Kajadian 18:1-33

  • Tilu malaikat ngadatangan Ibrahim (1-8)

  • Sara dijangjikeun boga budak lalaki; manéhna seuri (9-15)

  • Paménta Ibrahim keur Sodom (16-33)

18  Geus kitu, Yéhuwa ngadatangan Ibrahim di deukeut tatangkalan gedé di Mamré. Harita, manéhna keur diuk di lawang kémah pas tengah poé, pas keur panas-panasna.  Manéhna nempo aya tilu lalaki keur nangtung teu jauh ti manéhna. Beretek Ibrahim lumpat ti lawang kémah manggihan maranéhna tuluy sujud.  Ceuk manéhna, ”Yéhuwa,* pami kersa mah nyimpang heula atuh ka tempat abdi.  Engké ku abdi dipangnyandakkeun cai keur ngumbah sampéan aranjeun. Saatosna, mangga reureuh heula di handapeun tangkal.  Pan aranjeun tos sumping ka tempat abdi, kumaha pami ku abdi disiapkeun tuangeun sakedik mah supaya aranjeun jagjag deui. Saatosna, mangga waé pami badé neruskeun perjalanan.” Ceuk maranéhna, ”Mangga, ari kitu mah katampi pisan.”  Ibrahim gancang nyampeurkeun Sara nu keur aya di kémah, ceuk manéhna, ”Nyai, geuwat! Cokot tilu takeran* tipung lemes, jieun adonan, tuluy jieun roti.”  Ti dinya, Ibrahim lumpat ka tempat ingon-ingon tuluy milih sapi ngora nu alus jeung dagingna hipu. Sapina dibikeun ka palayanna sina buru-buru diolah.  Geus kitu manéhna nyokot mantéga, susu, jeung daging sapi ngora nu geus diolah téa, tuluy disuguhkeun ka tamu-tamuna. Pas maranéhna keur dahar, Ibrahim nangtung di deukeut dinya di handapeun tangkal.  Maranéhna nanya, ”Ari Sara pamajikan manéh di mana?” Ibrahim némbalan, ”Aya di kémah.” 10  Salah saurang ti maranéhna ngomong kieu, ”Kuring pasti datang deui ka dieu taun hareup, dina waktu kawas ayeuna. Sara pamajikan manéh bakal boga budak lalaki.” Ari Sara keur ngadéngékeun di lawang kémah, di tukangeun lalaki éta. 11  Ibrahim jeung Sara téh geus kolot pisan. Sara geus teu bisa deui boga budak.* 12  Jadi Sara seuri di jero haténa, ceuk manéhna, ”Aing téh pan geus kolot jaba paréot kieu, Juragan gé sarua geus kolot. Bisa kitu aing ngarasakeun bungahna boga orok?” 13  Tuluy Yéhuwa ngomong ka Ibrahim, ”Ku naon Sara bet seuri jeung ngomong, ’Bisa kitu aing ngalahirkeun? Aing téh pan geus kolot.’ 14  Mémangna aya nu mustahil keur Yéhuwa? Taun hareup, dina waktu kawas ayeuna, Kuring bakal datang deui. Sara bakal boga budak lalaki.” 15  Ku sabab sieun, Sara nyangkal, ceuk manéhna, ”Henteu seuri da!” Anjeunna ngajawab, ”Enya, manéh bieu seuri.” 16  Geus kitu, Ibrahim nganteur lalaki-lalaki éta indit. Maranéhna leumpang babarengan nepi ka hiji tempat. Di dinya, maranéhna bisa ningali ka handap ka arah Sodom. 17  Ceuk Yéhuwa, ”Kuring moal nyumput-nyumputkeun ti Ibrahim naon nu bakal dilakukeun ku Kuring. 18  Turunan Ibrahim téh bakal jadi bangsa nu gedé jeung kuat. Ku jalan manéhna, sakabéh bangsa di bumi bakal meunang berkah. 19  Kuring kenal pisan ka manéhna jeung yakin manéhna bakal maréntahkeun anak-anakna jeung sakabéh turunanana pikeun hirup sajalan jeung kahayang Yéhuwa, ku cara ngalakukeun nu bener jeung adil. Ku kituna, Kuring Yéhuwa bakal ngalaksanakeun jangji Kuring ka Ibrahim.” 20  Tuluy Yéhuwa ngomong, ”Kuring geus ngadéngé loba omongan goréng ngeunaan Sodom jeung Gomora. Dosa maranéhna téh gedé pisan. 21  Kuring rék turun, hayang mastikeun omongan goréng nu kadéngé ku Kuring téh bener atawa henteu.” 22  Geus kitu, lalaki nu dua indit ka Sodom, ari Yéhuwa mah tetep bareng jeung Ibrahim. 23  Tuluy Ibrahim nyampeurkeun Allah jeung ngomong, ”Leres kitu, Gusti bakal ngabinasakeun jalma bener bareng jeung jalma jahat? 24  Misalna, upami aya 50 jalma bener di éta kota, Gusti bakal ngabinasakeun sadayana kitu? Éta kota moal dihampura ku Gusti kitu, demi 50 jalma nu teu salah? 25  Asa teu mungkin Gusti ngabinasakeun jalma bener bareng jeung jalma jahat! Piraku jalma bener disamikeun sareng jalma jahat. Teu mungkin Gusti kitu. Maenya Hakim sakuliah bumi teu adil?” 26  Ku Yéhuwa ditémbalan, ”Lamun aya 50 jalma bener di Sodom, saeusi kota bakal dihampura ku Kuring demi maranéhna. 27  Tapi Ibrahim ngomong deui, ”Punten Yéhuwa, abdi ngawani-wanikeun nyarios deui, sanajan abdi téh ngan saukur kekebul jeung lebu. 28  Bilih ieu mah, 50 jalma bener téh ngurangan lima, kota éta angger bakal dibinasakeun moal?” Ku Anjeunna ditémbalan, ”Kuring moal tulus ngabinasakeun lamun di dinya aya 45 jalma bener.” 29  Tapi Ibrahim nanya deui, ”Kumaha pami aya 40 jalma bener di dinya?” Allah némbalan, ”Kuring moal tulus ngabinasakeun demi nu 40 éta.” 30  Manéhna nanya deui, ”Punten Yéhuwa, ulah ambek nya, abdi badé naros deui: Kumaha pami di dinya ngan aya 30?” Allah némbalan, ”Kuring moal tulus ngabinasakeun lamun di dinya aya 30.” 31  Manéhna nanya deui, ”Punten Yéhuwa, abdi ngawani-wanikeun nyarios deui: Kumaha pami di dinya ngan aya 20?” Allah némbalan, ”Kuring moal tulus ngabinasakeun demi nu 20 éta.” 32  Tungtungna manéhna ngomong, ”Punten Yéhuwa, ulah ambek nya, abdi badé naros sakali deui: Kumaha pami di dinya ngan aya sapuluh?” Anjeunna némbalan, ”Kuring moal tulus ngabinasakeun demi nu sapuluh éta.” 33  Sanggeus ngomong jeung Ibrahim, Yéhuwa indit. Ari Ibrahim mah balik ka kémahna.

Catetan Tambihan

Ibrahim ngomong jeung malaikat utusan Yéhuwa saolah-olah ngomong langsung jeung Yéhuwa.
As. ”takeran séa”. 1 séa = 7,33 L. Tingali Lamp. B14.
Atawa ”geus teu haid deui”.