1 Korintus 3:1-23

  • Urang Korintus dikawasaan kénéh ku pikiran jasmani (1-4)

  • Allah nu ngajadikeunana (5-9)

    • Batur gawé Allah (9)

  • Ngabangun maké bahan nu tahan seuneu (10-15)

  • Aranjeun téh bait Allah (16, 17)

  • Kabijaksanaan dunya ieu dianggap bodo ku Allah (18-23)

3  Dulur-dulur, baheula kuring teu bisa ngomong ka aranjeun kawas ka manusa rohani, tapi kawas ka manusa jasmani nu siga orok kénéh sabagé urang Kristen.  Aranjeun kudu dibéré cisusu, lain dahareun nu teuas-teuas, sabab aranjeun can kuat. Malah ayeuna gé aranjeun can kuat kénéh.  Aranjeun masih kénéh dikawasaan ku pikiran jasmani. Aranjeun pasirik-sirik jeung paraséa. Lainna éta téh nyirikeun pikiran jasmani? Ari kitu mah kalakuan aranjeun téh sarua wéh jeung jalma-jalma di dunya.  Lamun aya nu ngomong, ”kuring muridna Paulus”, tapi nu séjénna ngomong, ”kuring muridna Apolos”, kalakuan aranjeun téh sarua jeung batur atuh?  Mémangna saha Apolos téh? Saha Paulus téh? Urang-urang mah ngan saukur palayan nu ngajalankeun tugas ti Gusti,* supaya aranjeun jadi murid Isa.  Kuring nu melakna, Apolos nu nyéborna, tapi nu ngajadikeunana mah Allah.  Ku kituna, nu penting mah lain nu melak atawa nu nyébor, tapi Allah nu ngajadikeunana.  Nu melak jeung nu nyébor boga tujuan nu sarua,* tapi masing-masing bakal meunang ganjaran nu saimbang jeung pagawéanana.  Urang-urang téh batur gawé Allah, ari aranjeun mah lahan nu digarap ku Allah, bangunan Allah. 10  Allah méré welas asih nu taya bandingna* ka kuring, éta sababna kuring masang pondasi siga tukang bangunan nu ahli,* tapi nu séjén ngabangun di luhureun pondasi éta. Unggal jalma kudu ati-ati ngabangunna. 11  Sabab moal aya nu bisa masang pondasi séjén pikeun ngagantikeun pondasi nu geus dipasang, nyaéta Isa Al-Masih. 12  Di luhureun pondasi éta, aya nu ngabangun maké emas, pérak, batu-batu mahal, kai, jukut garing, atawa jarami. 13  Tapi engké aya waktuna, pagawéan unggal jalma bakal kanyahoan hasilna, da bakal diuji ku seuneu. Seuneu bakal ngabuktikeun pagawéanana téh alus atawa goréng. 14  Lamun nu dibangun ku manéhna teu kaduruk ku seuneu, manéhna bakal meunang ganjaran. 15  Sabalikna lamun éta béak kaduruk, manéhna bakal rugi. Sanajan kitu, manéhna mah salamet, tapi kawas jalma nu luput ti jero seuneu. 16  Aranjeun teu apal kitu aranjeun téh bait Allah, jeung aya kawasa suci Allah dina diri aranjeun? 17  Lamun aya nu ngancurkeun bait Allah, manéhna bakal diancurkeun ku Allah, sabab bait Allah téh suci jeung aranjeun nu jadi bait éta. 18  Ulah ngabobodo manéh. Lamun di antara aranjeun aya nu ngarasa bijaksana dina pandangan dunya* ieu, mending manéhna jadi jelema bodo, ngarah jadi bijaksana dina pandangan Allah. 19  Sabab kabijaksanaan dunya ieu dianggap bodo ku Allah, sakumaha aya ayat nu nyebutkeun, ”Anjeunna ngajiret jalma bijaksana ku kapinteranana sorangan.” 20  Ayat séjénna nyebutkeun, ”Yéhuwa apal yén pipikiran jalma anu bijaksana téh euweuh hartina.” 21  Jadi, ulah ngagul-ngagulkeun manusa, sabab sagalana gé milik aranjeun. 22  Paulus, Apolos, Kéfas,* dunya ieu, kahirupan, maot, hal-hal nu aya ayeuna atawa nu bakal datang, kabéh milik aranjeun. 23  Ari aranjeun milik Al-Masih, ari Al-Masih milik Allah.

Catetan Tambihan

Yunani: Kyrios. Tingali Daptar Istilah.
As. ”téh hiji”.
Atawa ”mandor nu bijaksana”.
Atawa ”sistim dunya”. Tingali Daptar Istilah.
Ngaran séjénna Pétrus.