Jabur 36:1-12

  • Asih satia Allah nu sakitu luhurna

    • Jelema jahat teu boga kasieun ka Allah (1)

    • Allah téh sumbering hirup (9)

    • ”Ku cahaya Gusti, abdi sadaya tiasa ningal caang” (9)

Keur pamingpin musik. Jabur karangan Daud, hamba Yéhuwa. 36  Dosa ngaharéwos di jero haté jelema jahat. Jelema éta teu boga kasieun ka Allah.   Ceuk pamikirna téh dirina hébat pisan. Manéhna teu ngarasa boga salah sarta teu mikageuleuh kasalahanana.   Biwirna nipu, omonganana pikanyerieun haté. Manéhna teu ngarti carana ngalampahkeun nu hadé.   Di tempat saréna gé manéhna nyusun siasat jahat. Manéhna nuturkeun jalan nu salah,Manéhna teu nolak kagoréngan.   Nun Yéhuwa, asih satia Gusti nepi ka langit,Kasatiaan Gusti nepi ka awan.   Kaadilan Gusti lir gunung-gunung nu megah.* Putusan hukum Gusti lir laut nu jero jeung lega. Manusa jeung sasatoan diurus* ku Gusti, nun Yéhuwa.   Nun Allah, sakitu luhurna asih satia Gusti! Manusa nyalindung dina kalangkang* jangjang Gusti.   Maranéhna ngadahar dahareun nu panghadéna* ti bumi Gusti nepi ka puasSareng dipasihan nginum kahadéan Gusti nu ngalir kawas walungan.   Gusti téh sumbering hirup. Ku cahaya Gusti, abdi sadaya tiasa ningal caang. 10  Mugia Gusti terus némbongkeun asih satia ka jalma nu kenal ka GustiSarta némbongkeun kasaéan ka jalma nu haténa bener. 11  Suku jalma sombong ulah diantep nincak abdi,Leungeun jalma jahat ulah diantep ngusir abdi. 12  Tuh, nu jarahat tinggolépak. Maranéhna ngajoprak jeung teu bisa hudang deui.

Catetan Tambihan

As. ”gunung-gunung Allah”.
Atawa ”disalametkeun”.
Atawa ”bayangan”.
As. ”ngadahar gajih”.