Pindah kana eusi

Kumaha Carana Supaya Urang Bisa Akrab jeung Allah?

Kumaha Carana Supaya Urang Bisa Akrab jeung Allah?

Jawaban Alkitab

 Ceuk Alkitab, jalma nu akrab jeung Allah téh nyaéta jalma nu hayang pisan nyenangkeun Allah sarta nuturkeun cara pikir Allah. Manéhna bakal sabisa-bisana nuturkeun patokan-patokan ti Allah sarta bingbingan ti kawasa suci-Na. aRoma 8:5; Éfésus 5:1.

 Jalma nu akrab jeung Allah sok disebut manusa rohani. Ari jalma nu embung akrab jeung Allah sok disebut manusa jasmani. Alkitab méré nyaho naon bédana manusa rohani jeung manusa jasmani. Misalna, ”manusa jasmani mah teu daék narima hal-hal nu disingkabkeun ku kawasa suci Allah”, atawa embung diajar ku Allah. (1 Korintus 2:14-16) Terus, manusa jasmani gé teu resep kana karukunan sarta teu resep barangbéré. Maranéhna leuwih resep ”pasirik-sirik jeung paraséa”. (1 Korintus 3:1-3) Salian ti éta, manusa jasmani téh resep ngahina sarta mecah belah. Ku Alkitab, maranéhna disebut ”siga sato, jeung teu boga karohanian”.​—Yudas 19; Siloka 16:28. b

Dina artikel ieu

 Ku naon manusa bisa boga kahayang pikeun akrab jeung Allah?

 Manusa téh diciptakeunana mirip jeung Allah. (Kajadian 1:27) Jadi, teu héran mun loba jalma hayang akrab jeung Allah sarta ngahargaan hal-hal rohani, teu ngan mentingkeun hal-hal matéri atawa jasmani hungkul.

 Ti barang lahir, urang téh boga sipat-sipat saperti Allah Yéhuwa c, misalna resep rukun, karunyaan, jeung teu beurat sabeulah. (Yakobus 3:17) Mun urang sakuat tanaga nuturkeun paréntah-paréntah Allah, Anjeunna bakal ngagunakeun kawasa suci-Na pikeun mantuan urang supaya bisa leuwih akrab jeung Anjeunna.​—Kisah 5:32.

 Ku naon urang kudu akrab jeung Allah?

 Jalma nu akrab jeung Allah bakal meunang ”kahirupan jeung katengtreman”. (Roma 8:6) Dua hal ieu téh kurnia ti Allah nu gedé pisan nilaina.

  •   Kahirupan: Allah jangji bakal méré kahirupan nu langgeng ka jalma nu akrab jeung Anjeunna.​—Yahya 17:3; Galatia 6:8.

  •   Katengtreman: Jalma-jalma nu ngan mentingkeun kahayang jasmani sarta embung akrab jeung Allah téh bakal jadi musuh Anjeunna. (Roma 8:7) Sabalikna, jalma-jalma nu hayang akrab jeung Allah mah bakal dibéré berkah, nyaéta ”katengtreman ti Allah, nu teu kahontal ku akal manusa”. (Filipi 4:6, 7) Katengtreman jiga kieu téh bisa mawa kabagjaan nu sajati.​—Matius 5:3.

 Kumaha supaya urang bisa akrab jeung Allah?

  •   Diajar paréntah-paréntah Allah jeung ngajalankeunana. Urang bisa apal jeung ngajalankeun paréntah Allah mun urang maca Alkitab, sabab Alkitab téh ditulis ku priya-priya nu ”dijurung ku kawasa suci”. Maranéhna nuliskeun pipikiran Allah. (2 Pétrus 1:21) Ku cara diajar Alkitab, urang gé bisa ibadah ka Allah nuturkeun ”bingbingan kawasa suci sarta hal-hal nu bener”, atawa nu sajalan jeung kahayang Allah.​—Yahya 4:24.

  •   Ngadoa ménta bantuan Allah. (Lukas 11:13) Allah bakal ngabantu urang miboga sipat-sipat nu hadé supaya urang bisa akrab jeung Anjeunna. (Galatia 5:22, 23) Ku cara ngadoa, urang gé bisa bijaksana waktu nyanghareupan masalah-masalah dina kahirupan.​—Yakobus 1:5.

  •   Gaul jeung jalma-jalma nu akrab jeung Allah. Maranéhna téh bisa ngabantu urang pikeun akrab jeung Allah. (Roma 1:11, 12) Tapi mun urang gaul jeung jalma-jalma nu embung akrab jeung Allah, urang gé bisa ngajauh ti Anjeunna.​—Yakobus 4:4.

 Naha jalma nu taat kana agamana téh geus pasti akrab jeung Allah?

 Jalma nu taat kana agamana teu otomatis bisa akrab jeung Allah. Alkitab nyebutkeun, ”Lamun aya nu ngarasa dirina téh jalma soléh tapi teu ngadalikeun létahna, manéhna téh ngabobodo haténa sorangan, jeung ibadahna percumah.”​—Yakobus 1:26, catetan handap.

 Terus Alkitab gé nunjukkeun, jalma nu akrab jeung Allah bakal ibadah maké cara ibadah nu ditarima ku Anjeunna. Maranéhna bakal nuturkeun bingbingan ti ”hiji kawasa suci”, nyaéta kawasa suci Allah. Jadi, maranéhna bakal ibadah babarengan sabagé ”hiji awak” jeung ”ngajaga kasatunggalan nu dihasilkeun ku kawasa suci, sarta hirup rukun”.—Éfésus 4:1-4.

 Kasalahpahaman ngeunaan hubungan nu akrab jeung Allah

 Kasalahpahaman: Saurang jalma bisa ngalakukeun sagala cara sakahayangna supaya bisa akrab jeung Allah sarta jadi jalma nu leuwih hadé.

 Fakta: Ceuk Alkitab, mun saurang jalma hayang akrab jeung Allah, manéhna perlu bingbingan Allah. Supaya bisa kitu, manéhna kudu yakin heula Yéhuwa téh Nu Nyipta, sarta manéhna gé kudu daék ngajalankeun kahayang Yéhuwa.​—Jabur 100:3.

 Kasalahpahaman: Saurang jalma bisa akrab jeung Allah mun manéhna nyiksa dirina sorangan atawa teu nuturkeun sagala kahayangna.

 Fakta: Jalma nu nyiksa awak téh sabenerna ”nyieun ibadah sorangan”. Terus, pipikiran jiga kitu téh justru ngajauhkeun manéhna ti Allah. (Kolose 2:18, 23) Alkitab nyebutkeun, jalma nu akrab jeung Allah téh bakal bagja, lainna meunang kanyeri.​—Siloka 10:22, Terjemahan Dunia Baru.

 Kasalahpahaman: Jalma nu bisa komunikasi jeung alam roh téh bisa akrab jeung Allah.

 Fakta: Jalma nu osok komunikasi jeung alam roh biasana percaya yén arwah jalma nu maot masih bisa komunikasi jeung nu harirup kénéh. Tapi Alkitab ngajarkeun, nu maot mah geus teu nyaho naon-naon. (Pandita 9:5) Jalma nu komunikasi jeung alam roh téh sabenerna komunikasi jeung roh-roh jahat, nu jadi musuhna Allah. Hal jiga kieu téh teu dipikaresep ku Allah, jadi manéhna moal bisa akrab jeung Allah.​—Imamat 20:6; Ulangan 18:11, 12.

 Kasalahpahaman: Kabéh mahluk bisa akrab jeung Allah.

 Fakta: Kabéh ciptaan Allah téh mémang ngamulyakeun Anjeunna. (Jabur 145:10; Roma 1:20) Tapi, ngan manusa jeung malaikat nu bisa akrab jeung Allah, ciptaan séjénna mah teu bisa. Misalna sato. Sato teu bisa akrab jeung Allah sabab sato mah ngan nuturkeun nalurina supaya bisa tetep hirup. (2 Pétrus 2:12) Malah Alkitab nyebutkeun, jalma nu teu bisa akrab jeung Allah téh ”siga sato” nu teu boga pikiran.​—Yakobus 3:15; Yudas 19.

a Dina basa aslina, kecap ”roh” nu aya dina Alkitab téh hartina ”napas”. Kecap éta ogé bisa ngamaksudkeun hal-hal nu sabenerna mah aya tapi teu katingali. Alkitab ngagambarkeun Allah sabagé Pribadi Roh nu Pangagungna. Jalma nu hayang Akrab jeung Allah bakal daék nuturkeun kahayang Allah sarta dibingbing ku kawasa suci-Na.

b Dina Alkitab, kecap ”manusa jasmani” téh dipaké pikeun ngamaksudkeun jalma-jalma nu nuturkeun kahayangna atawa kabutuhan jasmanina hungkul. Maranéhna teu nuturkeun patokan-patokan ti Allah.

c Yéhuwa téh nami Allah nu dicatet dina Alkitab.​—Jabur 83:18, Terjemahan Dunia Baru.