nu ngabahayakeun mah bisa nyieun urang gering, malahan mah paéh.

b Kuman téh bakal leungit lamun ku cai jeung sabun, lain ku cai hungkul.

c Sanajan dina suhu rohangan, lemak tidak jenuh mah bakal tetep éncér.

d Gula nu dimaksud di dieu téh gula olahan siga gula pasir, madu, sirop, jeung jus buah. Ieu teu kaasup gula alami nu aya dina bubuahan, sayur-sayuran, jeung susu.