1 Korintus 2:1-16

  • Paulus ngawawar di Korintus (1-5)

  • Kabijaksanaan Allah leuwih unggul (6-10)

  • Bédana manusa rohani jeung manusa jasmani (11-16)

2  Dulur-dulur, waktu kuring datang ngawartakeun rasiah suci Allah ka aranjeun, kuring teu maké kekecapan nu luhur atawa mamérkeun kabijaksanaan,  sabab basa kuring bareng jeung aranjeun, kuring boga tékad teu nyaritakeun nanaon salian ti nyaritakeun Isa Al-Masih nu geus dipaéhan dina tihang.  Harita, kuring téh ngarasa teu sanggup,* sieun, jeung geumpeur pisan.  Omongan jeung pangajaran kuring gé teu maké kekecapan anu bijaksana pikeun ngayakinkeun aranjeun, tapi maké kekecapan nu némbongkeun kakuatan ti kawasa suci,  supaya aranjeun boga iman téh ka kawasa Allah, lain ka kabijaksanaan manusa.  Ayeuna, di antara jalma nu arasak rohani, urang kabéh ngomongkeun ngeunaan kabijaksanaan, tapi lain kabijaksanaan dunya* ieu atawa kabijaksanaan para pangawasana nu bakal dimusnakeun.  Nu diomongkeun ku urang kabéh téh nyaéta kabijaksanaan* Allah, nu buni dina rasiah suci. Éta téh geus ditetepkeun ku Allah saacan ayana dunya nu jahat* ieu, demi kamulyaan urang kabéh.  Para pangawasa dunya* euweuh nu nyaho kana kabijaksanaan ieu, lamun nyahoeun mah maranéhna moal maéhan* Juragan urang nu mulya.  Tapi sakumaha nu ditulis dina Kitab Suci, ”Euweuh nu pernah ningali, euweuh nu pernah ngadéngé, euweuh ogé nu pernah ngabayangkeun hal-hal nu geus disiapkeun ku Allah keur jalma-jalma nu nyaah ka Anjeunna.” 10  Allah mah nyingkabkeunana téh ka urang kabéh liwat kawasa suci-Na, sabab kawasa suci nyingkabkeun sagala hal, kaasup pamikiran Allah nu jero. 11  Saha nu bisa nyaho pikiran saurang jalma salian ti dirina sorangan? Nya kitu ogé, euweuh nu nyaho pikiran Allah kajaba éta disingkabkeun ku kawasa suci Allah. 12  Nu ngabingbing urang téh kawasa suci Allah, lain pikiran* dunya. Ku kituna, urang bisa ngarti hal-hal nu dikurniakeun ku Allah ka urang. 13  Urang gé nyaritakeun hal-hal ieu lain ku kekecapan nu diajarkeun ku kabijaksanaan manusa, tapi ku kekecapan nu diajarkeun ku kawasa suci. Jadi, urang maké kekecapan rohani pikeun ngajelaskeun hal-hal rohani. 14  Manusa jasmani mah teu daék narima hal-hal nu disingkabkeun ku kawasa suci Allah. Hal-hal éta dianggap teu asup akal jeung teu bisa dipikaharti ku manéhna, lantaran hal-hal éta kudu dipariksa ku bantuan kawasa suci. 15  Ari manusa rohani mah mariksa sagala hal, tapi manéhna moal bisa dihakiman ku sasaha. 16  Aya ayat nu nyebutkeun, ”Saha nu nyaho pikiran Yéhuwa nepi ka bisa ngajar Anjeunna?” Sanajan kitu, urang kabéh miboga pikiran Al-Masih.

Catetan Tambihan

As. ”lemah”.
Atawa ”sistim dunya”. Tingali Daptar Istilah.
Atawa ”hikmat”.
Atawa ”sistim-sistim dunya”. Tingali ”Sistim dunya” dina Daptar Istilah.
Atawa ”sistim dunya”. Tingali Daptar Istilah.
Atawa ”maéhan dina tihang”.
As. ”roh”. Tingali Daptar Istilah.