Kajadian 19:1-38

  • Lot didatangan ku malaikat (1-11)

  • Lot jeung kulawargana digeugeuwat indit (12-22)

  • Sodom jeung Gomora dibinasakeun (23-29)

    • Pamajikan Lot jadi patung uyah (26)

  • Lot jeung anak-anak awéwéna (30-38)

    • Asalna bangsa Moab jeung Ammon (37, 38)

19  Dua malaikat éta nepi di Sodom soré-soré, ari Lot keur diuk di gerbang kota Sodom. Barang ningali maranéhna, Lot nyampeurkeun tuluy sujud.  Manéhna ngomong, ”Juragan, hayu atuh nyimpang jeung mondok di bumi abdi. Engké sampéan Juragan bakal dipangumbahkeun. Saatosna, Juragan tiasa gugah énjing-énjing pikeun neruskeun perjalanan.” Maranéhna némbalan, ”Wios ah, abdi duaan mah rék meuting di lapangan wéh.”  Tapi Lot keukeuh, jadi ahirna maranéhna milu ka imah Lot. Maranéhna disuguhan kadaharan nu ngareunah jeung roti nu teu diragian, tuluy éta didahar ku maranéhna.  Saacan maranéhna saré, sakabéh lalaki di kota Sodom, ti budak leutik nepi ka aki-aki, ngabring daratang jeung ngepung imahna Lot.  Maranéhna tinggorowok ka Lot, ”Mana éta jelema-jelema anu bieu datang ka imah manéh? Kaluarkeun, rék disaréan* ku kabéhan.”  Lot kaluar manggihan maranéhna, tuluy pantona ditutupkeun.  Manéhna ngomong, ”Dulur-dulur, ulah jahat kitu atuh.  Kieu wéh, kuring boga dua budak awéwé nu parawan kénéh. Kumaha lamun ku kuring maranéhna dibawa kaluar? Pék baé ku maranéh rék dikukumahakeun gé. Tapi, dua lalaki éta ulah dikukumahakeun. Maranéhna téh geus datang ka imah kuring, jadi ku kuring wajib dibélaan.”*  Tapi ceuk maranéhna, ”Haling siah! Wawanianan siah ngatur-ngatur urang! Manéh téh urang asing nu ngan saukur numpang di dieu. Manéh ku urang bakal disiksa leuwih parah tibatan dua lalaki éta.” Maranéhna ngadorong-dorong Lot rék ngadobrak panto. 10  Jadi, dua lalaki éta ngabedol Lot ka jero imah tuluy nutup pantona. 11  Ari kabéh jalma nu di luar, ti nu ngora nepi ka nu kolot, dilolongkeun ku dua lalaki éta nepi ka maranéhna carapéeun néangan panto. 12  Tuluy dua lalaki éta ngomong ka Lot, ”Aya kénéh teu baraya manéh di dieu? Minantu lalaki, budak lalaki atawa awéwé, kabéh baraya manéh di kota ieu bawa kaluar ti dieu! 13  Abdi duaan bakal ngabinasakeun tempat ieu. Yéhuwa geus ngadéngé loba omongan goréng* ngeunaan pendudukna, ku kituna Yéhuwa ngutus urang pikeun ngabinasakeun kota ieu.” 14  Jadi, Lot indit rék ngabéjaan dua minantuna, nu bakal kawin jeung barudak awéwéna. Manéhna teterusan ngomong kieu, ”Gancang! Kaluar ti dieu, lantaran kota ieu bakal dibinasakeun ku Yéhuwa!” Tapi disangka ku para minantuna mah Lot téh keur heureuy. 15  Subuh-subuh, para malaikat ngageugeuwat Lot. Ceuk maranéhna, ”Buru! Bawa pamajikan jeung dua budak awéwé manéh, ngarah manéh teu milu dibinasakeun jeung kota ieu nu dihukum ku lantaran kasalahanana!” 16  Lot ngaengké-engké. Tapi ku lantaran Yéhuwa karunyaeun ka manéhna, dua lalaki éta nyekel leungeun Lot, pamajikanana, jeung dua budak awéwéna tuluy dibawa ka luar kota. 17  Teu lila sanggeus dua lalaki éta mawa maranéhna ka luar kota, salah sahijina ngomong, ”Gancang lumpat lamun hayang salamet! Ulah ningali ka tukang jeung ulah eureun di mana waé di daérah ieu! Lumpat ka daérah pagunungan ngarah manéh teu milu binasa!” 18  Tuluy ceuk Lot ka maranéhna, ”Ulah ka dinya atuh, Yéhuwa!* 19  Mémang Anjeun téh tos sakitu karunyaan jeung bageur* ka abdi nepi ka abdi disalametkeun. Tapi, abdi teu sanggup kabur ka daérah pagunungan mah, da abdi sieun bisi keuna ku musibat. Atuh engké abdi maot. 20  Kumaha pami abdi kabur ka kota éta waé, da deukeut. Kotana leutik deuih. Tiasa nya abdi ka dinya? Kotana leutik da, ngarah abdi salamet.” 21  Anjeunna ngajawab, ”Heug, paménta manéh dikabulkeun. Kuring moal ngabinasakeun kota éta sakumaha paménta manéh. 22  Buru, lumpat ka ditu! Kuring teu bisa nanaon saméméh manéh nepi ka ditu!” Éta sababna kota éta dingaranan Zoar.* 23  Panonpoé geus medal waktu Lot nepi di Zoar. 24  Tuluy Yéhuwa nurunkeun hujan seuneu jeung walirang ka Sodom jeung Gomora. Hujan éta téh ti langit, ti Yéhuwa. 25  Anjeunna ngabinasakeun kota-kota éta, malahan sakuliah daérah éta, kaasup sakabéh penduduk jeung pepelakan nu aya di dinya. 26  Ari pamajikan Lot, nu aya di tukang, kalah ka ngalieuk ka tukang. Jleg baé manéhna jadi patung uyah. 27  Ibrahim hudang isuk-isuk tuluy indit ka tempat manéhna ngobrol jeung Yéhuwa téa. 28  Manéhna reuwas waktu ningali Sodom jeung Gomora sarta sakuliah daérah éta. Daérah éta meni mulek ku haseup kawas haseup nu bijil tina pameuleuman nu kacida gedéna! 29  Allah téh inget kana omongana-Na ka Ibrahim. Ku kituna, waktu Allah rék ngabinasakeun kota-kota di daérah éta, nyaéta nu aya di deukeut pamatuhanana Lot, Anjeunna nitah Lot kaluar ti dinya. 30  Ka dieunakeun, Lot sieun cicing di Zoar, jadi manéhna bareng jeung dua budak awéwéna indit ti dinya tuluy cicing di hiji guha di daérah pagunungan. 31  Tuluy, anak nu cikal ngomong ka adina, ”Bapa urang geus kolot, jaba di dieu euweuh lalaki nu bisa kawin jeung urang, sakumaha kabiasaan kabéh jalma supaya boga budak. 32  Kieu wéh, si Bapa téh urang béré nginum cianggur, tuluy urang saré jeung si Bapa, ngarah urang bisa neruskeun turunan bapa urang.” 33  Jadi peuting éta, bapana disina nginum cianggur nepi ka mabok. Tuluy anak nu cikal asup sarta saré jeung bapana, tapi bapana teu nyahoeun iraha anakna saré jeung manéhna sarta iraha anakna hudang. 34  Isukanana nu cikal ngomong ka adina, ”Tadi peuting, Tétéh geus saré jeung Bapa. Engké peuting, si Bapa urang béré cianggur deui. Tah engké mah giliran manéh saré jeung Bapa, ngarah urang bisa neruskeun turunan bapa urang.” 35  Jadi, peuting éta gé bapana disina nginum cianggur nepi ka mabok. Tuluy adina asup sarta saré jeung bapana, tapi bapana teu nyahoeun iraha anakna saré jeung manéhna sarta iraha anakna hudang. 36  Geus kitu, dua budak awéwéna Lot ngandung anak bapana. 37  Nu cikal ngalahirkeun budak lalaki nu dingaranan Moab. Manéhna jadi karuhunna bangsa Moab kiwari. 38  Adina gé ngalahirkeun budak lalaki nu dingaranan Bén-ami. Manéhna jadi karuhunna bangsa Ammon kiwari.

Catetan Tambihan

Maksudna, diajak ngalakukeun hubungan séks.
Atawa ”dilindungan”.
Atawa ”ngadéngé omongan goréng nu tarik pisan”.
Lot ngomong jeung malaikat utusan Yéhuwa saolah-olah ngomong langsung jeung Yéhuwa.
Atawa ”nunjukkeun asih nu satia”.
Hartina ”Leutik”.