Jabur 86:1-17

  • Taya Allah nu saperti Yéhuwa

    • Yéhuwa téh hampuraan (5)

    • Sadaya bangsa bakal nyembah Yéhuwa (9)

    • ”Ajarkeun paréntah Gusti ka abdi” (11)

    • ”Pengkuhkeun haté abdi” (11)

Doa Daud. 86  Nun Yéhuwa, dangukeun* sareng jawab doa abdi,Sabab abdi sangsara jeung miskin.   Jaga nyawa abdi, sabab abdi satia. Salametkeun hamba Gusti ieu nu percaya ka Gusti,Sabab Gusti téh Allah abdi.   Sing karunya ka abdi, nun Yéhuwa,Sabab abdi tos sasambat ka Gusti sadinten jeput.   Pasihan kabungah ka hamba Gusti ieu,Sabab ka Gusti, nun Yéhuwa, abdi muntang.   Nun Yéhuwa, Gusti téh bageur jeung hampuraan. Gusti téh kacida nyaahna* ka jalma nu sasambat ka Gusti.   Nun Yéhuwa, dangukeun doa abdi. Perhatikeun panyambat abdi waktu abdi ménta tulung.   Abdi sasambat ka Gusti waktu keur susah,Sabab Gusti bakal ngajawab abdi.   Taya allah nu sapertos Gusti, nun Yéhuwa. Padamelan Gusti taya bandingna.   Sadaya bangsa téh dipidamel ku Gusti. Maranéhna bakal daratang sareng sarujud di payuneun Gusti, nun Yéhuwa. Maranéhna bakal ngamulyakeun nami Gusti. 10  Gusti téh agung sarta ngadamel sagala nu hébat. Mung Gusti nyalira Allah téh. 11  Nun Yéhuwa, ajarkeun paréntah Gusti ka abdi. Abdi bakal nuturkeun pituduh Gusti nu bener. Pengkuhkeun haté abdi* ngarah abdi hormat* ka nami Gusti. 12  Nun Yéhuwa Allah abdi, abdi muji Gusti ku sapinuh haté. Abdi bakal ngamulyakeun nami Gusti salamina, 13  Sabab pohara ageungna asih satia Gusti ka abdi. Gusti gé tos nyalametkeun nyawa abdi ti Kuburan* nu jero. 14  Nun Allah, jalma-jalma nu lancang téh ngalawan abdi. Gorombolan jalma kejem ngincer nyawa abdi. Maranéhna teu sieun ka Gusti.* 15  Tapi nun Yéhuwa, Gusti téh Allah nu welas asih jeung karunyaan,Teu gancang ambek, nyaahan pisan,* sarta satia.* 16  Tingali abdi, sing karunya ka abdi. Kuatkeun sarta salametkeun abdi,Lantaran abdi ngabdi ka Gusti, sakumaha pun biang ngabdi ka Gusti. 17  Nun Yéhuwa, Gusti téh nu nulung jeung ngalilipur abdi. Pasihan abdi bukti kasaéan Gusti,Supaya éta katingali ku jalma-jalma nu ngéwa ka abdi, ku kituna maranéhna aréraeun.

Catetan Tambihan

Atawa ”dongko sarta dangukeun”.
Atawa ”jembar ku asih satia”.
Atawa ”Bantu abdi sangkan teu midua haté”.
As. ”sieun”.
Atawa ”Syéol”. Tingali Daptar Istilah.
Atawa ”Maranéhna teu nganggap Allah aya di hareupeun maranéhna”.
Atawa ”jembar ku asih satia”.
Atawa ”bisa diandelkeun”.