Roma 8:1-39

  • Kawasa suci mawa kahirupan jeung kabébasan (1-11)

  • Kawasa suci ngayakinkeun jalma nu diangkat jadi anak Allah (12-17)

  • Sakabéh ciptaan ngarep-ngarep kamerdékaan anak-anak Allah (18-25)

  • ’Kawasa suci nulungan urang ngungkabkeun kasusah haté’ (26, 27)

  • Jalma-jalma nu ditetepkeun ku Allah (28-30)

  • Unggul lantaran kanyaah Allah (31-39)

8  Ku kituna, saha waé nu ngahiji jeung Isa Al-Masih moal disebut salah.  Sabab hukum kawasa suci ngalantarankeun aranjeun hirup supaya bisa ngahiji jeung Isa Al-Masih. Hukum éta ogé ngabébaskeun aranjeun tina hukum dosa jeung hukum maot.  Hukum Torét teu bisa ngabébaskeun aranjeun lantaran manusa mah lemah jeung boga dosa, jadi Allah nu ngabébaskeun aranjeun. Anjeunna ngutus Putra-Na sabagé manusa* pikeun nyingkirkeun dosa. Ku cara éta, Allah ngahukum dosa manusa.  Ku kituna, urang bisa ngajalankeun hal-hal bener nu diparéntahkeun dina hukum Torét téh lantaran urang teu nuturkeun kahayang jasmani, tapi nuturkeun bingbingan kawasa suci.  Jalma nu nuturkeun kahayang jasmani ngan mikirkeun hal-hal jasmani, tapi jalma nu nuturkeun bingbingan kawasa suci ngan mikirkeun hal-hal nu sajalan jeung kawasa éta.  Sabab ngan mikirkeun kahayang jasmani mah hasilna maot, sabalikna ngan mikirkeun hal-hal nu sajalan jeung kawasa suci hasilna téh kahirupan jeung katengtreman.  Jalma nu ngan mikirkeun kahayang jasmani jadi musuh Allah sabab maranéhna teu taat kana hukum Allah, malah sabenerna maranéhna teu sanggup taat kana hukum éta.  Ku kituna, jalma nu nuturkeun kahayang jasmani moal bisa nyenangkeun Allah.  Lamun kawasa suci Allah bener-bener aya di aranjeun, aranjeun bakal nuturkeun kawasa éta, lainna nuturkeun kahayang jasmani. Salian ti éta, saha waé nu teu boga pikiran* Al-Masih, lain milikna Al-Masih. 10  Tapi, lamun aranjeun ngahiji jeung Al-Masih, kawasa suci ngalantarankeun aranjeun hirup sabab aranjeun geus disebut jalma bener, sanajan awak aranjeun maot ku lantaran dosa. 11  Ku kawasa suci-Na, Allah ngahirupkeun deui Isa Al-Masih. Lamun kawasa éta aya di aranjeun, Allah gé bakal ngagunakeun kawasa-Na pikeun ngahirupkeun awak aranjeun nu bisa maot. 12  Jadi dulur-dulur, urang mémang boga kawajiban, tapi lain keur nuturkeun kahayang jasmani. 13  Sabab lamun aranjeun nuturkeun kahayang jasmani, aranjeun pasti maot. Tapi lamun aranjeun maéhkeun kalakuan goréng ku bantuan kawasa suci, aranjeun bakal hirup. 14  Kabéh nu dibingbing ku kawasa suci Allah bener-bener anak Allah. 15  Kawasa suci henteu ngalantarankeun aranjeun diperbudak atawa ngarasa sieun deui. Tapi liwat kawasa éta, aranjeun diangkat jadi anak Allah jeung kageuing pikeun nyebut, ”Abba,* Bapa!” 16  Kawasa suci ngayakinkeun haté urang* yén urang téh anak-anak Allah. 17  Ku sabab urang téh anak Allah, urang gé bakal meunang warisan ti Allah salaku ahli waris bareng jeung Al-Masih. Lamun urang sangsara bareng jeung Al-Masih, urang gé bakal dimulyakeun bareng jeung manéhna. 18  Keur kuring mah, kasangsaraan urang ayeuna euweuh nanaonna lamun dibandingkeun jeung kamulyaan nu bakal ditémbongkeun liwat urang. 19  Kabéh ciptaan ngarep-ngarep pisan waktuna Allah némbongkeun kamulyaan anak-anak-Na. 20  Sabab kabéh ciptaan kudu ngajalankeun kahirupan nu euweuh gunana, lain ku kahayang sorangan tapi ku kahayang Allah nu ngidinan hal éta. Sanajan kitu, Allah méré harepan 21  yén sakabéh ciptaan ogé moal diperbudak deui ku dosa jeung maot, sarta narima kamerdékaan nu mulya salaku anak-anak Allah. 22  Urang apal yén sakabéh ciptaan tingaraduh jeung pada ngarasakeun kanyeri nepi ka ayeuna. 23  Salian ti maranéhna, urang nu narima kawasa suci, nyaéta bagian nu mimiti ti warisan éta, sarua tingaraduh di jero haté bari ngarep-ngarep pisan waktuna urang diangkat jadi anak-anak Allah. Dina waktu éta, urang bakal dileupaskeun tina awak urang ku jalan tebusan. 24  Basa urang disalametkeun, urang narima harepan éta. Tapi, lamun harepan saurang jalma geus jadi kanyataan, naon deui atuh nu rék diarep-arep ku manéhna? 25  Lamun harepan éta can jadi kanyataan, urang bakal terus sabar ngadagoan. 26  Kitu ogé, kawasa suci bisa nulungan urang waktu urang lemah. Sakapeung, urang nyaho kudu ngadoa, tapi teu nyaho naon nu kudu didoakeun. Tah, kawasa suci bisa nulungan urang ngungkabkeun kasusah haté nu teu kakedalkeun.* 27  Tapi Allah, nu mariksa haté, paham naon nu diungkabkeun ku bantuan kawasa éta, sabab nu diungkabkeunana téh sajalan jeung kahayang Allah keur jalma-jalma suci. 28  Urang apal Allah ngatur supaya sakabéh tindakana-Na téh tartib demi mangpaat jalma-jalma nu nyaah ka Anjeunna, nyaéta nu dipilih sakumaha kahayang-Na. 29  Ti mimiti kénéh, Anjeunna apal ngeunaan jalma-jalma nu bakal ditetepkeun jadi sarupa jeung Putra-Na. Ku kituna, Putra-Na bisa jadi nu cikal di antara loba dulur. 30  Salian ti éta, jalma-jalma nu ditetepkeun ti mimiti éta dipilih ogé ku Anjeunna. Jalma-jalma nu dipilih éta disebut jalma bener ku Anjeunna. Tungtungna, jalma-jalma nu disebut jalma bener éta dimulyakeun ku Anjeunna. 31  Jadi, tina ieu kabéh, naon kasimpulanana? Lamun Allah di pihak urang, saha nu bisa ngalawan ka urang? 32  Anjeunna geus sakitu iklasna masrahkeun Putra-Na keur urang kabéh, jadi Anjeunna gé tangtu méré sagala hal séjénna ka urang. 33  Lamun jalma-jalma nu dipilih Allah geus disebut jalma bener ku Anjeunna, saha nu bisa ngagugat maranéhna? 34  Saha nu bisa nyalahkeun maranéhna? Euweuh, lantaran Isa Al-Masih geus maot, malahan geus dihirupkeun deui, jeung ayeuna aya di katuhueun Allah. Manéhna nu mangnyuhunkeun keur urang. 35  Na aya nu bisa megatkeun urang tina kanyaah Al-Masih? Kasangsaraan, kasusahan, panganiayaan, kalaparan, kakurangan pakéan, bahaya, atawa pedang bisa megatkeun, kitu? 36  Sakumaha nu geus ditulis, ”Lantaran jadi umat Gusti, unggal waktu* urang sadaya kaancam bahaya pati, disaruakeun jeung domba peunciteun.” 37  Tapi, urang geus unggul ngéléhkeun éta kabéh ku pitulung Al-Masih nu nyaah ka urang. 38  Kuring mah yakin, teu sual maot atawa hirup, malaikat atawa pamaréntah, hal-hal nu aya ayeuna atawa nu bakal datang, atawa kawasa, 39  atawa hal-hal nu aya di luhur atawa di handap, atawa sakabéh ciptaan, moal aya nu bisa megatkeun urang tina kanyaah Allah nu ditémbongkeun liwat Isa Al-Masih Juragan urang.

Catetan Tambihan

Atawa ”dina wujud manusa nu boga dosa”.
As. ”roh”. Tingali Daptar Istilah.
Ieu téh kecap basa Ibrani atawa basa Aram nu hartina ”Bapa”, biasana dipaké ku budak leutik waktu ngageroan bapana.
As. ”méré kasaksian bareng jeung roh urang”. Tingali ”Roh” dina Daptar Istilah.
Atawa ”kaucapkeun”.
As. ”sapoé jeput”.