Pindah kana eusi

Kumaha Pandangan Alkitab ngeunaan Musibat Alam?

Kumaha Pandangan Alkitab ngeunaan Musibat Alam?

Jawaban Alkitab

 Musibat alam nu kajadian ayeuna téh lain dijieun ku Allah. Sanajan kitu, Mantenna tetep merhatikeun jalma-jalma nu jadi korban ti musibat alam. Malah, musibat alam téh salah sahiji kasangsaraan nu bakal dileungitkeun ku Karajaan Allah. Mémang éta can ngawujud, tapi ayeuna Allah nyadiakeun panglilipur pikeun korban musibat alam.—2 Korinta 1:3.

 Ku naon urang bisa yakin yén musibat alam téh lain hukuman ti Allah?

 Tina Alkitab urang nyaho yén Allah ngagunakeun kakuatan alam pikeun ngahukum manusa. Tapi, hukuman ti Allah mah béda cirina jeung musibat alam.

  •   Nu jadi korban musibat alam téh bisa saha waé. Ieu béda pisan jeung hukuman ti Allah. Alkitab nyebutkeun lamun Allah ngagunakeun kakuatan alam pikeun ngahukum manusa, Mantenna mastikeun ngan jalma jahat wungkul nu dimusnakeun. Contona, basa Mantenna ngamusnakeun kota Sadumu jeung Gomora, Mantenna nyalametkeun jalma nu bageur nyaéta Elut jeung dua putrina. (Kajadian 19:29, 30) Harita, Allah ningali eusi haté unggal manusa, tuluy jalma-jalma nu jahat dimusnakeun ku Mantenna.—Kajadian 18:23-32; 1 Samuel 16:7.

  •   Biasana musibat alam téh ngadadak. Hukuman ti Allah mah teu kitu, Mantenna méré pépéling heula saacan ngahukum manusa. Jalma-jalma nu nurut kana pépéling éta dibéré kasempetan pikeun nyalametkeun diri.—Kajadian 7:1-5; Mateus 24:38, 39.

  •   Ayana musibat alam téh salah sahijina ku lantaran kalakuan manusa. Kumaha bisa? Lantaran manusa ngaruksak alam jeung nyieun wangunan di tempat nu osok aya lini, banjir, jeung nu cuacana ékstrim. (Wahyu 11:18) Jadi, éta téh akibat ti putusan manusa, teu bisa nyalahkeun Allah.—Siloka 19:3.

 Naha enya musibat alam téh tanda ti ahir jaman?

 Enya, nubuat Alkitab nyebutkeun yén bakal aya loba musibat alam di ”ahir jaman”. (Mateus 24:3; 2 Timoteus 3:1) Contona, Yésus nyebutkeun yén di jaman urang kiwari bakal aya ”bala kalaparan jeung lini di mana-mana.” (Mateus 24:7) Moal lila deui, Allah bakal ngaleungitkeun sagala kanyeri jeung kasangsaraan, kaasup musibat alam.—Wahyu 21:3, 4.

 Kumaha cara Allah mantuan korban musibat alam?

  •   Allah ngalilipur para korban liwat Firman-Na, nyaéta Alkitab. Alkitab méré nyaho yén Allah téh merhatikeun urang jeung milu sedih waktu urang sangsara. (Yesaya 63:9, Terjemahan Dunia Baru; 1 Petrus 5:6, 7) Alkitab ogé nyebutkeun yén Allah jangji engkéna musibat alam moal aya deui.​—Tingali ”Ayat-ayat Alkitab pikeun ngalilipur korban ti musibat alam.”

  •   Allah ngabantu para korban liwat umat-Na. Allah ngagunakeun umat-Na di bumi pikeun nyonto tuladan Yésus. Aya nubuat nu nyebutkeun yén Yésus bakal ngalilipur jalma ”anu hatena remuk” jeung ”nu prihatin.” (Yesaya 61:1, 2) Ayeuna, umat Allah bajoang pikeun ngalakukeun hal nu sarua.—Yohanes 13:15.

     Allah ogé ngagunakeun umat-Na pikeun ngirimkeun bantuan ka para korban musibat alam.—Rasul 11:28-30; Galata 6:10.

Saksi-Saksi Yéhuwa nyadiakeun bantuan pikeun para korban angin topan di Puerto Riko

 Naha prinsip Alkitab bisa ngabantu urang nyiapkeun diri pikeun musibat alam?

 Tangtu. Sanajan Alkitab téh lain buku panduan kasalametan, aya prinsip-prinsip dina Alkitab nu bisa ngabantu. Contona:

  •   Jieun rencana nu rék dilakukeun lamun aya musibat. Alkitab nyebutkeun, ”Jalma anu surti mah kana pibahlaeun teh awas, seug disingkahan.” (Siloka 22:3) Leuwih bijaksana lamun urang nyiapkeun heula rencana pikeun kaayaan darurat. Misalna, urang bisa nyiapkeun barang-barang darurat nu dibutuhkeun lamun aya musibat. Urang gé bisa latihan bareng jeung kulawarga, sarta ngabahas di mana tempat urang bisa ngumpul waktu aya musibat.

  •   Hirup urang leuwih penting ti batan harta banda. Alkitab nyebutkeun, ”Urang lahir ka dunya teh mawa naon? Teu mawa naon-naon! Mulang ti dunya rek mawa naon? Moal mawa naon-naon!” (1 Timoteus 6:7, 8) Waktu nyalametkeun diri, urang kudu daék ninggalkeun imah jeung harta banda. Urang kudu inget yén hirup urang leuwih penting ti batan sagala harta banda.—Mateus 6:25.