Kajadian 7:1-24

  • Asup kana kapal (1-10)

  • Caah Gedé sadunya (11-24)

7  Geus kitu, Yéhuwa ngomong ka Nuh, ”Manéh sakulawarga geura asup ka kapal,* sabab ceuk Kuring mah manéh téh jalma bener, béda jeung jalma-jalma nu sajaman jeung manéh.  Ti unggal sato nu teu haram, cokot tujuh,* jalu jeung bikangna. Ti unggal sato nu haram, cokot dua, jalu jeung bikangna.  Sarta ti sato nu hiber, cokot tujuh,* jalu jeung bikangna, ngarah sakabéh sasatoan éta tetep hirup di bumi.  Sabab tujuh poé deui, Kuring bakal nurunkeun hujan ka bumi nu lilana 40 poé 40 peuting. Kuring bakal ngamusnakeun sakabéh mahluk hirup jieunan Kuring ti sakuliah bumi.”  Nuh ngajalankeun sakabéh nu diparéntahkeun ku Yéhuwa.  Umur Nuh 600 taun waktu aya caah gedé di bumi.  Saacan caah gedé datang, Nuh, pamajikanana, anak-anak lalakina, jeung para minantuna asup ka kapal.  Unggal sato nu teu haram jeung nu haram, ogé unggal sato nu hiber jeung nu hirup di darat  arasup ka kapal ka tempatna Nuh sajodo-sajodo, jalu jeung bikangna, sakumaha nu diparéntahkeun ku Allah ka Nuh. 10  Tujuh poé ti harita, der aya caah gedé di bumi. 11  Waktu umur Nuh 600 taun, dina poé nu ka-17 bulan nu kadua, lawang-lawang cai di langit maruka, tuluy cai nu kacida lobana turun ti langit. 12  Hujan ngagebrét turun ka bumi 40 poé 40 peuting. 13  Poé éta kénéh, Nuh asup ka kapal bareng jeung pamajikanana, anak-anak lalakina, nyaéta Sém, Ham, jeung Yafét, sarta tilu minantuna. 14  Kabéhanana asup bareng jeung sagala jinis sato leuweung, sato piaraan, jeung sato séjénna* nu aya di bumi, sarta sagala jinis sato nu hiber, nyaéta manuk jeung kabéh sato nu jangjangan. 15  Sagala jinis sato nu hirup* arasup ka jero kapal sajodo-sajodo, nyalampeurkeun Nuh. 16  Jadi sagala jinis sato, boh jalu boh bikang, arasup sakumaha paréntah Allah ka Nuh. Geus kitu, Yéhuwa nutup panto kapal. 17  Hujan terus turun ka bumi salila 40 poé. Caina beuki ngaluhuran tuluy ngangkat éta kapal nepi ka ngambang jauh di luhureun taneuh. 18  Caina beuki ngalobaan jeung nutupan bumi, tapi ari kapalna mah ngambang dina cai. 19  Cai téh sakitu lobana, nepi ka sakabéh gunung nu luhur di sakuliah bumi katutupan ku cai. 20  Cai terus naék nepi ka kira-kira genep satengah méter* di luhureun puncak gunung-gunung. 21  Jadi kabéh mahluk hirup di bumi paraéh, nyaéta sato nu hiber, sato piaraan, sato leuweung, sato séjénna nu laleutik,* jeung sakabéh manusa. 22  Kabéh mahluk di darat nu baroga napas kahirupan paraéh. 23  Jadi Allah ngamusnakeun sakabéh mahluk hirup nu aya di bumi, kaasup manusa, sato piaraan, sato leuweung, sato nu hiber, jeung sato séjénna.* Kabéhanana dimusnakeun ti bumi. Ngan Nuh jeung kabéh nu di jero kapal nu salamet. 24  Cai terus nutupan bumi salila 150 poé.

Catetan Tambihan

Atawa ”bahtera”, nyaéta kapal gedé nu bentukna kotak siga peti.
Atawa bisa jadi ”tujuh jodo”.
Atawa bisa jadi ”tujuh jodo”.
Tingali cth. dina Kaj 1:24.
Atawa ”sato nu aya napasan”.
As. ”15 hasta”. Tingali Lamp. B14.
Katingalina ieu ngamaksudkeun sato leutik nu hirupna ngagorombol.
Tingali cth. dina Kaj 1:24.