Jabur 31:1-24

  • Nyalindung ka Yéhuwa

    • ”Abdi masrahkeun nyawa abdi ka panangan Gusti” (5)

    • ”Yéhuwa, Allah nu satia” (5)

    • Kasaéan Allah téh sakitu seueurna (19)

Keur pamingpin musik. Lagu karangan Daud. 31  Nun Yéhuwa, ka Gusti abdi nyalindung. Abdi ulah dugi ka nanggung kaéra. Salametkeun abdi lantaran Gusti téh bener jeung adil.   Dangukeun* abdi,Énggal salametkeun abdi. Mugia Gusti jadi gunung panyumputan abdi,Bénténg nu kuat nu nyalametkeun abdi.   Gusti téh batu cadas jeung bénténg abdi. Demi nami Gusti, Gusti bakal nungtun jeung ngabingbing abdi.   Gusti bakal ngabébaskeun abdi tina jaring anu diamparkeun susulumputan,Sabab Gusti téh bénténg abdi.   Abdi masrahkeun nyawa* abdi ka panangan Gusti. Nun Yéhuwa, Allah nu satia,* Gusti tos nebus abdi.   Abdi geuleuh ka jalma nu nyembah berhala nu taya guna,Tapi abdi mah percaya ka Yéhuwa.   Abdi gumbira pisan lantaran Gusti nunjukkeun asih nu satia,Lantaran Gusti ningali kasusah abdi. Gusti terang abdi téh sakitu sangsarana.   Gusti teu nyerahkeun abdi ka musuh,Tapi abdi ditangtungkeun di tempat nu aman.*   Sing karunya ka abdi, nun Yéhuwa, lantaran abdi nuju susah. Panon abdi capé ku sangsara-sangsarana, nya kitu ogé jeung sakujur awak abdi. 10  Hirup abdi pinuh ku kasusah,Saumur-umur abdi udah-aduh. Awak téh laleuleus ku kasalahan abdi,Tulang-tulang gé beuki lemah. 11  Kabéh musuh pada moyokan,Komo deui para tatangga. Babaturan abdi sarieuneun ka abdi. Waktu ningali abdi di jalan, maranéhna lalumpatan. 12  Abdi geus leungit tina ingetan* maranéhna, dipopohokeun kawas jalma nu geus maot. Abdi téh kawas wadah anu ruksak. 13  Abdi ngadangu loba omongan jahat ngeunaan abdi. Kaayaan di sakurilingeun abdi téh pikasieuneun. Waktu maranéhna ngagabung rék ngalawan abdi,Maranéhna nyieun siasat rék maéhan abdi. 14  Tapi abdi mah percaya ka Gusti, nun Yéhuwa. Abdi bakal nyarios, ”Gusti téh Allah abdi.” 15  Hirup abdi aya dina panangan Gusti. Salametkeun abdi ti musuh-musuh sarta jalma-jalma nu nganiaya abdi. 16  Témbongkeun, Gusti téh resep ka hamba Gusti ieu. Tunjukkeun asih satia Gusti, salametkeun abdi. 17  Nun Yéhuwa, abdi ulah dugi ka nanggung kaéra waktu sasambat ka Gusti. Mugia nu jarahat nu meunang kaéra téh,Mugia sungut maranéhna dibungkem di Kuburan.* 18  Mugia biwir tukang bohong sina balem,Biwir nu sombong nu sok ngahina jalma bener. 19  Kasaéan Gusti téh sakitu seueurna! Éta disadiakeun keur jalma-jalma nu hormat* ka GustiSarta ditunjukkeun di hareupeun sadaya jalma demi jalma-jalma nu nyalindung ka Gusti. 20  Di tempat rasiah di payuneun Gusti, maranéhna bakal disumputkeunTi jalma-jalma anu boga siasat jahat. Di tempat panyalindungan Gusti, maranéhna bakal disumputkeunTi serangan jalma-jalma jahat.* 21  Mugia Yéhuwa dipuji,Sabab Anjeunna tos némbongkeun asih satia ku cara nu hébat waktu abdi aya di kota nu dikepung. 22  Abdi sieun jeung hariwang, ceuk abdi téh,”Abdi bakal musna ti payuneun Gusti.” Tapi, geuning Gusti ngadangu waktu abdi sasambat ménta tulung. 23  Hé sakabéh jalma nu satia, sing nyaah ka Yéhuwa! Yéhuwa ngajaga jalma nu satia,Tapi Anjeunna méré hukuman nu beurat ka jalma nu angkuh. 24  Hé jalma-jalma anu ngaharep ka Yéhuwa,Sing wani jeung kuat haté!

Catetan Tambihan

Atawa ”Dongko sarta dangukeun”.
As. ”roh”. Tingali Daptar Istilah.
Atawa ”Allah bebeneran”.
Atawa ”nu lega”.
As. ”haté”.
Atawa ”Syéol”. Tingali Daptar Istilah.
As. ”sieun”.
As. ”Ti létah jalma-jalma nu sok paraséa”.