1 Timotius 6:1-21

  • Palayan kudu hormat ka dunungan (1, 2)

  • Guru-guru palsu jeung beuki kana duit (3-10)

  • Pituduh keur hamba Allah (11-16)

  • Beunghar ku kahadéan (17-19)

  • Jaga naon nu geus dipercayakeun (20, 21)

6  Para palayan* kudu nganggap dununganana téh jalma anu layak dihormat, supaya ngaran Allah jeung pangajarana-Na henteu digogoréng.  Lamun dunungan maranéhna téh saiman, ulah jadi kurang hormat pédah manéhna dulur saiman, justru kudu leuwih alus ngalalayanan manéhna, sabab nu narima mangpaat tina palayanan maranéhna nu hadé téh dulur saiman nu dipikanyaah. Terus ajarkeun hal-hal ieu jeung tepikeun naséhat-naséhat ieu.  Lamun aya nu ngajarkeun pangajaran séjén nu papalingpang jeung pituduh nu bener* ti Juragan urang Isa Al-Masih, atawa ngajarkeun sangkan teu satia ka Allah,  manéhna téh sombong jeung teu nyaho nanaon. Manéhna resep pisan* ngamasalahkeun jeung ngaributkeun kekecapan. Hal-hal ieu nimbulkeun parasaan sirik, paséa, pitnah,* rasa curiga,  jeung pacékcokan nu teu eureun-eureun ngeunaan hal-hal sapélé, nu dilakukeun ku jalma-jalma nu pikiranana geus ruksak jeung geus teu ngarti kana bebeneran. Maranéhna daék ngabdi ka Allah téh pédah hayang meunang untung.  Mémang, jalma nu ngabdi ka Allah meunang kauntungan gedé, asal manéhna ngarasa puas kana pangabogana,  da urang lahir ka dunya téh teu mawa nanaon, engké urang maot gé moal mawa nanaon.  Jadi, lamun urang boga dahareun jeung pakéan,* urang bakal puas ku hal-hal éta.  Tapi, jalma nu hayang pisan jadi beunghar mah bakal kagoda, kajiret, jeung kabeulit ku rupa-rupa kahayang anu euweuh gunana jeung ngarugikeun. Ku kituna, manéhna bakal ancur jeung binasa, 10  sabab beuki kana duit téh salah sahiji akar tina rupa-rupa kajahatan. Saking ku beuki-beukina kana duit, aya nu nepi ka teu boga iman deui ka Allah jeung nganyenyeri diri ku rupa-rupa kasusahan. 11  Manéh salaku hamba Allah, singkahan hal-hal éta, tapi upayakeun hal-hal nu bener, pangabdian ka Allah, iman, kanyaah, katabahan, jeung sipat lemah lembut. 12  Manéh kudu bajoang demi iman. Cekel pageuh kahirupan langgeng. Manéh geus dipilih ku Allah pikeun narima kahirupan éta jeung geus ngawawar ngeunaan kahirupan éta di hareupeun loba jalma. 13  Di hareupeun Allah nu ngajaga kahirupan sagala mahluk, jeung di hareupeun Isa Al-Masih nu méré kasaksian nu alus ka Pontius Pilatus di hareupeun umum, kuring nitah 14  sangkan manéh ngajalankeun paréntah ieu sahadé-hadéna ngarah euweuh nu ngagogoréng manéh nepi ka waktuna Juragan urang Isa Al-Masih némbongkeun kamulyaanana. 15  Dina waktu nu geus ditetepkeun, Pangawasa anu bagja éta bakal némbongkeun kamulyaanana. Manéhna téh Raja nu ngawasaan sakabéh raja jeung Juragan nu ngawasaan sakabéh juragan. 16  Manéhna téh hiji-hijina nu teu bisa maot, nu cicing dina caang nu moal bisa didatangan, nu can pernah jeung teu bisa ditingali ku manusa. Mugia manéhna dihormat jeung mugia kakuatan manéhna aya salilana. Amin. 17  Papatahan* jalma-jalma nu beunghar dina jaman* ayeuna supaya ulah sombong jeung ulah ngandelkeun kakayaan nu bisa béak, tapi ngandelkeun Allah nu ngalimpahkeun sagala kanikmatan keur urang. 18  Béré nyaho maranéhna sangkan nyieun kahadéan, jadi beunghar ku kahadéan, béréhan, resep babagi, 19  sarta nyéngcéléngan harta rohani keur jaminan dina mangsa ka hareup, ngarah maranéhna bisa nyekel pageuh kahirupan nu sajati. 20  Timotius, jaga naon nu geus dipercayakeun ka manéh. Tong ngadéngékeun omong kosong nu teu sajalan jeung hal-hal nu suci, sarta pamikiran nu cenah mah pangaweruh tapi papalingpang jeung naon nu bener. 21  Lantaran mamérkeun pangaweruh nu siga kitu, aya nu nyimpang tina iman. Mugia welas asih Allah nu taya bandingna* nyarengan manéh.

Catetan Tambihan

As. ”Para palayan nu manggul kai tanggungan”. Tingali ”Kai tanggungan” dina Daptar Istilah.
Atawa ”nu nguatkeun; nu mawa mangpaat”.
Atawa ”kagéloan kana”.
Atawa ”hinaan”.
Atawa bisa jadi ”pamatuhan”.
Atawa ”Paréntahkeun”.
Atawa ”sistim dunya”. Tingali Daptar Istilah.