Nu Ditulis ku Yahya 5:1-47

  • Lalaki gering dicageurkeun di Bétzata (1-18)

  • Isa dibéré kawasa ku Bapana (19-24)

  • Nu maot bakal ngadéngé sora Isa (25-30)

  • Kasaksian ngeunaan Isa (31-47)

5  Sanggeus éta, Isa indit ka Yérusalém sabab aya parayaan urang Yahudi.  Di Yérusalém, di deukeut Gapura Domba, aya kolam nu dina basa Ibrani disebut Bétzata. Kolam ieu dikurilingan ku lima lorong.  Dina lorong-lorong éta, tinggalolér loba jalma nu gering, lolong, pincang, jeung lumpuh.  *——  Tapi di dinya, aya saurang lalaki nu gering salila 38 taun.  Ningali manéhna ngagolér jeung nyaho manéhna geus gering sakitu lilana, Isa ngomong ka manéhna, ”Bapa hayang cageur?”  Ceuk nu gering éta, ”Pa, euweuh nu mantuan abdi ancrub ka kolam pas caina oyag. Kakara gé rék ka dinya, geus kapiheulaan ku batur.”  Isa ngomong, ”Geura nangtung! Cokot samakna,* sok leumpang.”  Manéhna langsung cageur, nyokot samakna, tuluy leumpang. Harita téh keur poé Sabat. 10  Jadi, urang Yahudi ngomong ka jalma nu dicageurkeun éta, ”Ieu poé Sabat, manéh teu meunang mamawa samak.” 11  Tapi manéhna ngajawab, ”Tadi, jelema nu nyageurkeun urang ngomong kieu, ’Cokot samakna tuluy leumpang.’” 12  Maranéhna nanya, ”Saha jelema nu nitah manéh nyokot samak tuluy leumpang?” 13  Tapi lalaki nu dicageurkeun éta teu apaleun saha nu nitahna, sabab Isa geus nyulusup ka tengah jalma réa nu ngagimbung. 14  Geus kitu, Isa panggih jeung manéhna di bait tuluy ngomong, ”Ayeuna Bapa geus cageur. Ulah nyieun dosa deui, bisi matak leuwih cilaka.” 15  Lalaki éta indit jeung méré nyaho urang Yahudi, nu nyageurkeun manéhna téh Isa. 16  Éta sababna, urang Yahudi ngamusuhan Isa pédah Isa ngalakukeun hal-hal ieu pas poé Sabat. 17  Tapi Isa ngomong ka maranéhna, ”Bapa urang sorangan terus digawé nepi ka ayeuna, nya urang gé terus digawé.” 18  Ku sabab éta, urang Yahudi beuki hayang maéhan Isa sabab ceuk maranéhna mah Isa lain saukur ngalanggar Sabat, tapi ogé nyebut Allah téh Bapana, nyaruakeun dirina jeung Allah. 19  Ku kituna, Isa ngomong ka maranéhna, ”Urang ngomong nu sabener-benerna, Putra teu bisa ngalakukeun nanaon ku kahayangna sorangan, tapi ngan nyonto naon nu dilakukeun ku Bapa. Naon waé nu dilakukeun ku Bapa, éta ogé nu dilakukeun ku Putra. 20  Bapa nyaah ka Putra, matakna Anjeunna némbongkeun sagala nu dilakukeuna-Na ka Putra. Bapa gé bakal némbongkeun hal-hal nu leuwih hébat deui ka Putra, sangkan maranéh tajub. 21  Sakumaha Bapa ngahirupkeun deui nu maot, Putra ogé ngahirupkeun saha waé sakahayang manéhna. 22  Bapa teu ngahakiman saha-saha, sabab tugas ngahakiman mah geus dipasrahkeun ka Putra, 23  supaya kabéh jalma hormat ka Putra sakumaha maranéhna hormat ka Bapa. Anu teu hormat ka Putra sarua jeung teu hormat ka Bapa nu ngutus manéhna. 24  Urang ngomong nu sabener-benerna, saha waé nu ngadéngé omongan urang jeung percaya ka Bapa nu ngutus urang bakal meunangkeun hirup langgeng. Manéhna moal dihakiman tapi bakal hirup, sanajan tadina mah kudu maot. 25  ”Urang ngomong nu sabener-benerna, engké aya mangsana, malah ti ayeuna, nu maot bakal ngadéngé sora Putra manusa. Saha waé nu merhatikeun bakal hirup. 26  Bapa téh sumberna kahirupan,* jadi Anjeunna gé méré kawasa ka Putra pikeun méré kahirupan. 27  Bapa ogé méré manéhna kawasa pikeun ngahakiman, sabab manéhna téh Putra manusa. 28  Ulah héran kana hal ieu, sabab bakal datang mangsana kabéh nu aya di jero kuburan* bakal ngadéngé sorana 29  tuluy kalaluar. Nu ngalampahkeun hal-hal hadé bakal dihirupkeun pikeun meunangkeun hirup langgeng, tapi nu ngalampahkeun hal-hal jahat bakal dihirupkeun pikeun dihakiman. 30  Urang teu bisa ngalakukeun nanaon ku kahayang sorangan. Urang ngahakiman téh dumasar kana naon nu diucapkeun ku Bapa. Cara urang ngahakiman téh adil, sabab urang teu nuturkeun kahayang sorangan, tapi nuturkeun kahayang Anjeunna nu ngutus urang. 31  ”Lamun ngan urang sorangan nu méré kasaksian ngeunaan diri urang, kasaksianana teu bener. 32  Tapi, aya deui nu méré kasaksian ngeunaan urang. Urang apal kasaksianana téh bener. 33  Maranéh geus ngirim utusan ka Yahya, jeung manéhna geus méré kasaksian nu bener. 34  Sabenerna urang mah teu butuh kasaksian ti jelema. Tapi, urang ngomong kieu téh supaya maranéh bisa salamet. 35  Manéhna téh ibarat lampu nu hurung caang. Saharitaeun mah maranéh téh resep pisan kana caangna. 36  Tapi, aya nu leuwih hébat tibatan kasaksianana Yahya, nyaéta pagawéan nu ditugaskeun ku Bapa ka urang, nu keur dijalankeun ku urang. Éta jadi bukti urang téh diutus ku Bapa. 37  Bapa nu ngutus urang gé méré kasaksian ngeunaan urang. Maranéh teu pernah ngadéngé sora-Na atawa ningali wujud-Na, 38  firman-Na gé teu disimpen dina haté maranéh, sabab maranéh teu percaya ka jalma nu diutus ku Bapa. 39  ”Maranéh ngarulik Kitab Suci sabab disangkana maranéh bakal meunangkeun hirup langgeng ti dinya. Tah, sabenerna Kitab Suci téh méré kasaksian ngeunaan urang. 40  Tapi, maranéh embung datang ka urang sangkan bisa hirup. 41  Urang teu hayang dipuji-puji ku manusa, 42  ari maranéh mah sabalikna. Urang nyaho maranéh teu nyaah ka Allah. 43  Urang datang mawa ngaran Bapa urang, tapi teu ditarima ku maranéh. Ari batur nu datang mawa ngaranna sorangan, ditarima ku maranéh. 44  Kumaha maranéh rék percaya, da maranéh mah hayang dipuji-puji ku batur jeung teu néangan pujian ti Allah nu ésa? 45  Ulah nyangka urang rék nuduh maranéh di hareupeun Bapa, nu nuduh maranéh mah Musa, jalma nu dipercaya ku maranéh. 46  Lamun bener maranéh percaya ka Musa, kuduna mah maranéh percaya ka urang, sabab Musa nulis ngeunaan urang. 47  Tapi lamun maranéh teu percaya kana tulisan manéhna, kumaha maranéh rék percaya kana omongan urang?”

Catetan Tambihan

Ayat ieu euweuh dina sababaraha naskah kuno, jadi lain bagian tina Kitab Suci nu diilhamkeun ku Allah.
Atawa ”kasurna”.
Atawa ”Bapa boga kurnia kahirupan dina diri-Na”.
Nyaéta, kuburan keur jalma nu maot nu diinget ku Allah.