Nu Ditulis ku Yahya 4:1-54

  • Isa jeung awéwé Samaria (1-38)

    • Nyembah Allah ”sajalan jeung bingbingan kawasa suci sarta hal-hal nu bener” (23, 24)

  • Loba urang Samaria boga iman ka Isa (39-42)

  • Isa nyageurkeun anakna pajabat istana (43-54)

4  Juragan nyahoeun urang Farisi geus meunang béja yén manéhna boga leuwih loba murid jeung ngabaptis leuwih loba jalma tibatan Yahya.  (Sabenerna nu ngabaptis téh lain Isa, tapi murid-muridna.)  Jadi, manéhna ninggalkeun Yudéa jeung indit deui ka Galiléa.  Tapi, jalanna kudu liwat Samaria.  Manéhna nepi di kota Sikhar di Samaria, deukeut lahan milik Yakub nu dibikeun ka Yusuf, anakna.  Di dinya aya sumur Yakub. Isa capéeun sanggeus iinditan, jadi gék manéhna diuk di sisi éta sumur.* Harita téh kira-kira jam 12 beurang.*  Saurang awéwé Samaria datang rék nimba cai. Isa ngomong ka manéhna, ”Cik ménta cai, hayang nginum.”  (Ari murid-muridna mah keur meuli dahareun ka kota.)  Awéwé Samaria éta ngomong, ”Bapa pan urang Yahudi, maenya ménta nginum ka abdi, awéwé Samaria?” (Sabab urang Yahudi tara ngomong jeung urang Samaria.) 10  Isa ngajawab, ”Coba mun Nyai nyaho kurnia ti Allah jeung nyaho saha nu ménta cai ka Nyai, Nyai bakal ménta cai ka manéhna jeung Nyai bakal dibéré cai kahirupan.” 11  Ceuk manéhna, ”Bapa rék méré cai kahirupan ti mana? Pan Bapa teu boga timba, sumurna jero deuih. 12  Ieu sumur téh warisan ti Yakub, karuhun bangsa abdi. Yakub, putra-putrana, jeung ingon-ingonna nginum ti dieu. Bapa leuwih punjul ti Yakub, kitu?” 13  Dijawab ku Isa, ”Nu nginum cai ti dieu mah bakal haus deui. 14  Tapi, nu nginum cai ti urang moal haus deui. Cai ti urang ieu bakal kawas cinyusu di jero dirina nu ngabudalkeun cai nu matak hirup langgeng.” 15  Ceuk éta awéwé, ”Pa, ménta atuh caina ngarah abdi teu haus deui jeung teu kudu bulak-balik nimba cai ka dieu.” 16  Ceuk Isa ka manéhna, ”Sok geroan heula salaki Nyai sina ka dieu.” 17  Awéwé éta ngajawab, ”Abdi mah teu boga salaki.” Isa ngomong, ”Bener ceuk Nyai teu boga salaki téh. 18  Da Nyai geus lima kali boga salaki. Nu ayeuna bareng jeung Nyai téh lain salaki Nyai. Omongan Nyai téh bener.” 19  Ceuk éta awéwé, ”Bapa pasti nabi. 20  Karuhun abdi mah ibadahna di gunung ieu, tapi ceuk bangsa Bapa mah ibadah téh kudu di Yérusalém.” 21  Isa ngomong ka manéhna, ”Nyai, sing percaya, bakal datang mangsana maranéh ibadah ka Allah téh lain di gunung ieu, lain di Yérusalém. 22  Maranéh mah teu kenal ka nu disembah ku maranéh, ari urang kabéh mah kenal, sabab nu mimiti disalametkeun téh* urang Yahudi. 23  Tapi engké dina waktuna, malahan ti ayeuna kénéh, hamba Allah nu sajati bakal nyembah Anjeunna sajalan jeung bingbingan kawasa suci sarta hal-hal nu bener, sabab Allah néangan jalma-jalma nu siga kitu. 24  Allah téh Roh, jadi jalma-jalma nu nyembah Anjeunna nyembahna téh kudu sajalan jeung bingbingan kawasa suci sarta hal-hal nu bener.” 25  Awéwé éta ngomong, ”Abdi apal Mésias nu disebut Al-Masih bakal datang. Mun manéhna datang, manéhna bakal nerangkeun sagala hal ka urang kabéh.” 26  Ceuk Isa ka manéhna, ”Urang jelemana, nu keur ngomong jeung Nyai.” 27  Jol murid-muridna daratang, maranéhna reuwas ningali Isa ngomong jeung saurang awéwé. Tapi nya tangtu, euweuh nu wani ngomong, ”Jang naon ngomong ka manéhna?” atawa ”Ku naon bet ngomong jeung manéhna?” 28  Ari awéwé éta cul waé ninggalkeun wadah caina tuluy ngagidig ka kota ngabéjaan jalma-jalma, 29  ”Hayu geura urang tingali jalma nu nyebutkeun sagala kalakuan kuring baheula. Boa-boa manéhna téh Al-Masih téa!” 30  Brul maranéhna arindit ti kota jeung manggihan Isa. 31  Harita, murid-muridna ngadesek manéhna, ”Rabi,* geura dahar.” 32  Tapi, manéhna ngomong, ”Urang geus boga dahareun, tapi maranéh teu nyaho éta téh naon.” 33  Murid-muridna silih tanya jeung pada baturna, ”Euweuh nu méré dahareun ka manéhna, pan?” 34  Isa ngomong ka maranéhna, ”Dahareun urang mah ngalaksanakeun kahayang Anjeunna nu ngutus urang jeung ngaréngsékeun tugas ti Anjeunna. 35  Maranéh ngomong panén téh opat bulan deui. Tapi urang ngabéjaan: Sok tempo éta lahan, geus barodas siap dipanén. 36  Anu ngala geus diburuhan jeung ngumpulkeun buahna. Buahna téh jalma-jalma nu ngawaris hirup abadi. Jadi, boh nu melak boh nu ngala sarua bungah. 37  Ngeunaan hal ieu, bener ceuk paribasa: Nu hiji melak, nu séjénna ngala. 38  Maranéh diutus pikeun ngala naon nu teu dipelak ku maranéh. Maranéh meunang hasil nu alus tina pagawéan batur.” 39  Loba urang Samaria ti kota éta jadi boga iman ka manéhna lantaran awéwé éta nyarita, ”Manéhna nyebutkeun sagala kalakuan kuring baheula.” 40  Waktu urang Samaria manggihan Isa, maranéhna ménta supaya manéhna cicing bareng jeung maranéhna. Jadi, Isa cicing di dinya dua poé. 41  Hasilna, beuki loba baé nu percaya kana omongan manéhna. 42  Maranéhna ngomong ka awéwé éta, ”Ayeuna urang percaya téh lain ku omongan manéh hungkul, urang gé geus ngadéngé sorangan. Urang nyaho manéhna nu bakal nyalametkeun dunya.” 43  Sanggeus dua poé, manéhna indit ti dinya terus ka Galiléa. 44  Isa nyebutkeun yén euweuh nabi nu dihargaan di lemburna sorangan. 45  Tapi barang nepi di Galiléa, Isa disambut ku urang Galiléa, sabab maranéhna pernah ningali sagala hal nu dilakukeun ku Isa basa maranéhna datang ka parayaan di Yérusalém. 46  Tuluy manéhna datang deui ka Kana di Galiléa, tempat manéhna ngarobah cai jadi cianggur. Di dinya aya hiji pajabat istana nu anak lalakina keur gering di Kapernaum. 47  Basa ngadéngé Isa datang ka Galiléa ti Yudéa, manéhna ngadatangan Isa jeung méménta supaya Isa milu jeung manéhna ka Kapernaum pikeun nyageurkeun budakna nu keur sakarat. 48  Tapi Isa ngomong ka manéhna, ”Maranéh mah moal percaya lamun teu ningali tanda jeung mujijat.” 49  Pajabat istana éta ngomong, ”Juragan, hayu atuh datang, saacan budak abdi maot.” 50  Isa ngomong ka manéhna, ”Sok balik, budak manéh geus cageur.” Manéhna percaya kana omongan Isa tuluy indit. 51  Tapi pas keur di jalan, manéhna dipapag ku para palayanna nu méré nyaho budakna geus cageur. 52  Jadi, manéhna nanyakeun jam sabaraha cageurna. Dijawab ku maranéhna, ”Muriangna cageur kamari, kira-kira jam hiji beurang.”* 53  Bapa budak éta ingeteun, jamna téh pas pisan jeung waktu Isa ngomong, ”Budak manéh geus cageur.” Jadi, manéhna jeung saeusi imahna percaya ka Isa. 54  Ieu téh mujijat nu kadua waktu Isa datang ka Galiléa ti Yudéa.

Catetan Tambihan

Atawa ”cinyusu”.
As. ”jam nu kagenep [sanggeus meleték panonpoé]”.
Atawa ”sabab kasalametan téh asalna ti”.
Atawa ”Guru”.
As. ”jam nu katujuh [sanggeus meleték panonpoé]”.