Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Ngarah Teu Bosen Waktu Diisolasi

Ngarah Teu Bosen Waktu Diisolasi

 Anjeun teu bisa ka mamana jeung ngarasa sepi? Mun enya, meureun anjeun gé ngarasakeun nu dirasakeun ku nu nulis jabur, ”[Abdi] kawas manuk nu nyorangan di suhuneun imah.” (Jabur 102:8) Saran-saran tina Kitab Suci bisa ngabantu anjeun ngarah teu bosen waktu diisolasi.

 Ngaraket ka Gusti

 Najan teu bisa ka mamana, anjeun bisa tetep bagja lamun ngadeukeutkeun diri ka Gusti. (Matius 5:3, 6) Bahan-bahan ieu bisa ngabantu anjeun pikeun ngadeukeutkeun diri ka Gusti.

  •   Alkitab online anu eusina bisa dipercaya jeung gampang dipikaharti

  •   Vidéo-vidéo pondok ngeunaan pangajaran dasar Kitab Suci

  •  Pananya nu Dijawab ku Alkitab”—Kumpulan artikel anu ngajawab pananya-pananya nu sering ditanyakeun ku jalma-jalma

  •  Conto Iman Maranéhna”—Kumpulan artikel nu nyaritakeun kisah jalma-jalma soléh nu dicatet dina Kitab Suci

  •  Naha Ieu Dirancang?”—Kumpulan artikel anu ngabahas ciciptaan anu éndah jeung matak tajub

 Baca ayat-ayat anu bisa nengtremkeun haté

 Meungpeung teu bisa ka mana-mana, anjeun boga loba waktu. Pék gunakeun waktu anjeun pikeun maca Kitab Suci, tapi macana ulah disakaliguskeun. Lenyepan ayat-ayatna. Anjeun gé bisa ngagunakeun waktu pikeun ngadoa. Loba jalma ngarasa jadi leuwih tengtrem sanggeus maca ayat-ayat Kitab Suci di handap ieu.—Markus 1:35.

 Pariksa ku naon di dunya ieu aya loba kajadian goréng

 Anjeun moal hariwang teuing lamun ngarti ku naon aya loba kajadian goréng di dunya jeung kumaha cara Gusti ngaleungitkeun éta kabéh.—Yésaya 65:17.

 Ulah hariwang teuing

 Artikel-artikel ieu bisa ngabantu anjeun supaya teu strés jeung teu hariwang waktu diisolasi.—Matius 6:25.

 Téangan babaturan

 Boga sobat téh penting. Sosobatan bisa nyieun anjeun jadi leuwih séhat sacara méntal jeung émosi, komo deui waktu anjeun teu bisa panggih jeung jalma-jalma. Mun anjeun keur diisolasi di imah, meureun anjeun bisa telepon atawa ngagunakeun konperénsi vidéo pikeun komunikasi jeung sobat-sobat anjeun sarta pikeun néangan sobat-sobat anu anyar. Artikel-artikel di handap ieu méré nyaho kumaha carana anjeun bisa boga sobat jeung jadi sobat anu sajati.—Siloka 17:17.

 Ulah cicing waé

 Ceuk Kitab Suci, ”Olahraga téh aya mangpaatna.” (1 Timotius 4:8, catetan handap) Éta bisa ngabantu anjeun tiis pikir jeung ngarasa bagja, pangpangna waktu anjeun keur diisolasi. Najan anjeun di imah waé jeung teu bisa ka mamana, aya hal anu bisa ngabantu anjeun tetep aktif.