Jabur 23:1-6

  • ”Yéhuwa téh Pangangon abdi”

    • ”Abdi moal kakurangan nanaon” (1)

    • ”Abdi disegerkeun ku Anjeunna” (3)

    • ”Gelas abdi dieusian nepi ka pinuh” (5)

Lagu karangan Daud. 23  Yéhuwa téh Pangangon abdi. Abdi moal kakurangan nanaon.   Abdi disina reureuh ku Anjeunna di tegalan nu pinuh ku jukut héjo. Abdi ditungtun ka tempat istirahat nu loba caina.*   Abdi disegerkeun ku Anjeunna. Abdi ditungtun ka jalan* nu bener supaya nami-Na dihormat.   Sanajan leumpang di lebak nu poék mongkléng,Abdi teu sieun cilaka,Lantaran Gusti nyarengan abdi. Tongkat Gusti ngajaga* abdi.   Gusti nyadiakeun tuangeun kanggo abdi di payuneun musuh-musuh abdi. Sirah abdi disegerkeun ku Gusti nganggo minyak. Gelas abdi dieusian nepi ka pinuh.   Saumur-umur, abdi bakal ngarasakeun kasaéan sareng asih satia Gusti. Saumur hirup, abdi bakal matuh di bumi-Na Yéhuwa.

Catetan Tambihan

Atawa bisa jadi ”nu caina tenang”.
As. ”jalan satapak”.
Atawa ”nenangkeun haté”.