Nu Ditulis ku Markus 1:1-45

  • Yahya Jurubaptis nguarkeun warta (1-8)

  • Baptisan Isa (9-11)

  • Isa digoda ku Sétan (12, 13)

  • Isa mimiti ngawawar di Galiléa (14, 15)

  • Isa ngondang murid-murid nu mimiti (16-20)

  • Ngusir roh jahat (21-28)

  • Isa nyageurkeun nu garering di Kapernaum (29-34)

  • Ngadoa di tempat nu sepi (35-39)

  • Nyageurkeun nu kusta (40-45)

1  Warta hadé ngeunaan Isa Al-Masih, Putra Allah, téh mimitina kieu:  Sakumaha nu ditulis dina kitab Nabi Yésaya, ”(Kuring ngirim utusan miheulaan* manéh, nu nyiapkeun jalan keur manéh.)  Aya jelema nu gegeroan di gurun keusik, ’Siapkeun jalan keur Yéhuwa, bersihan jalan éta!’”  Harita, Yahya Jurubaptis keur aya di gurun keusik. Manéhna ngabéjaan jalma-jalma sangkan dibaptis sabagé tanda maranéhna geus tobat, ngarah dosa-dosana dihampura.  Kabéh jalma ti sakuliah Yudéa jeung kabéh penduduk Yérusalém ngabrul daratang ka manéhna. Maranéhna terus terang ngaku kana dosa-dosana, tuluy ku Yahya dibaptis* di Walungan Yordan.  Yahya téh pakéanana tina bulu onta, beubeurna tina kulit, dahareunana simeut jeung madu leuweung.  Ieu nu diuarkeun ku manéhna, ”Sanggeus urang, bakal datang jalma nu leuwih hébat tibatan urang. Dongko jeung ngaleupaskeun tali sendalna gé urang mah teu pantes.  Urang ngabaptis ku cai, ari manéhna mah ngabaptis ku kawasa suci.”  Teu lila ti harita, Isa datang ti Nazarét di Galiléa jeung dibaptis ku Yahya di Walungan Yordan. 10  Barang kaluar tina cai, Isa ningali langit muka jeung kawasa suci nu siga manuk japati eunteup ka manéhna. 11  Tuluy aya sora ti langit, ”Manéh téh Putra Bapa.* Bapa* nyaah jeung resep ka manéh.” 12  Harita kénéh, manéhna digerakkeun ku kawasa suci indit ka gurun keusik. 13  Manéhna aya di gurun keusik salila 40 poé, tuluy digoda ku Sétan. Di dinya gé aya sasatoan liar. Geus kitu, manéhna diladénan ku para malaikat. 14  Sanggeus Yahya ditéwak, Isa indit ka Galiléa ngawawarkeun warta hadé ti Allah. 15  Ceuk manéhna, ”Ayeuna geus waktuna, jeung Pamaréntahan Allah geus deukeut. Geura tarobat, sing percaya ka warta hadé ieu.” 16  Pas mapay basisir Situ Galiléa, manéhna panggih jeung Simon sarta adina Simon, nyaéta Andréas. Maranéhna keur ngajaring lauk da pagawéanana téh nalayan. 17  Ceuk Isa, ”Hayu milu jeung urang. Ku urang, maranéh rék diajarkeun ngala jelema.” 18  Harita kénéh jaringna diculkeun, tuluy maranéhna milu jeung Isa. 19  Teu jauh ti dinya, manéhna panggih jeung anak-anakna Zébédéus, nyaéta Yakobus sarta Yahya, nu aya dina parahu keur ngoméan jaring. 20  Isa langsung ngageroan maranéhna. Jadi maranéhna ninggalkeun Zébédéus, bapana, nu keur bareng jeung para pagawéna dina parahu, tuluy nuturkeun Isa. 21  Geus kitu, maranéhna arindit ka Kapernaum. Pas keur poé Sabat, Isa asup ka tempat ibadah jeung ngajar di dinya. 22  Jalma-jalma tarajub kana cara manéhna ngajar lantaran pangajaran manéhna asalna ti Allah,* teu siga ahli-ahli Torét. 23  Harita di tempat ibadah, aya lalaki nu kasurupan ku roh jahat. Manéhna ngagorowok, 24  ”Rék naon manéh ka dieu, Isa urang Nazarét? Rék ngabinasakeun urang? Urang nyaho pisan manéh téh Nu Suci utusan Allah!” 25  Tapi ku Isa dibentak, ”Jempé, kaluar ti manéhna!” 26  Lalaki éta jadi kejang-kejang, tuluy bari ngagorowok satarik-tarikna, roh jahat éta kaluar. 27  Kabéh jalma téh arolohokeun jeung pada ngomong kieu, ”Naon ieu téh? Cara ngajarna* béda! Kawasana meni gedé pisan. Roh jahat dititah kaluar gé meni nurut.” 28  Ku kituna, carita ngeunaan manéhna gancang nyebar ka mana-mana, ka sakuliah Galiléa. 29  Sanggeus kaluar ti tempat ibadah, maranéhna indit ka imahna Simon sarta Andréas, bareng jeung Yakobus sarta Yahya. 30  Mitohana Simon nu awéwé keur ngagolér lantaran muriang, terus Isa dibéjaan. 31  Ku Isa manéhna disampeurkeun, dicekel leungeunna, jeung dibantu sina hudang. Rep muriangna cageur, tuluy manéhna ngaladénan saréréa. 32  Waktu geus peuting, jeung panonpoé geus surup, jalma-jalma daratang mawa kabéh nu garering jeung kasurupan 33  nepi ka sakabéh penduduk kota tumplek di hareupeun panto imah. 34  Jadi, manéhna nyageurkeun loba jalma gering nu panyakitna rupa-rupa, jeung ngusir loba roh jahat. Tapi, roh-roh jahat éta teu diidinan ngomong lantaran maranéhna nyahoeun manéhna téh Al-Masih.* 35  Subuh-subuh, pas poék kénéh, manéhna hudang jeung indit ka tempat nu sepi tuluy ngadoa. 36  Simon jeung murid-murid séjén néangan manéhna. 37  Pas kapanggih, maranéhna ngomong, ”Kabéh pada néangan.” 38  Tapi manéhna ngajawab, ”Hayu urang indit ka tempat séjén, ka kota-kota deukeut dieu. Urang gé kudu méré nyaho warta hadé ka urang dinya. Éta tujuan urang datang téh.” 39  Tuluy manéhna indit, ngawawar di tempat-tempat ibadah di sakuliah Galiléa jeung ngusir roh-roh jahat. 40  Harita ogé, aya jalma nu boga panyakit kusta nyampeurkeun manéhna, méménta nepi ka sujud, ngomong kieu, ”Lamun daék, Juragan bisa nyageurkeun abdi.” 41  Lantaran karunyaeun, Isa nyodorkeun leungeunna jeung nyabak manéhna bari ngomong, ”Urang daék! Heug geura cageur.” 42  Panyakit kustana langsung leungit, manéhna teu najis deui. 43  Ku Isa buru-buru dititah indit jeung diomat-omat, 44  ”Omat, ulah nyarita ka sasaha nya. Tapi, jung indit ka imam ménta dipariksa. Tuluy, béré kurban sakumaha nu diatur ku Hukum Musa ngarah maranéhna nyaho manéh téh geus cageur.” 45  Sanggeus indit, lalaki ieu kalah ka cacarita ka ditu ka dieu nepi ka nyebar ka mamana. Jadi, Isa teu bisa deui terang-terangan asup ka jero kota, tapi cicing di luar kota di tempat nu sepi. Sanajan kitu, angger jalma-jalma daratang ti mamana.

Catetan Tambihan

As. ”di hareupeun beungeut”.
Atawa ”diteuleumkeun”.
As. ”Kuring”.
As. ”Kuring”.
As. ”manéhna ngajar cara jalma nu boga wewenang”.
Atawa ”Pangajaranana”.
Atawa bisa jadi, ”nyahoeun saha manéhna téh”.