Siloka 16:1-33

  • Yéhuwa mariksa niat haté (2)

  • Percayakeun sagalana ka Yéhuwa (3)

  • Timbangan nu bener téh asalna ti Yéhuwa (11)

  • Adigung balukarna ancur (18)

  • Huis téh lir makuta nu éndah (31)

16  Di jero haté, jelema mikirkeun kecap-kecap* nu rék diomongkeun,Tapi Yéhuwa nu ngabantu manéhna méré jawaban.*   Aya nu ngarasa sagala lampahna téh geus bener,*Tapi nu mariksa niat haté mah da Yéhuwa.   Percayakeun* sagala tindakan manéh ka Yéhuwa,Sangkan rencana-rencana manéh laksana.   Yéhuwa mastikeun sangkan sagalana sajalan jeung kahoyong-Na. Anjeunna gé mastikeun sangkan nu jarahat ditumpes.   Yéhuwa mikangéwa ka jalma nu haténa sombong, Nu kitu mah moal teu dihukum.   Ku kaasih* jeung kasatiaan, kasalahan téh dihampura,Sarta ku lantaran hormat* ka Yéhuwa, hiji jalma babalik pikir ti nu jahat.   Lamun Yéhuwa mikaresep jalan hirup hiji jalma,Musuh gé disina akur jeung manéhna.   Mending kénéh panghasilan saeutik tapi beunang jujur,Tibatan panghasilan gedé tapi beunang teu jujur.   Jelema bisa waé boga rencana dina haténa,Tapi nu ngabingbing léngkahna mah Yéhuwa. 10  Putusan nu kaluar tina biwir saurang raja téh kudu sajalan jeung pituduh ti Allah. Manéhna kudu adil. 11  Timbangan jeung ukuran nu bener téh asalna ti Yéhuwa,Anjeunna nu nangtukeun ukuran batu timbangan nu aya dina kantong. 12  Raja kudu mikangéwa lalampahan jahat,Sabab tahtana téh bisa kukuh nya ku karana kaadilan. 13  Omongan nu bener téh nyenangkeun raja-raja. Manéhna resep ka jalma nu ngomongna jujur. 14  Amarah raja bisa nyababkeun hiji jalma dipaéhan,Tapi nu bijaksana mah bisa nenangkeun raja nu keur ambek. 15  Lamun jalma dipikaresep ku raja, hirupna téh bagja,Sabab gumbirana raja téh lir méga* nu nurunkeun hujan dina usum* semi. 16  Meunangkeun kabijaksanaan téh leuwih hadé tibatan meunangkeun emas, Sarta mending kénéh milih pangarti tibatan milih pérak. 17  Jalma bener mah ngajauhan kagoréngan. Nu ngajaga jalan hirupna, ngajaga nyawana. 18  Adigung balukarna ancur,Angkuh balukarna rubuh. 19  Mending ogé rendah haté sarta babarengan jeung nu lemah lembut,Tibatan dibéré hasil jarahan ku nu angkuh. 20  Nu maké pangarti waktu nimbang-nimbang perkara tangtu meunangkeun hasil nu alus. Nu ngandelkeun Yéhuwa tangtu bagja. 21  Jalma nu haténa bijaksana mah kaciri tina pangartina,Nu omonganana pikaresepeun* téh bisa ngayakinkeun batur. 22  Pangarti hiji jalma téh lir cinyusu kahirupanana,Ari nu bodo mah dihukumna ku kabodoan sorangan. 23  Jalma nu bijaksana, méméh ngomong téh dipikir heula,Ku kituna omonganana jadi leuwih ngayakinkeun. 24  Ucapan nu nyukakeun haté téh lir madu nu nyakclakan,Nya amis nya matak jagjag kana awak.* 25  Aya nu ngarasa geus manggihan jalan nu bener,Padahal brasna kana maot. 26  Bakating ku hayang boga dahareun, nu jadi kuli tohtohan digawé. Ku sabab lapar, manéhna buru-buru digawé. 27  Jalma nu euweuh gunana mah sok nguar-nguar kagoréngan batur. Omonganana téh lir seuneu ngaléntab. 28  Tukang nyieun masalah* téh sok nyiar-nyiar pipaséaeun. Tukang pitnah misahkeun nu keur sosobatan. 29  Jalma telenges mah sok ngajak batur,Seug disasabkeun ka jalan nu salah. 30  Manéhna ngarancang siasat jahat bari ngiceupan. Tina rarayna téh kaciri manéhna keur ngalaksanakeun niat jahatna. 31  Huis jalma nu lalampahanana bener téhLir makuta nu éndah. 32  Jalma nu teu gancang ambek leuwih hadé tibatan prajurit nu perkasa. Mending kénéh bisa nahan amarah tibatan nalukkeun kota. 33  Jalma bisa waé ngalungkeun undi,*Tapi nu nangtukeun putusanana mah Yéhuwa.

Catetan Tambihan

Atawa ”nyieun rencana”.
Atawa ”méré jawaban nu bener”. As. ”méré jawaban tina létahna”.
As. ”murni”.
As. ”Gorolongkeun”.
Atawa ”asih satia”.
As. ”sieun”.
Atawa ”awan”.
Atawa ”usim”.
As. ”Nu biwirna manis”.
As. ”matak nyageurkeun tulang”.
Atawa ”Jalma licik”.
As. ”ngalungkeun undi kana lahunan”, maksudna kana bagian kaén nu nutupan pingping jalma nu keur diuk. Tingali ”Undi” dina Daptar Istilah.