Wahyu nu Ditarima ku Yahya 21:1-27

  • Langit anyar jeung bumi anyar (1-8)

    • Moal aya deui nu maot (4)

    • Sagalana geus dianyarkeun (5)

  • Gambaran Yérusalém Anyar (9-27)

21  Tuluy, kuring ningali langit anyar jeung bumi anyar. Langit nu baheula jeung bumi nu baheula geus euweuh, sarta laut geus teu aya deui.  Kuring gé ningali Yérusalém Anyar, kota suci nu turun ti sorga, nyaéta ti Allah. Kota éta téh lir pangantén awéwé nu didangdanan pikeun nyambut calon salakina.  Kuring ngadéngé sora nu tarik tina tahta nu ngomong kieu, ”Kémah Allah aya di antara manusa. Anjeunna bakal cicing bareng jeung maranéhna, sarta maranéhna bakal jadi umat-Na. Allah bakal nyarengan maranéhna.  Anjeunna bakal nyusutan cipanon maranéhna. Moal aya deui nu maot. Kitu ogé moal aya deui nu sedih, ceurik, atawa ngarasa nyeri. Hal-hal nu heubeul geus sirna.”  Allah nu diuk dina tahta ngomong, ”Tempo, sagalana geus dianyarkeun ku Kuring.” Anjeunna gé ngomong, ”Tuliskeun ieu, sabab kekecapan ieu téh bener jeung bisa dipercaya.”*  Tuluy, Anjeunna ngomong ka kuring, ”Kabéh geus laksana! Kuring téh Alfa jeung Oméga,* nu awal jeung nu ahir. Saha waé nu haus, ku Kuring bakal dibéré nginum tina sumber cai kahirupan, teu kudu mayar.  Saha waé nu meunang bakal narima* hal-hal ieu. Kuring bakal jadi Allah manéhna jeung manéhna bakal jadi anak Kuring.  Sabalikna, jalma nu borangan, nu teu boga iman, nu najis jeung pikageuleuheun, tukang maéhan, nu ngalakukeun lampah cabul,* nu ngagunakeun élmu gaib,* nu nyembah berhala, jeung kabéh tukang bohong bakal dibalangkeun ka situ nu seuneuna ngagedur ku walirang. Ieu ngamaksudkeun maot nu kadua.”  Salah sahiji ti tujuh malaikat nu mawa tujuh mangkok, nu pinuh ku tujuh musibat pamungkas, datang jeung ngomong ka kuring, ”Ka dieu, kuring rék nunjukkeun pangantén awéwé, calon pamajikanana Anak Domba.” 10  Ku jalan kawasa suci, kuring dibawa ku manéhna ka gunung nu gedé jeung kacida luhurna. Manéhna némbongkeun Yérusalém, kota suci nu turun ti sorga, nyaéta ti Allah. 11  Kamulyaan kota éta téh saperti kamulyaan Allah. Kota éta gugurilapan siga batu nu mahal pisan, siga batu jasper* nu méncrang lir kristal hérang. 12  Kota éta boga témbok nu gedé jeung luhur pisan, gerbangna aya 12, jeung unggal gerbangna dijagaan ku hiji malaikat. Dina unggal gerbangna ditulis salah sahiji ngaran ti 12 kaom Israél. 13  Di beulah wétan aya tilu gerbang, di beulah kalér aya tilu gerbang, di beulah kidul aya tilu gerbang, jeung di beulah kulon aya tilu gerbang. 14  Témbok kota éta boga 12 batu pondasi. Dina masing-masing batu ditulis salah sahiji ngaran ti 12 rasul Anak Domba. 15  Malaikat nu ngomong ka kuring téh mawa hiji tongkat emas paranti ngukur kota éta, gerbang-gerbangna, jeung témbokna. 16  Kota éta téh bentukna pasagi, panjang jeung lébarna sarua. Manéhna ngukur kota maké tongkat éta, ukuranana téh kira-kira 2.220 kilométer.* Panjangna, lébarna, jeung luhurna sarua. 17  Manéhna gé ngukur témbokna, ukuranana téh kira-kira 64 méter.* Ukuran nu dipaké ku éta malaikat sarua jeung ukuran nu dipaké ku manusa. 18  Témbokna dijieun tina batu jasper,* ari kotana tina emas murni, kawas kaca ngagenclang. 19  Pondasi témbok kota éta dijieun tina rupa-rupa batu nu mahal: nu kahiji batu jasper, kadua safir, katilu kalsédon, kaopat zamrud, 20  kalima sardonik, kagenep sardis, katujuh krisolit, kadalapan béril, kasalapan topas, kasapuluh krisopras, kasabelas lazuardi, jeung kadua belas kucubung. 21  Ka-12 gerbangna téh 12 mutiara. Unggal gerbangna dijieun tina hiji mutiara. Jalan raya kota éta tina emas murni, kawas kaca ngagenclang. 22  Di dinya, kuring teu ningali aya bait, lantaran baitna téh Allah Yéhuwa Nu Mahakawasa jeung Anak Domba. 23  Kota éta teu perlu dicaangan ku panonpoé atawa bulan, lantaran kamulyaan Allah jadi caangna jeung Anak Domba jadi lampuna. 24  Kota éta bakal nyaangan jalan nu diliwatan ku bangsa-bangsa, jeung raja-raja di bumi bakal mawa kamulyaan keur kota éta. 25  Gerbang-gerbangna moal bakal ditutup, da di dinya mah ngan aya beurang, euweuh peuting. 26  Kamulyaan jeung kahormatan bangsa-bangsa bakal dibawa asup ka dinya. 27  Sagala nu najis jeung saha waé nu ngalakukeun hal-hal nu pikageuleuheun sarta sok nipu teu meunang asup. Nu meunang asup téh ngan nu ngaranna ditulis dina gulungan kahirupan milik Anak Domba.

Catetan Tambihan

Atawa ”satia”.
Atawa ”A jeung Z”. Alfa jeung Oméga téh aksara nu mimiti jeung nu pangahirna dina abjad Yunani.
As. ”ngawaris”.
Atawa ”spiritisme”. Tingali Daptar Istilah.
Atawa ”yaspis”.
As. ”12.000 setadi”. 1 setadi = 185 m.
As. ”144 hasta”.
Atawa ”yaspis”.