Pindah kana eusi

Naha Saksi-Saksi Yéhuwa Méré Bantuan ka nu Keuna Musibat?

Naha Saksi-Saksi Yéhuwa Méré Bantuan ka nu Keuna Musibat?

 Tangtu, Saksi-Saksi Yéhuwa méré bantuan waktu aya musibat. Urang méré bantuan ka nu Saksi jeung nu lain Saksi. Ieu saluyu jeung pituduh Alkitab di Galata 6:10, ”Sing getol migawe kahadean ka sing saha bae, komo ka batur sakapercayaan mah.” Urang gé ngalilipur sarta méré bantuan rohani ka para korban musibat.—2 Korinta 1:3, 4.

Cara ngaorganisasi bantuan

 Sanggeus aya musibat, para kokolot sidang di daérah musibat ngontak kabéh anggota jamaah pikeun mastikeun kasalametan jeung kabutuhan maranéhna. Tuluy, kokolot méré laporan ka kantor cabang Saksi-Saksi Yéhuwa ngeunaan kaayaan di lokasi bencana jeung bantuan naon nu geus dibikeun.

 Lamun sidang-sidang di daérah éta teu sanggup nyadiakeun bantuan, Badan Pingpinan Saksi-Saksi Yéhuwa ngatur pikeun nyadiakeunana. Hal ieu sarua jeung conto urang Kristen abad kahiji nu méré bantuan waktu aya musibat kalaparan. (1 Korinta 16:1-4) Kantor cabang di daérah musibat ngabentuk Panitia Bantuan Kemanusiaan pikeun ngaorganisasi jeung ngirimkeun bantuan. Para Saksi di daérah séjén gé ngarélakeun waktu jeung pangabogana pikeun méré bantuan.—Siloka 17:17.

Biayana

 Sumbangan nu dikirimkeun ka kantor cabang Saksi-Saksi Yéhuwa téh salah sahijina digunakeun keur mantuan korban musibat. (Rasul 11:27-30; 2 Korinta 8:13-15) Lantaran kabéh sukarélawanna euweuh nu dibayar, sumbangan bisa bener-bener digunakeun keur mantuan para korban. Urang ati-ati dina ngagunakeun sumbangan.—2 Korinta 8:20.