Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Cara Nyanghareupan Parasaan Capé ku Sabab Pandémi

Cara Nyanghareupan Parasaan Capé ku Sabab Pandémi

 Na pandémi COVID-19 ieu nyieun anjeun jadi ngarasa capé? Nu ngarasa kitu téh teu ngan anjeun sorangan. Salila pandémi, jalma-jalma téh kudu nyieun parobahan dina hirupna. Direktur Regional Organisasi Kesehatan Dunia untuk Eropa, Dr. Hans Kluge ngomong, ”Loba jalma geus nyieun loba pangorbanan supaya teu beunang COVID-19. . . Dina kaayaan siga kieu, wajar lamun urang ngarasa capé jeung teu sumanget.”

 Lamun anjeun ngarasa capé ku karana pandémi ieu, ulah leutik haté. Aya loba jalma bisa nyanghareupan nu sulit ieu ku lantaran maca Kitab Suci. Kitab Suci gé bisa ngabantu anjeun.

 Naon parasaan capé ku sabab pandémi téh?

 Parasaan capé waktu pandémi téh lain panyakit. Ieu téh parasaan nu sok dirasakeun ku jalma-jalma ku sabab pandémi nu teu anggeus-anggeus. Ku lantaran pandémi, maranéhna jadi hariwang jeung kahirupanana jadi barobah. Mémang réaksi unggal jalma téh béda-béda, tapi biasana aya hal-hal nu dirasakeun ku unggal jalma. Contona:

  •   Teu sumanget

  •   Kabiasaan dahar jeung saré barobah

  •   Gancang ambek

  •   Jadi strés waktu ngalakukeun hal-hal nu biasana mah gampang dilakukeunana

  •   Hésé konséntrasi

  •   Ngarasa teu boga harepan

 Ku naon ieu bisa ngabahayakeun?

 Ngarasa capé waktu pandémi téh bisa ngabahayakeun urang jeung batur. Lamun urang teu ngalawan parasaan éta, urang bisa jadi teu nuturkeun protokol kaséhatan deui. Lila-lila urang jadi teu paduli deui kana virus nu bahaya éta, padahal virus éta téh terus nyebar jeung maéhan loba jalma. Bisa jadi urang ngarasa capé, mun teu meunang kieu teu meunang kitu. Urang jadi hayang leuwih bébas, tapi sabenerna éta bisa ngabahayakeun urang jeung batur.

 Salila kaayaan nu hésé ieu, aya loba jalma nu geus ngarasakeun benerna kekecapan dina Kitab Suci ieu, ”Lamun maneh babari leutik hate ku kasusahan, tetela hengkerna atuh.” (Siloka 24:10) Prinsip tina Kitab Suci téh bisa ngabantu urang nyanghareupan kaayaan anu hésé, kaasup pandémi ieu.

 Naséhat-naséhat Kitab Suci naon waé nu bisa ngabantu urang ngalawan parasaan capé ku sabab pandémi?

  •   Tetep jaga jarak, tapi terus silih kuatkeun

     Ceuk Kitab Suci: ”Sobat salawasna . . . silih tulungan dina kasusah.”​—Siloka 17:17.

     Ku naon penting: Sobat sajati téh silih kuatkeun. (1 Tesalonika 5:11) Tapi ari urang tara campur gaul, éta bisa ngabahayakeun kaséhatan urang.​—Siloka 18:1.

     Pék cobaan: Sing sering ngobrol jeung babaturan liwat video call, telepon, e-mail, atawa SMS. Lamun anjeun keur ngarasa teu sumanget, pék telepon babaturan. Anjeun gé bisa sering-sering nanyakeun kabar maranéhna. Anjeun bisa nanya jeung méré nyaho carana supaya bisa nyanghareupan pandémi ieu. Téangan cara pikeun ngabantu babaturan. Ku cara-cara ieu, anjeun jeung babaturan bisa ngarasa leuwih sumanget.

  •   Mangpaatkeun kaayaan urang ayeuna

     Ceuk Kitab Suci: ”Kasempetan gunakeun sing hade-hade.”​—Epesus 5:16.

     Ku naon penting: Lamun urang bijaksana dina ngagunakeun waktu, urang bisa boga pikiran nu positif jeung teu hariwang teuing.​—Lukas 12:25.

     Pék cobaan: Tibatan urang mikirkeun hal-hal nu teu bisa dilakukeun deui, mending gé pikirkeun hal-hal nu bisa dilakukeun. Contona, anjeun jadi boga waktu jang ngalakukeun hobi. Anjeun gé jadi boga loba waktu keur kulawarga.

  •   Jieun jadwal kagiatan jeung tuturkeun

     Ceuk Kitab Suci: ”Tapi sagala prakprakanana kudu sing rapih, sing beres entep-entepanana.”​—1 Korinta 14:40.

     Ku naon penting: Loba jalma leuwih bagja jeung puas lamun maranéhna boga jadwal kagiatan.

     Pék cobaan: Jieun jadwal nu cocog jeung kaayaan anjeun, terus tuturkeun. Tangtukeun iraha rék ngagawékeun tugas sakola, pagawéan kantor, pagawéan imah, jeung hal-hal rohani. Anjeun ogé bisa ngatur waktu pikeun kulawarga, jalan-jalan ka luar imah, jeung olahraga. Sing rutin mariksa jadwal, jeung mun perlu, jadwalna bisa dirobah.

  •   Atur kagiatan nuturkeun parobahan cuaca

     Ceuk Kitab Suci: ”Jalma anu surti mah kana pibahlaeun téh awas, seug disingkahan.”​—Siloka 22:3.

     Ku naon penting: Di sababaraha tempat, parobahan cuaca nyababkeun urang hésé kaluar imah. Padahal udara nu seger jeung panonpoé téh alus keur awak sarta pikiran urang.

     Pék cobaan: Mun rék usum tiris, atur supaya rohangan-rohangan bisa meunang leuwih loba panonpoé. Rencanakeun sababaraha kagiatan di luar imah nu cocog. Anjeun bisa maké baju nu kandel waktu kaluar imah.

     Mun rék usum panas, loba jalma ngalakukeun kagiatan di luar. Jadi, urang kudu ati-ati. Tangtukeun anjeun rék indit ka mana, jeung pastikeun waktu anjeun ka ditu, tempatna téh keur sepi.

  •   Terus tuturkeun protokol kaséhatan

     Ceuk Kitab Suci: ”Ari nu bodo mah sok lalawora jeung sologoto.”​—Siloka 14:16.

     Ku naon penting: COVID-19 téh bahaya pisan, lamun urang teu ati-ati urang gé bisa beunang.

     Pék cobaan: Sing rutin mariksa protokol kaséhatan nu aya di daérah anjeun. Pék pikirkeun, ’Na urang téh masih waspada atawa henteu?’ Sing inget naon nu anjeun lakukeun téh aya pangaruhna ka diri sorangan, kulawarga anjeun, jeung batur.

  •   Leuwih ngadeukeutkeun diri ka Gusti

     Ceuk Kitab Suci: ”Allah raketan, Mantenna ge tangtu ngaraketan deui.”​—Yakobus 4:8.

     Ku naon penting: Gusti bisa ngabantu anjeun nyanghareupan kabéh masalah.​—Yesaya 41:13.

     Pék cobaan: Baca Kitab Suci unggal poé. Anjeun bisa ngagunakeun jadwal maca Kitab Suci ieu.

 Anjeun bisa nanya ka Saksi-Saksi Yéhuwa, kumaha carana bisa tetep masamoan salila pandémi COVID-19. Contona di sakuliah dunya, maranéhna ngagunakeun video conference jang pasamoan, pangéling-ngéling pupusna Nabi Isa, jeung kongrés.

 Ayat-ayat Kitab Suci nu bisa ngabantu anjeun ngalawan parasaan capé waktu pandémi

 Yesaya 30:15: ”Pihapekeun diri ka Kami, tan wande maraneh kuat jeung reugreug.”

 Hartina: Percaya ka naséhat ti Gusti bisa ngabantu urang tetep tenang dina kaayaan nu hésé.

 Siloka 15:15: ”Nu [susah] hirupna teu weleh ripuh, ari anu sararenang tara kendat sukan-sukan.”

 Hartina: Pikiran nu positif bisa ngabantu urang ngarasa bagja, sanajan kaayaanana hésé.

 Siloka 14:15: ”Jalma bodo mah percayaan, ari nu binangkit mah ngawas-ngawas heula pilengkaheun.”

 Hartina: Sing tetep waspada jeung ulah mikir protokol kaséhatan nu dijieun téh teu penting.

 Yesaya 33:24: ”Moal aya anu udah-aduh ku panyakit.”

 Hartina: Gusti jangji panyakit téh bakal dimusnakeun.