Jabur 100:1-5

  • Ngucap sukur ka Allah nu nyiptakeun sagalana

    • ”Pék ngawula ka Yéhuwa bari suka bungah” (2)

    • ’Urang téh diciptakeun ku Allah’ (3)

Lagu ucapan sukur. 100  Hé sakuliah bumi, geura surak muji Yéhuwa.   Pék ngawula ka Yéhuwa bari suka bungah. Pék ngadep ka payuneun Anjeunna bari surak gumbira.   Kudu nyaho,* Yéhuwa téh Allah. Urang téh diciptakeun ku Anjeunna, urang milik Anjeunna.* Urang téh umat-Na sarta domba nu diangon ku Anjeunna.   Geura arasup ka lawang bait-Na bari ngucap sukur,Ka buruan-Na bari maruji. Ucapkeun sukur ka Anjeunna, puji nami-Na,   Sabab Yéhuwa téh bageur. Asih satia-Na aya keur salalanggengna. Anjeunna gé terus satia ti jaman ka jaman.

Catetan Tambihan

Atawa ”ngakukeun”.
Atawa bisa jadi ”lain ku urang sorangan”.