Siloka 10:1-32

  • Budak bijaksana, bapa bungah (1)

  • Nu getol bakal beunghar (4)

  • Mun loba ngomong, pasti aya salahna (19)

  • Nu ngabeungharkeun téh berkah ti Yéhuwa (22)

  • Nu hormat ka Yéhuwa téh panjang umur (27)

10  Paribasa-paribasa Sulaéman. Budak bijaksana, bapa nu bungah. Ari budak bodo mah indung nu nalangsa.   Harta banda beunang teu jujur mah euweuh gunana,Tapi lalampahan nu bener bisa nyalametkeun tina maot.   Jalma bener moal diantep kalaparan ku Yéhuwa,Ari nu jahat mah angen-angenna gé bakal digagalkeun.   Nu kedul bakal miskin,Ari nu getol mah bakal beunghar.   Budak anu rajin téh ngumpulkeun hasil panén dina usum* halodo,Ari budak anu kebluk pas keur usum panén mah ngérakeun dirina sorangan.   Jalma bener bakal narima berkah,Tapi nu jahat mah nutupan niat jahatna ku ucapanana.   Jalma bener moal dipopohokeun tapi bakal diberkahan,Sabalikna nu jahat mah ngaranna gé bakal dipopohokeun.   Jalma nu bijaksana, dibéré naséhat* téh daék,Tapi nu asal ngomong mah bakal ngalaman kasusah.   Jalma jujur hirupna bakal aman,Tapi nu teu jujur mah pasti kanyahoan. 10  Tukang tipu* téh nyangsarakeun batur,Jalma nu asal ngomong bakal ngalaman kasusah. 11  Ucapan jelema bener téh jadi sumberna hirup,Tapi ucapan jalma jahat mah nutupan niat jahatna. 12  Jalma nu ngéwa ka batur osok nyiar-nyiar pipaséaeun,Tapi nu boga kanyaah mah iklas ngahampura.* 13  Jalma nu boga pangarti téh omonganana bijaksana,Tapi nu teu boga pikiran mah tonggongna kudu digebug ku tongkat. 14  Jalma bijaksana téh terus diajar sagala nu aya paédahna,Ari ucapan jalma bodo mah ngadatangkeun masalah. 15  Kakayaan ngabénténg nu beunghar, Ari nu miskin mah sangsara lantaran teu boga nanaon. 16  Lalampahan jalma bener téh nungtun kana hirup,Ari lalampahan jalma jahat mah nungtun kana dosa. 17  Jalma nu daék narima didikan téh nuduhkeun jalan kahirupan ka batur,*Tapi nu embung dipapatahan mah nyasabkeun batur. 18  Jalma nu nyumputkeun kangéwa téh omonganana bohong,Nu nyebarkeun pitnah* téh bodo. 19  Lamun jalma loba ngomong, pasti aya salahna. Ari nu ngajaga biwirna mah bijaksana. 20  Omongan jalma bener téh saibarat pérak murni,Tapi pipikiran jalma jahat mah taya hargana. 21  Omongan jalma bener téh nyegerkeun* jalma réa,Sabalikna nu bodo mah paéh ku lantaran teu boga pikiran. 22  Nu ngabeungharkeun téh berkah ti Yéhuwa,Jeung berkahna téh teu dibarengan ku kasedih. 23  Keur jalma bodo, kalakuan nu ngérakeun téh dianggap heureuy,Tapi nu bisa nimbang-nimbang mah bijaksana. 24  Naon nu dipikasieun ku jalma jahat, éta nu bakal kaalaman ku manéhna,Tapi kahayang jalma bener mah bakal dikabulkeun. 25  Sanggeus angin topan liwat, jalma jahat geus moal aya deui,Tapi jalma bener mah kawas pondasi nu salilana weweg. 26  Keur dununganana, jalma kedul téhKawas cuka nu matak linu kana huntu, kawas haseup nu matak peurih kana panon. 27  Jalma nu hormat* ka Yéhuwa téh bakal panjang umur,Ari nu jahat mah umurna pondok. 28  Harepan jalma bener téh matak ngabungahkeun,Ari harepan jalma jahat mah moal laksana. 29  Keur jalma nu hirupna bersih, sagala tindakan Yéhuwa téh jadi panyalindunganana,Tapi keur jalma nu kalakuanana jahat mah éta téh musibat. 30  Jalma bener téh hirupna bakal aman,Sabalikna nu jahat mah moal diantep hirup di bumi. 31  Jalma bener téh omonganana bijaksana,Ari sungut nu nyasabkeun mah bakal dibekem salilana. 32  Jalma bener téh nyaho kana pitutur anu nyukakeun haté,Ari nu jahat mah omonganana nyasabkeun.

Catetan Tambihan

Atawa ”usim”.
Atawa ”paréntah”.
As. ”Nu licik waktu ngiceupkeun panonna”.
Atawa ”Tapi kanyaah mah nutup sagala kasalahan”.
Atawa bisa jadi ”aya dina jalan kahirupan”.
Atawa ”gosip”.
Atawa ”ngabingbing”.
As. ”sieun”.