Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

CARANA BÉBAS TINA STRÉS

Carana Nyanghareupan Strés

Carana Nyanghareupan Strés

Ngarah teu strés teuing, urang kudu mikirkeun kaséhatan jasmani, sikep urang ka batur, sarta tujuan jeung naon nu dianggap pangpentingna dina kahirupan. Artikel ieu bakal ngabahas saran-saran nu bisa ngabantu urang sangkan bisa leuwih sanggup nyanghareupan strés, malahan ngurangan strés.

Jalankeun Hirup Sapoé Sapoé

”Ulah salempang kumaha isukan. Kasusah mah poe ieu ge loba, ulah ditambah deui ku mikiran poe isuk.”—MATEUS 6:34.

Maksudna: Unggal poé, pasti aya kahariwangan. Tapi ulah ngabeungbeurat manéh ku kahariwangan poé isuk. Jadi, jalankeun hirup sapoé sapoé.

  • Hariwang bisa nyababkeun urang strés. Jadi, sing paham kana dua hal ieu: Hiji, aya hal-hal nu daék teu daék matak hariwang. Lamun mikirkeun teuing hal-hal éta, urang kalah ka tambah strés. Dua, naon nu dipikasieun ku urang téh can tangtu kajadian.

Tetepkeun Tujuan nu Asup Akal

”Kabijaksanaan nu ti sawarga mah . . . asup akal.”—YAKOBUS 3:17, Terjemahan Dunia Baru (NW).

Maksudna: Tong hayang sagalana sampurna. Ulah ngarepkeun nu luhur teuing ti diri sorangan atawa ti batur.

  • Sing sadar, boh urang boh batur boga watesan, aya hal-hal nu teu bisa dilakukeun. Jadi, ulah ngarepkeun hal-hal nu kaleuleuwihi. Ku kituna, urang jeung nu séjénna moal strés teuing, malah bisa meunang hasil nu leuwih alus. Salian ti éta, kudu resep heureuy. Lamun urang seuri sanajan aya nu salah, kaayaan moal jadi sérius teuing. Parasaan urang gé bakal leuwih genah.

Sing Apal Naon nu Nyababkeun Urang Strés

”Jelema bijaksana mah ayem.”​—SILOKA 17:27.

Maksudna: Parasaan négatif nyababkeun poék pikir, jadi upayakeun sangkan tetep tenang.

  • Sing apal naon nu nyababkeun urang strés jeung kumaha réaksi urang. Misalna waktu keur strés, kumaha pikiran, parasaan, jeung sikep urang? Urang gé bisa nyatet hal-hal éta. Lamun urang nyaho réaksi urang waktu keur strés, urang bakal leuwih bisa nyanghareupanana. Pikirkeun ogé carana nyingkirkeun hal-hal nu matak urang strés. Lamun teu bisa disingkirkeun, upayakeun sangkan éta teu nyieun urang strés teuing, misalna ku cara ngatur waktu atawa néangan cara nu leuwih alus pikeun ngalakukeun tugas-tugas.

  • Coba robah cara pandang urang. Nu nyababkeun urang strés can tangtu nyababkeun batur strés. Éta gumantung kana cara pandang urang. Pikirkeun tilu saran ieu:

    1. Ulah gancang goréng sangka. Misalna aya nu nyorobot antrian. Mun urang nganggap éta teu sopan, urang bisa keuheul. Mending gé urang mikir, manéhna boga alesan nu alus pikeun ngalakukeunana.

    2. Téangan hal-hal positif dina unggal kaayaan. Ti batan ngajejentul baé di ruang tunggu dokter atawa di bandara, mending gunakeun waktu keur maca buku, email, atawa ngagawékeun tugas, ngarah urang teu strés teuing.

    3. Ulah boga pikiran nu sempit. Cik pikirkeun, ’Ari isukan atawa minggu hareup, naha masalah ieu téh masih kénéh jadi masalah gedé?’ Bédakeun mana nu masalahna sérius mana nu henteu.

Sing Rapih

”Sagala prakprakanana kudu sing rapih, sing beres entep-entepanana.”​—1 KORINTA 14:40.

Maksudna: Ngalakukeun naon baé sing rapih, ulah acak-acakan.

  • Biasana, urang resep ningali hal-hal nu rapih. Tapi lamun urang sok ngaengké-engké, urang jadi strés lantaran paga wéan jadi acak-acakan, beuki numpuk, jeung teu anggeus-anggeus. Pék coba dua saran ieu:

    1. Jieun jadwal nu asup akal, prung jalankeun.

    2. Robah kabiasaan nu nyababkeun urang ngaengké-engké pagawéan.

Sing Saimbang

”Sanajan kaboga ngan saeutik oge, ari tiis pikir mah matak leuwih bagja ti batan tihothat paciweuh ngajaring angin.”​—PANDITA 4:6.

Maksudna: Jalma nu dur-duran digawé moal bisa ngarasakeun hasil tina pagawéanana lantaran geus teu boga waktu jeung tanaga.

  • Kudu boga pandangan nu asup akal kana pagawéan jeung duit. Boga leuwih loba duit can tangtu leuwih bagja atawa leuwih tenang, malah bisa jadi sabalikna. Pandita 5:12 nyebutkeun, ”Anu beunghar, lubak-libuk ge mindeng henteu bisa hees da melang ka bandana anu loba.” Jadi, leuwih hadé hirup saayana.

  • Sadiakeun waktu keur reureuh. Strés bakal leungit lamun urang ngalakukeun hal-hal nu dipikaresep ku urang. Tapi hiburan nu sipatna pasif, siga lalajo TV, moal ngurangan strés.

  • Tong ngoprék waé alat éléktronik. Ulah teterusan nempoan email, SMS, atawa média sosial. Mun teu penting-penting teuing, teu kudu mariksa email nu aya hubunganana jeung pagawéan di luar jam gawé.

Jaga Kaséhatan

”Olah raga aya gunana keur badan.”​—1 TIMOTEUS 4:8.

Maksudna: Urang bakal leuwih séhat lamun rutin olah raga.

  • Sing boga kabiasaan nu séhat. Sanggeus ngalakukeun kagiatan fisik, biasana parasaan urang leuwih genah, awak gé jadi leuwih sanggup nyanghareupan strés. Dahar dahareun nu aya gizina, jeung ulah nepi ka teu dahar. Istirahat sing cukup.

  • Ulah ngaleungitkeun strés ku cara-cara nu ngaruksak, siga ngudud atawa nyalahgunakeun narkoba jeung alkohol. Lila kalilaan, kabiasaan ieu bakal nambahan strés lantaran awak jadi ruksak, duit gé béak.

  • Lamun strésna geus teu katahan, indit ka dokter. Teu kudu éra ménta bantuan dokter.

Utamakeun Hal-Hal nu Leuwih Penting

”Terang ka anu panghadena.”​—PILIPI 1:10.

Maksudna: Pikirkeun bener-bener naon nu pangpentingna.

  • Jieun daptar, tuluy susun tugas mana nu pangpentingna. Ku kituna, bisa kanyahoan mana tugas nu kudu diutamakeun, nu bisa diengkékeun, dibikeun ka batur, atawa malah teu kudu digawékeun.

  • Salila saminggu, catet kumaha urang ngagunakeun waktu. Terus, téangan cara sangkan urang bisa ngagunakeun waktu leuwih alus. Lamun sagalana geus diatur, urang moal hariwang teuing.

  • Jadwalkeun waktu pikeun reureuh. Sanajan ngan sakeudeung, reureuh bisa ngabantu urang jagjag deui jeung ngurangan strés.

Tarima Bantuan

”Ku kasusah mah jalma teh leungit kabagjaanana, tapi ku pangbeberah mah kasusahna paler.”​—SILOKA 12:25.

Maksudna: Kekecapan nu hadé jeung ngagedékeun haté bisa ngalilipur urang.

  • Pék ngobrol jeung jalma nu bijaksana. Meureun manéhna bisa ngabantu urang ningali masalahna tina cara pandang nu béda jeung sugan manéhna bisa méré jalan kaluar nu teu kapikir ku urang. Lamun geus ngabudalkeun eusi haté, parasaan urang leuwih hampang.

  • Pénta bantuan. Naha aya nu bisa dipéntaan tulung ngagawékeun tugas urang?

  • Lamun batur gawé nyababkeun urang strés, meureun aya nu bisa dilakukeun ngarah kaayaanana jadi leuwih hadé. Misalna, naha urang bisa méré nyaho parasaan urang ka manéhna, tapi ku cara nu lemah lembut jeung bijaksana? (Siloka 17:27) Lamun geus sering diupayakeun tapi gagal waé, geus wé teu kudu sering-sering babarengan jeung manéhna.

Téangan Bingbingan ti Gusti

”Bagja jelema anu sadar kana pangabutuh rohanina.”​—MATEUS 5:3, NW.

Maksudna: Sabagé manusa, urang teu ngan saukur butuh dahareun, pakéan, jeung imah. Urang butuh bingbingan ti Gusti. Sangkan bagja, urang kudu sadar kana hal éta jeung néangan bingbingan ti Gusti.

  • Doa gedé mangpaatna. Gusti ngajak urang pikeun ’ngunjukkeun sagala kasusah ka Mantenna, sabab Mantenna anu ngurus’ urang. (1 Petrus 5:7) Ku cara ngadoa jeung mikirkeun hal-hal nu hadé, haté urang bakal tengtrem.​—Pilipi 4:6, 7.

  • Baca bacaan nu bisa ngaraketkeun urang jeung Gusti. Saran-saran nu dibahas dina majalah ieu téh dasarna tina Alkitab, nu ditulis pikeun méré bingbingan ka urang sarta nambahan ”hikmah, jeung akal budi” urang. (Siloka 3:21) Mangga baca Alkitab, misalna kitab Siloka. Sadérék bakal resep macana.