2 Pétrus 1:1-21

  • Salam (1)

  • Tetep satia salaku jalma nu disaur ku Allah (2-15)

    • Sipat-sipat nu kudu dipiboga salian ti iman (5-9)

  • Beuki yakin kana sagala nu diucapkeun ku Allah (16-21)

1  Ti Simon Pétrus, palayan jeung rasulna Isa Al-Masih, keur jalma-jalma nu geus narima pangajaran nu bener nu luhur nilaina, sakumaha nu ditarima ku urang-urang. Urang kabéh bisa meunangkeun ieu téh ku lantaran kaadilan Allah jeung kaadilan Jurusalamet urang Isa Al-Masih.  Mugia aranjeun narima leuwih loba welas asih nu taya bandingna* jeung katengtreman, lantaran aranjeun boga pangaweruh nu bener ngeunaan Allah jeung Isa Juragan urang.  Kawasa Allah geus ngurniakeun ka urang sagala nu bisa ngabantu urang hirup ngabakti ka Anjeunna, sabab urang boga pangaweruh nu bener ngeunaan Anjeunna. Allah milih urang lantaran Anjeunna téh Allah nu mulya jeung bageur.  Ku lantaran hal éta, Anjeunna geus ngurniakeun ka urang jangji-jangji nu luar biasa jeung luhur nilaina, supaya aranjeun bisa jadi mahluk roh saperti Allah, sanggeus aranjeun nyingkah tina hal-hal bejad di dunya ieu, nu dihasilkeun ku kahayang nu salah.*  Éta sababna, salian boga iman, aranjeun kudu satékah polah ngupayakeun jadi jalma bageur. Salian jadi jalma bageur, aranjeun kudu boga pangaweruh.  Salian boga pangaweruh, aranjeun kudu bisa nahan diri. Salian bisa nahan diri, aranjeun kudu tabah. Salian tabah, aranjeun kudu ngabdi ka Allah.  Salian ngabdi ka Allah, aranjeun kudu silih pikanyaah kawas ka kulawarga sorangan. Salian silih pikanyaah kawas ka kulawarga sorangan, aranjeun kudu nyaah ka sakabéh jalma.  Lamun aranjeun ngalampahkeun éta kabéh, jeung sering ngalampahkeunana, aranjeun moal nepi ka jadi pamalesan atawa teu nyieun kamajuan* dina nerapkeun pangaweruh nu bener ngeunaan Juragan urang Isa Al-Masih.  Ari jalma nu teu ngalampahkeun éta kabéh mah lolong, nutupan panonna tina caang,* jeung poho yén manéhna geus dibersihkeun tina dosa-dosana nu baheula. 10  Ku kituna dulur-dulur, upayakeun sakuat tanaga supaya aranjeun tetep satia salaku jalma-jalma nu disaur jeung dipilih ku Allah. Lamun aranjeun terus ngalampahkeun éta kabéh, aranjeun moal pegat iman. 11  Malah ku jalan kieu, aranjeun bakal narima berkah limpah, nyaéta diidinan asup ka Pamaréntahan nu langgeng milik Juragan jeung Jurusalamet urang Isa Al-Masih. 12  Éta sababna, kuring hayang terus ngingetkeun aranjeun kana hal-hal ieu, sanajan aranjeun geus nyaho jeung pengkuh dina bebeneran nu geus dibikeun ka aranjeun. 13  Salila aya dina raga* ieu, kuring mah ngarasa kudu ngingetkeun supaya aranjeun kageuing. 14  Kuring apal, kuring moal lila deui aya dina raga* ieu, sabab Juragan urang Isa Al-Masih geus méré nyaho jelas pisan ka kuring. 15  Kuring bakal sabisa-bisa ngingetkeun aranjeun, supaya sanggeus kuring indit, aranjeun sorangan bisa inget kana* hal-hal ieu. 16  Urang-urang méré nyaho aranjeun ngeunaan kawasa jeung kahadiran Juragan urang Isa Al-Masih téh lain ku dongéng-dongéng hébat jijieunan manusa. Sabalikna, urang-urang nyaksian sorangan kahébatanana. 17  Manéhna narima kahormatan jeung kamulyaan ti Allah, Bapa urang, basa Allah sumberna kamulyaan ngomong kieu ka manéhna, ”Tah ieu Putra Kuring téh. Kuring nyaah jeung resep ka manéhna.” 18  Urang-urang ngadéngé sora ieu ti langit waktu babarengan jeung manéhna di gunung nu suci. 19  Éta sababna, urang-urang jadi beuki yakin yén sagala nu diucapkeun Allah bakal laksana. Perhatikeun sakabéh ucapan éta nu nyaangan haté aranjeun siga lampu nu nyaangan tempat nu poék. Terus lampahkeun éta nepi ka bray caang jeung béntang isuk muncul. 20  Aranjeun pasti apal, ramalan dina Kitab Suci téh asalna lain tina pamikiran manusa. 21  Ramalan bisa aya téh lain ku kahayang manusa. Sabalikna, naon nu ditepikeun ku manusa asalna ti Allah, lantaran maranéhna dijurung ku kawasa suci.

Catetan Tambihan

Atawa ”ku hawa napsu”.
Atawa ”teu buahan”.
Atawa bisa jadi, ”lolong; rabun jauh”.
As. ”tabernakel”.
As. ”tabernakel”.
Atawa ”bisa nyebutkeun”.