Siloka 19:1-29

  • Nu asak pikir téh teu gancang ambek (11)

  • Pamajikan nu resep paséa téh lir hateup bocor (13)

  • Pamajikan nu bijaksana téh kurnia ti Yéhuwa (14)

  • Budak téh kudu diwarah meungpeung aya kénéh harepan (18)

  • Nu daék dipapatahan tangtu bijaksana (20)

19  Leuheung kénéh miskin tapi hirup benerTibatan bodo bari jeung sok ngabohong waé.   Teu hadé jadi jelema euweuh kanyaho téh. Nu gurunggusuh gé bakal nyieun dosa.   Jelema nincak jalan nu salah téh ku kabodoanana sorangan,Tapi haténa kalah ka ambek nyalahkeun Yéhuwa.   Nu beunghar mah boga loba sobat,Ari nu miskin mah ku babaturan sorangan gé teu dibaturan deui.   Saksi palsu moal teu dihukum,Jalma nu bohong deui bohong deui gé moal bébas tina hukuman.   Loba jalma hayang kaaku ku para pajabat,*Kabéh hayang jadi baturna jalma nu sok méré hadiah.   Nu miskin mah ku kabéh dulurna gé dipikangéwa,Komo deui ku babaturanana, pasti dijauhan. Najan teterusan ménta tulung gé, angger wéh euweuh nu ngawaro manéhna.   Jalma nu asak pikir téh ciri manéhna nyaah ka dirina sorangan. Nu ngajaga pangartina tangtu makmur.   Saksi palsu moal teu dihukum,Jalma nu bohong deui bohong deui gé pasti binasa. 10  Teu cocog mun nu barodo hirup méwah,Nya komo deui mun palayan maréntah para pangawasa. 11  Jalma nu asak pikir téh teu gancang ambek. Manéhna gé dipuji lantaran ngahampura kasalahan batur. 12  Raja nu ngagedurkeun amarah téh ibarat singa* nu guar-gaur,Sabalikna rasa gumbirana téh ibarat ciibun dina pepelakan. 13  Budak bodo nyangsarakeun bapana,Sarta pamajikan nu resep paséa téh ibarat hateup bocor nu caina terus nyakclakan. 14  Imah jeung harta téh warisan ti bapa,Tapi pamajikan nu bijaksana mah kurnia ti Yéhuwa. 15  Nu kedul mah saré waé. Nu sagala horéam bakal kalaparan. 16  Nu terus ngajalankeun paréntah Allah téh ngajaga hirupna,Tapi nu teu paduli kana jalan hirup nu bener mah bakal maot. 17  Nu némbongkeun kahadéan ka jalma leutik téh ibarat méré nginjeum ka Yéhuwa,Engké kahadéanana bakal dibales ku Anjeunna. 18  Warah budak téh meungpeung aya kénéh harepan. Mun henteu, manéh nu kudu tanggung jawab lamun budak maot.* 19  Jalma nu gedé ambek mah bakal ngarasakeun balukarna,Jeung mun ditulungan sakali téh engké ménta deui ménta deui. 20  Mun dipapatahan téh déngékeun, didikan téh kudu ditarima,Ngarah manéh jadi bijaksana. 21  Manusa nyieun loba rencana di jero haté,Tapi kahoyong* Yéhuwa nu bakal laksana mah. 22  Jelema dipikaresep téh ku lantaran boga kanyaah.*Kajeun kénéh miskin tibatan jadi tukang bohong. 23  Nu hormat* ka Yéhuwa téh bakal terus hirup. Saréna bakal tibra, manéhna gé moal cilaka. 24  Aya jelema anu ku kedul-kedulna nepi ka horéam ngahuap,Padahal leungeunna geus aya dina mangkok. 25  Nu sok moyokan kudu digebug ngarah nu teu boga pangalaman bisa mikir jeung henteu nurutan. Jalma nu boga pangarti kudu dipapatahan, ngarah kanyahona nambahan. 26  Budak nu kasar ka bapana jeung nu ngusir indungna téhNgérakeun jeung matak jadi aéb. 27  Anaking, lamun manéh geus embung dipapatahan deui,Kanyaho nu geus dipiboga ku manéh gé bakal leungit. 28  Ku saksi nu euweuh gunana, kaadilan téh diseungseurikeun. Ku nu jahat, kajahatan téh dilegleg. 29  Nu sok moyok pasti dihukum. Nu bodo, tonggongna pasti digebug.

Catetan Tambihan

Atawa ”ku jalma nu sok barangbéré”.
Atawa ”singa ngora nu jabrig”.
Atawa ”Jeung ulah ngarepkeun budak maot”.
Atawa ”tujuan”.
Atawa ”asih satia”.
As. ”sieun”.