Nu Ditulis ku Lukas 11:1-54

  • Carana ngadoa (1-13)

    • Conto doa (2-4)

  • Roh jahat diusir ku kawasa Allah (14-23)

  • Lamun roh jahat balik deui (24-26)

  • Kabagjaan sajati (27, 28)

  • Tanda Nabi Yunus (29-32)

  • Lampuna awak (33-36)

  • Cilaka pamingpin agama nu munapék (37-54)

11  Sakali waktu, Isa ngadoa di hiji tempat. Sanggeus bérés, saurang muridna ngomong kieu, ”Juragan, ajar urang kabéh carana ngadoa, siga Yahya ka murid-muridna.”  Jadi ceuk Isa ka maranéhna, ”Ngadoa téh kieu, ’Bapa, mugia nami Bapa disucikeun.* Mugia Pamaréntahan Bapa geura ngawasa.  Abdi nyuhunkeun dipasihan tuangeun* nu dibutuhkeun unggal poé.  Hampura dosa abdi, abdi gé geus ngahampura unggal jalma nu boga dosa* ka abdi. Tulungan abdi supaya teu nyerah* ka gogoda.’”  Geus kitu manéhna ngomong deui, ”Upamana salah saurang ti maranéh datang ka imah babaturan tengah peuting jeung ngomong, ’Lur, nginjeum roti tilu siki.  Aya babaturan urang nu datang ti jauh. Urang teu boga nanaon keur nyuguhan.’  Tapi manéhna ngajawab ti jero imah, ’Tong ngaganggu lah. Pantona geus dikoncian, jaba barudak geus sararé bareng jeung urang. Urang teu bisa hudang jeung barangbéré ka manéh.’  Urang ngabéjaan, sanajan manéhna téh babaturan manéh, manéhna embung hudang jeung barangbéré. Tapi, ku sabab manéh keukeuh ménta, manéhna bakal hudang jeung méré naon waé kaperluan manéh.  Jadi, urang ngabéjaan, tong eureun ménta, tangtu dibéré; tong eureun néangan, pasti kapanggih; tong eureun ngetrok, pasti pantona dibuka, 10  sabab saha waé anu ménta bakal dibéré, saha waé anu néangan bakal manggih, jeung saha waé anu ngetrok bakal dipangmukakeun. 11  Cik, aya kitu bapa nu téga méré oray ka budakna nu ménta lauk? 12  Atawa mun budakna ménta endog, piraku dibéré kalajengking! 13  Jadi, lamun maranéh nu boga dosa waé gé nyaho méré nu hadé ka budak, komo deui Bapa di sorga! Anjeunna pasti méré kawasa suci ka jalma nu ménta.” 14  Ka dieunakeun, manéhna ngusir roh jahat nu nyababkeun saurang jalma jadi pireu. Sanggeus roh jahatna kaluar, jalmana jadi bisa ngomong. Jalma réa téh tarajubeun. 15  Tapi aya nu ngomong kieu, ”Si éta bisa ngusir roh-roh jahat téh da dibantuan ku Béélzébul,* pangawasa roh-roh jahat.” 16  Aya ogé nu ngadoja manéhna ku cara ménta tanda ti sorga. 17  Lantaran nyaho nu dipikirkeun ku maranéhna, Isa ngomong, ”Unggal karajaan anu papecah bakal ancur. Unggal rumah tangga anu papecah ogé bakal paburantak. 18  Kitu ogé, lamun Sétan merangan dirina sorangan, kumaha karajaanana bisa terus ngadeg? Da ceuk maranéh, urang ngusir roh-roh jahat téh dibantuan ku Béélzébul. 19  Lamun urang ngusir roh-roh jahat ku bantuan Béélzébul, murid-murid maranéh dibantuan ku saha? Murid-murid maranéh sorangan nu nunjukkeun omongan maranéh téh salah. 20  Tapi lamun urang ngusir roh-roh jahat ku bantuan kawasa* Allah, éta nandakeun Pamaréntahan Allah geus aya, ngan maranéh teu sadar. 21  Upama hiji imah dijaga ku saurang jalma nu kuat jeung boga senjata lengkep, harta bandana tangtu aman. 22  Tapi lamun aya jalma nu leuwih kuat nyerang jeung ngéléhkeun manéhna, kabéh senjata andelanana tangtu dirampas, harta bandana gé dicokot jeung dibagi-bagikeun. 23  Saha waé nu teu mihak ka urang, éta hartina ngalawan urang, jeung saha waé nu teu ngumpulkeun bareng jeung urang, éta hartina nyababkeun jalma-jalma paburencay. 24  ”Aya roh jahat kaluar ti saurang jalma. Manéhna ngaliwatan gurun-gurun kukulayaban néangan tempat pamatuhan, tapi teu manggihan. Geus kitu manéhna ngomong, ’Aing rék balik deui ah ka imah aing baheula.’ 25  Pas nepi ka dinya, ari pék téh imahna geus dibersihan jeung dihias. 26  Seug manéhna indit heula, balikna mawa batur tujuhan, roh-roh nu leuwih jahat ti manéhna. Maranéhna asup, tuluy matuh di dinya. Ahirna, kaayaan jalma éta jadi leuwih parah tibatan saacanna.” 27  Waktu manéhna ngomong kénéh, saurang awéwé ti antara jalma réa ngomong tarik, ”Bagja indung nu ngandung jeung nyusuan anjeun!” 28  Tapi ceuk manéhna, ”Lain. Nu bagja mah jalma nu ngadéngékeun firman Allah jeung ngalampahkeunana!” 29  Waktu jalma réa geus karumpul, manéhna ngomong, ”Jalma-jalma jaman ayeuna téh jahat. Maranéhna terus ménta tanda, tapi moal dibéré salian ti tanda Yunus. 30  Sakumaha Yunus jadi tanda keur urang Niniwé, Putra manusa gé bakal jadi tanda keur jalma-jalma jaman ayeuna. 31  Dina Poé Pangadilan, ratu nagri Syéba* jeung jalma-jalma jaman ayeuna bakal dihirupkeun deui. Ratu éta bakal ngabuktikeun maranéhna salah, lantaran manéhna datang jauh-jauh hayang ngadéngékeun kekecapan Sulaéman nu bijaksana.* Tapi, di dieu aya jalma nu leuwih penting tibatan Sulaéman. 32  Dina Poé Pangadilan, urang Niniwé jeung jalma-jalma jaman ayeuna bakal dihirupkeun deui. Urang Niniwé bakal ngabuktikeun jalma-jalma ieu salah, lantaran urang Niniwé mah tarobat basa dibéjaan ku Yunus. Tapi, di dieu aya jalma nu leuwih penting tibatan Yunus. 33  Moal aya jelema nu nyeungeut lampu tuluy disumputkeun atawa dituruban ku karanjang, tapi diteundeun di tempat nu luhur, ngarah nu asup ka rohangan bisa kacaangan. 34  Panon téh lampuna awak. Lamun panon manéh ningali hal nu hadé hungkul,* sakujur awak gé cahayaan. Tapi lamun panon manéh sirikan,* awak manéh gé poék. 35  Ati-ati, bisi naon nu dianggap caang dina diri manéh téh poék, lainna caang. 36  Tapi, lamun sakujur awak manéh cahayaan, euweuh nu poék, awak manéh bakal sarua caangna jeung lampu nu nyaangan manéh.” 37  Sanggeus ngomong kitu, aya saurang Farisi nu ngondang Isa dahar bareng jeung manéhna. Jadi Isa datang ka imahna, diuk, tuluy dahar. 38  Urang Farisi éta héraneun ningali manéhna teu ngumbah leungeun* heula saacan dahar. 39  Tapi, Juragan ngomong ka manéhna, ”Éh maranéh, urang Farisi, mangkok jeung piring ku maranéh dibersihan luarna, ari maranéh, jerona pinuh ku kasarakahan jeung kajahatan. 40  Maranéh teu asup akal! Nu nyieun bagian luar, nyieun bagian jerona ogé, pan? 41  Jadi mun méré sidekah, kudu iklas ti jero haté ngarah diri maranéh bener-bener bersih. 42  Cilaka maranéh, urang Farisi, sabab maranéh méré sapersapuluh mint, inggu,* jeung rempah-rempah* séjénna, tapi maranéh teu ngajalankeun kaadilan jeung teu nyaah ka Allah! Mémang méré perpuluhan téh wajib, tapi hal-hal séjénna gé ulah dilalaworakeun. 43  Cilaka maranéh, urang Farisi, sabab di tempat ibadah, maranéh resep diuk panghareupna,* jeung resep lamun jalma-jalma di pasar pada ngucapkeun salam! 44  Cilaka maranéh, sabab maranéh kawas kuburan nu teu ditandaan, jadi jalma-jalma nu ngaliwat ka dinya teu nyahoeun maranéhna geus nincak kuburan!” 45  Ngadéngé kitu saurang guru Torét ngomong ka manéhna, ”Guru, urang gé milu kahina ku omongan Guru.” 46  Tuluy ceuk manéhna, ”Cilaka ogé maranéh guru-guru Torét, sabab maranéh méré beban nu beurat keur jalma-jalma, tapi maranéh sorangan teu daék noél-noél acan beban éta! 47  ”Cilaka maranéh, sabab maranéh ngabangun makam para nabi padahal nu maéhanana téh karuhun maranéh! 48  Maranéh pasti nyaho naon nu dilakukeun ku karuhun maranéh jeung satuju deuih, lantaran karuhun maranéh nu maéhan para nabi tapi maranéh nu ngabangun makamna. 49  Éta sababna, Allah nu bijaksana* ngomong kieu, ’Kuring bakal ngutus nabi-nabi jeung rasul-rasul, tapi sababaraha aya nu dipaéhan jeung dikaniaya ku maranéhna. 50  Ku kituna, jalma-jalma jaman ayeuna kudu tanggung jawab kana getih para nabi nu dikucurkeun ti mimiti ayana dunya,* 51  nyaéta ti getihna Habél nepi ka getihna Zakharia nu dipaéhan di antara mézbah jeung bait.’ Urang ngabéjaan deui, jalma-jalma jaman ayeuna nu kudu tanggung jawab. 52  ”Cilaka maranéh guru-guru Torét, sabab konci pikeun muka panto pangaweruh dicokot ku maranéh. Maranéh sorangan teu asup, tapi ngadon ngahalang-halang batur nu rék asup!” 53  Jadi, waktu indit ti dinya, manéhna dirubung ku para ahli Torét jeung urang Farisi bari dicehcer ku loba pananya. 54  Maranéhna ngadagoan Isa salah ngomong supaya bisa nuduh manéhna.

Catetan Tambihan

Atawa ”dianggap suci”.
As. ”roti”.
Atawa ”hutang”.
As. ”Jauhkeun abdi tina”.
Sebutan keur Sétan.
As. ”ramo”.
Atawa ”ngadéngékeun hikmat Sulaéman”.
As. ”ratu ti béh kidul”.
Atawa ”cékas”. As. ”saderhana”.
Maksudna, ningali loba hal. As. ”jahat”.
Maksudna, ngajalankeun tata cara ngumbah leungeun.
Pepelakan nu dipaké keur ubar jeung bungbu.
Atawa ”sayuran”.
Atawa ”di tempat nu pangalusna”.
Atawa ”nu boga hikmat”.
Maksudna, ti saprak turunan Adam jeung Hawa dilahirkeun.