Jabur 34:1-22

  • Yéhuwa nyalametkeun hamba-hamba-Na

    • ”Hayu urang mulyakeun nami-Na babarengan” (3)

    • Malaikat Yéhuwa téh ngajaga (7)

    • ”Pék rarasakeun jeung tingali Yéhuwa téh bageur” (8)

    • ’Tulang-tulangna hiji gé euweuh nu dipotongkeun’ (20)

Jabur karangan Daud, waktu manéhna api-api gélo di hareupeun Abimélékh, nu ngusir manéhna, tuluy Daud indit. א [Alef] 34  Abdi bakal muji Yéhuwa saban waktu,Abdi moal eureun muji Anjeunna. ב [Bet]   Abdi bakal ngagulkeun Yéhuwa. Jalma nu lemah lembut bakal ngadéngé jeung atoh. ג [Gimel]   Agungkeun Yéhuwa bareng jeung abdi,Hayu urang mulyakeun nami-Na babarengan. ד [Dalet]   Abdi ngadoa ka Yéhuwa, seug dijawab ku Anjeunna. Anjeunna ngabébaskeun abdi tina sagala kasieun. ה [He]   Jalma nu percaya ka Anjeunna rarayna marahmay. Manéhna moal bakal nandangan kaéra. ז [Zayin]   Jalma leutik ieu sasambat, ku Yéhuwa didangukeun. Anjeunna ngabébaskeun manéhna tina sagala kasusahna. ח [Het]   Malaikat Yéhuwa ngajaga* di sakurilingeun jalma nu hormat ka AnjeunnaSarta nyalametkeun maranéhna. ט [Tet]   Pék rarasakeun jeung tingali Yéhuwa téh bageur. Bagja jalma nu nyalindung ka Anjeunna. י [Yod]   Hé sakabéh umat-Na, sing hormat ka Yéhuwa,Sabab nu hormat ka Anjeunna moal kakurangan nanaon. כ [Kaf] 10  Singa-singa ngora nu kuat* gé bisa kalaparan,Tapi jalma nu ngalalayanan Yéhuwa moal kakurangan naon-naon nu hadé. ל [Lamed] 11  Ka darieu barudak, déngékeun kuring. Kuring rék ngajarkeun naon hartina hormat* ka Yéhuwa. מ [Mem] 12  Maranéh hayang teu hirup senang? Hayang teu panjang umur jeung bagja? נ [Nun] 13  Lamun hayang, jaga létah, ulah ngomong goréng. Jaga biwir, ulah nipu. ס [Samekh] 14  Jauhan nu jahat, lampahkeun nu hadé. Sing akur jeung batur sarta upayakeun karukunan ku sakuat tanaga. ע [Ayin] 15  Soca Yéhuwa merhatikeun jalma bener,Sarta cepilna ngadangukeun panyambat maranéhna ménta tulung. פ [Pe] 16  Tapi Yéhuwa teu resep ka jalma nu kalakuanana goréng. Maranéhna moal diinget-inget deui di bumi. צ [Tsade] 17  Lamun jalma bener sasambat, ku Yéhuwa didangukeun. Anjeunna ngabébaskeun maranéhna tina sagala kasusahna. ק [Qof] 18  Yéhuwa raket ka jalma nu remuk haté. Anjeunna nyalametkeun jalma nu pegat harepan.* ר [Res] 19  Jalma bener téh loba kasusahna,*Tapi Yéhuwa ngajait* manéhna tina sakabéh kasusahna. ש [Syin] 20  Anjeunna ngajaga tulang-tulang manéhna,Hiji gé euweuh nu dipotongkeun. ת [Taw] 21  Jalma jahat bakal maot ku musibat. Jalma nu ijid ka jalma bener bakal dianggap salah, tuluy dihukum. 22  Yéhuwa nebus nyawa hamba-hamba-Na. Moal aya jalma nu nyalindung ka Anjeunna nu dianggap salah.

Catetan Tambihan

As. ”masang kémah”.
Atawa ”nu jabrig”.
As. ”sieun”.
Atawa ”leutik haté”.
Atawa ”musibatna”.
Atawa ”ngangkat”.