Jabur 145:1-21

  • Muji ka Allah, Raja nu agung

    • ’Abdi bakal nguarkeun kaagungan Allah’ (6)

    • ”Yéhuwa téh bageur ka sadaya ciptaan” (9)

    • ’Hamba Gusti nu satia bakal muji Gusti’ (10)

    • Pamaréntahan Allah nu langgeng (13)

    • Allah nyumponan kahayang sagala mahluk hirup (16)

Pujian Daud. א [Alef] 145  Abdi badé ngagungkeun Gusti, nun Allah, Raja abdi. Abdi badé muji nami Gusti pikeun salalanggengna. ב [Bet]   Sadinten jeput abdi badé muji Gusti,Abdi badé muji nami Gusti pikeun salalanggengna. ג [Gimel]   Yéhuwa téh agung jeung layak dipuji,Kaagungana-Na teu kahontal ku akal. ד [Dalet]   Jalma-jalma bakal muji padamelan Gusti ti jaman ka jaman,Maranéhna bakal nyaritakeun padamelan Gusti nu hébat. ה [He]   Maranéhna bakal nyaritakeun kamulyaan jeung kahormatan Gusti,Abdi bakal mikirkeun padamelan Gusti nu kacida hébatna. ו [Waw]   Maranéhna bakal nyaritakeun tindakan* Gusti nu matak tajub,Abdi bakal nguarkeun kaagungan Gusti. ז [Zayin]   Waktu inget kana kasaéan Gusti nu sakitu seueurna, maranéhna terus muji Gusti. Maranéhna surak gumbira ku lantaran Gusti téh adil. ח [Khet]   Yéhuwa téh karunyaan jeung welas asih, teu gancang ambek jeung nyaahan pisan.* ט [Tet]   Yéhuwa téh bageur ka sadaya ciptaan. Tina hasil karya-Na, katingal Anjeunna téh karunyaan. י [Yod] 10  Nun Yéhuwa, sadaya ciptaan bakal ngamulyakeun Gusti. Hamba Gusti nu satia gé bakal muji Gusti. כ [Kaf] 11  Maranéhna bakal nguarkeun pamaréntahan Gusti nu mulyaSarta bakal nyaritakeun kakuatan Gusti, ל [Lamed] 12  Sangkan jalma-jalma tarerangeun kana tindakan Gusti nu hébatSarta pamaréntahan Gusti nu mulya. מ [Mem] 13  Pamaréntahan Gusti bakal aya salalanggengna,Sarta kakawasaan Gusti bakal terus aya ti jaman ka jaman. ס [Samekh] 14  Yéhuwa nulungan sadaya jalma nu téréh tigubragSarta nguatkeun sadaya nu kabeungbeurat ku masalah. ע [Ayin] 15  Sadaya ciptaan ngaharep ka Gusti. Gusti masihan tuangeun dina waktuna. פ [Pe] 16  Gusti nyumponan pangabutuh*Sarta nyumponan kahayang sagala mahluk hirup nepi ka puas. צ [Tsade] 17  Sagala nu dilampahkeun ku Yéhuwa téh bener,Sagala tindakana-Na némbongkeun Anjeunna téh satia. ק [Qof] 18  Yéhuwa raket ka jalma-jalma nu sasambat ka Anjeunna,Nu sapinuh haté sasambat ka Anjeunna. ר [Res] 19  Anjeunna nyumponan kahayang jalma-jalma nu hormat* ka Anjeunna. Anjeunna ngadangukeun waktu maranéhna ménta tulung, seug nyalametkeun maranéhna. ש [Syin] 20  Yéhuwa bakal ngajaga jalma-jalma nu nyaah ka Anjeunna,Sabalikna nu jahat mah bakal dibinasakeun ku Anjeunna. ת [Taw] 21  Biwir abdi bakal muji Yéhuwa. Mugia sadaya jalmi muji nami suci Anjeunna salalanggengna.

Catetan Tambihan

Atawa ”kawasa”.
Atawa ”jeung jembar ku asih satia”.
As. ”Gusti muka panangan Gusti”.
As. ”sieun”.